Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI

Abdi Ningali, Yéhuwa téh Bageur jeung Hampuraan

Abdi Ningali, Yéhuwa téh Bageur jeung Hampuraan
  • LAHIR TAUN: 1954

  • NAGRI ASAL: KANADA

  • KASANG TUKANG: TUKANG TIPU JEUNG TUKANG JUDI

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA:

Abdi digedékeun di hiji daérah nu miskin di kota Montreal. Basa abdi kakara umur genep bulan, bapa abdi maot. Ahirna, indung abdi kudu ngurus kabéh tanggung jawab kulawarga. Abdi téh budak bungsu jeung boga tujuh lanceuk.

Ti leuleutik, kahirupan sapopoé abdi téh teu jauh ti narkoba, judi, gelut, jeung tindakan kriminal. Basa umur sapuluh taun, abdi digawé jadi tukang suruh di tempat palacuran jeung réntenir. Abdi sering ngabohong jeung resep nipu. Lamun batur katipu, asana téh meni puas. Éta nyieun abdi jadi katagihan nipu batur.

Basa umur 14, abdi beuki jago nipu batur. Contona abdi meuli jam tangan, gelang, jeung cingcin nu dilapis emas. Terus barang-barang éta dicap boga kadar emas 14 karat, tuluy ku abdi dijual di jalan jeung di parkiran tempat balanja. Abdi puas bisa ngahasilkeun duit ku cara nu gampang. Hiji waktu, abdi bisa meunang kira-kira 115 juta rupiah ngan dina sapoé!

Waktu umur 15, abdi dikaluarkeun tina sakola keur budak baong. Jadi abdi saré di jalan, taman, atawa imah babaturan.

Lantaran sok nipu, abdi jadi sok ditatanya ku pulisi. Tapi lantaran teu ngajual barang curian, abdi teu pernah dipanjara. Sanajan kitu, abdi sok mayar denda lantaran nipu, ngabohong, jeung jualan bari teu boga izin. Abdi gé euweuh kasieun, jadi abdi digawé jeung réntenir keur nagihan hutang batur. Pagawéan éta téh bahaya, kadang abdi gé sok mawa péstol. Malah sababaraha kali abdi digawé jeung mafia.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI:

Mimiti abdi kenal Alkitab téh waktu umur 17 taun. Kabogoh nu saimah jeung abdi mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Tapi abdi teu satuju kana pangajaran moral Alkitab. Ku kituna, abdi ninggalkeun manéhna, terus bobogohan jeung awéwé séjén. Abdi hirup saimah jeung kabogoh nu anyar éta.

Kahirupan abdi mulai barobah waktu kabogoh abdi nu anyar ogé diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa! Sanggeus manéhna nyieun parobahan, abdi kagum lantaran manéhna jadi leuwih lembut jeung sabar. Ahirna abdi satuju pikeun datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa di Balé Karajaan. Jalma-jalma nu nyambut abdi téh meni balageur jeung soméah. Béda pisan jeung jalma-jalma nu abdi kenal! Basa keur leutik, abdi teu ngarasa dipikanyaah atawa dipadulikeun ku kulawarga. Kanyaah nu ditémbongkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa téh hal nu salila ieu diarep-arep ku abdi. Jadi waktu ditawaran diajar Alkitab, abdi langsung satuju.

Naon nu diajarkeun Alkitab nyalametkeun kahirupan abdi. Abdi téh boga hutang judi nu jumlahna kira-kira 579 juta rupiah. Jadi supaya bisa ngalunasan hutang, abdi jeung dua babaturan nyieun rencana rék ngarampog. Untungna abdi teu jadi miluan! Tapi dua babaturan abdi mah indit ngarampog. Tungtungna nu hiji ditéwak, nu hiji deui dipaéhan.

Sanggeus rutin diajar Alkitab, abdi jadi sadar kudu nyieun leuwih loba parobahan. Contona, abdi diajar tina Alkitab di 1 Korintus 6:​10, ”Maling, jalma nu sarakah, tukang mabosk, tukang ngahina, jeung tukang meres moal ngawaris Pamaréntahan Allah.” Waktu maca ayat éta bari mikirkeun kaayaan abdi, abdi ceurik. Abdi sadar abdi kudu bener-bener ngarobah cara hirup abdi. (Roma 12:2) Abdi téh jalma nu kasar jeung bengis, jeung saumur hirup, abdi osok ngabohong.

Tapi, abdi ogé diajar ti Alkitab yén Yéhuwa téh bageur jeung hampuraan. (Yesaya 1:​18) Abdi ngadoa supaya Yéhuwa mantuan abdi ngarobah kabiasaan abdi baheula. Ku bantuanana, lila-lila abdi bisa ngarobah kapribadian abdi. Hiji parobahan nu pangmimitina abdi jieun téh basa abdi jeung kabogoh abdi ngesahkeun perkawinan urang.

Abdi bisa hirup kénéh ayeuna téh lantaran ngalarapkeun prinsip Alkitab

Basa umur 24 taun, abdi geus nikah jeung boga tilu budak. Ayeuna abdi kudu néangan pagawéan nu halal. Abdi teu boga pendidikan nu alus jeung teu boga babaturan nu bisa ngabantu abdi meunang pagawéan. Jadi saacan néangan pagawéan, abdi ngadoa enya-enya ka Yéhuwa. Abdi méré nyaho calon dunungan mun abdi téh rék ngarobah kahirupan jeung hayang jujur digawé. Abdi ogé ngajelaskeun yén abdi keur diajar Alkitab supaya bisa jadi jalma nu bageur. Kalolobaan calon dunungan embung narima abdi. Ahirna, sanggeus jujur nyaritakeun masalah abdi baheula, jalma nu ngawawancara abdi ngomong, ”Abdi teu boga alesanana, tapi abdi ngarasa kudu narima anjeun.” Abdi yakin éta téh jawaban doa abdi. Teu lila, abdi jeung pamajikan dibaptis jadi Saksi Yéhuwa.

MANGPAATNA PIKEUN KAHIRUPAN ABDI:

Abdi bisa hirup kénéh ayeuna téh lantaran ngalarapkeun prinsip Alkitab. Éta jadi jalan hirup abdi ayeuna. Abdi gé boga kulawarga nu bagja. Abdi yakin Yéhuwa geus ngahampura abdi, jadi abdi boga hate sanubari nu bersih.

Geus 14 taun abdi ngawula sapinuh waktu pikeun ngabantu batur diajar Alkitab. Anyaran ieu, pamajikan abdi ogé ngawula sapinuh waktu. Salila leuwih ti 30 taun, abdi geus ngabantu 22 batur gawé abdi pikeun ngawula Yéhuwa ogé. Ayeuna abdi masih indit ka tempat-tempat balanja, tapi lain keur nipu batur. Abdi ka ditu pikeun nyaritakeun iman abdi ka batur. Abdi hayang nyaritakeun harepan dina mangsa ka hareup, nyaéta hirup di dunya nu teu aya tukang tipuna.​—Jabur 37:10, 11.