Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Geus Teu Kejem Deui”

”Abdi Geus Teu Kejem Deui”
  • Lahir Taun: 1973

  • Nagri Asal: Uganda

  • Kasang Tukang: Kasar, tukang mabok, jeung hirup cabul

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di Gomba, Uganda. Kalolobaan jalma di ditu téh miskin pisan. Terus di ditu téh euweuh listrik, jadi mun peuting abdi kudu maké lampu minyak.

 Kolot abdi téh patani nu pindah ti Rwanda ka Uganda. Maranéhna melak kopi jeung cau. Engké tina cauna, bakal dijieun inuman nu disebut waragi. Kolot abdi gé ngukut hayam, embé, babi, jeung sapi. Abdi digedékeun dina kabudayaan nu ngajarkeun yén pamajikan kudu tunduk pisan ka salakina jeung teu meunang ngungkabkeun pamikiranna.

 Basa umur 23, abdi pindah ka Rwanda. Di ditu, abdi sok indit ka klub-klub tari bareng babaturan sapantar. Bakating ku sering datang ka hiji klub, abdi nepi ka dibéré kartu ku nu ngurus klubna, jadi mun rék asup teu kudu mayar. Abdi ogé resep nongton film gelut jeung kakerasan. Lingkungan jeung hiburan jiga kitu nyieun abdi jadi jalma nu kasar, tukang mabok, jeung hirup cabul.

 Taun 2000, abdi kumpul kebo jeung awéwé nu ngaranna Skolastique Kabagwira, tuluy boga tilu budak. Lantaran kabudayaan abdi, abdi ngawajibkeun pamajikan pikeun sujud pas méré salam atawa ménta hiji hal ka abdi. Abdi gé nganggap kabéh barang nu aya di imah téh boga abdi sorangan, jadi rék dikumahakeun gé nya kumaha abdi wé. Abdi gé sering ulin peuting, terus balikna jam tilu subuh bari mabok. Pas balik, abdi bakal keketrok panto, tapi mun Skolastique lila mukakeun pantona, ku abdi bakal diteunggeul.

 Harita, abdi digawé jadi pangawas di hiji pausahaan kaamanan. Gajihna téh lumayan. Pamajikan sok ngajakan abdi ka garéja Pantékosta, meureun disangkana abdi bakal barobah mun ka garéja. Tapi, da abdi mah teu minat. Sabalikna, abdi kalah ka bobogohan jeung awéwé séjén. Lantaran abdi kejem jeung hirup cabul, Skolastique mawa kabur barudak ka imah kolotna.

 Saurang babaturan nu geus kolot ngingetan abdi ngeunaan cara hirup abdi. Manéhna ngajurung abdi rujuk deui jeung Skolastique. Ceuk manéhna, barudak téh kuduna teu misah jeung bapana. Jadi taun 2005, abdi eureun nginum-nginum, ninggalkeun kabogoh abdi, terus rujuk deui jeung Skolastique. Taun 2006, urang duaan kawin. Tapi, angger wé abdi masih kasar jeung sok nyiksa pamajikan.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Taun 2008, saurang Saksi Yéhuwa nu ngaranna Joël datang ka imah. Abdi ngadéngékeun naon nu diomongkeun ku manéhna. Pikeun sababaraha bulan, manéhna jeung saurang Saksi séjénna, Bonaventure, rutin datang sarta ngabahas Alkitab jeung abdi. Abdi nanyakeun loba hal, hususna ngeunaan buku Wahyu. Sabenerna mah, abdi hayang ngabuktikeun Saksi téh salah. Misalna, maranéhna nyaho ti mana ”jelema kacida lobana” bakal hirup di bumi? Pan dina Wahyu 7:9 disebutkeun maranéhna téh ”narangtung di hareupeun tahta [Allah] jeung Anak Domba”, nyaéta Yésus Kristus. Joël sabar ngajawab pananya-pananya abdi. Manéhna nunjukkeun Yesaya 66:1. Di ditu, Allah nyebut bumi téh ”jojodog sampean” Mantenna. Jadi, jelema kacida lobana téh mémang narangtung di bumi di hareupeun tahta Allah. Abdi gé maca Jabur 37:29 nu nyebutkeun yén jalma bener téh bakal hirup salilana di bumi.

 Ahirna, abdi daék diajar Alkitab. Jadi, abdi jeung Skolastique diajar ku Bonaventure. Sanggeus diajar Alkitab, abdi jadi hayang barobah. Abdi jadi leuwih nyaah ka pamajikan. Abdi geus teu nitah manéhna sujud mun rék méré salam atawa ménta hiji hal. Terus, abdi geus teu nganggap sagala barang di imah téh milik sorangan. Abdi gé geus eureun nongton film nu eusina kakerasan. Rék barobah téh teu gampang, abdi kudu ngadalikeun diri jeung rendah haté.

Alkitab ngabantu abdi pikeun jadi salaki nu leuwih hadé

 Sababaraha taun saacanna, abdi mihapékeun budak nu panggedéna, Christian, ka baraya nu aya di Uganda. Tapi sanggeus maca Pamindo 6:4-7, abdi sadar yén abdi jeung pamajikan boga tanggung jawab ka Allah pikeun ngurus barudak. Éta téh kaasup ngajarkeun patokan hirup tina Alkitab. Abdi sakulawarga bungah pisan bisa ngumpul deui!

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi diajar yén Yéhuwa téh Allah nu jembar hampura. Abdi gé yakin Mantenna geus ngahampura dosa abdi nu baheula. Abdi bungah lantaran Skolastique miluan diajar Alkitab. Urang duaan ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis bareng tanggal 4 Désémber 2010. Ayeuna, urang duaan silih percaya jeung bungah lantaran ngajalankeun naséhat-naséhat Alkitab dina kulawarga. Pamajikan gé bungah pisan lantaran abdi langsung balik sanggeus gawé, teu kukulayaban heula. Ayeuna gé, abdi nyaah jeung ngahargaan manéhna. Abdi mutuskeun jang ngajauhan alkohol. Abdi geus teu kejem deui. Dina taun 2015, abdi diangkat jadi kokolot pikeun mantuan ngurus sidang. Abdi boga lima budak, tilu geus dibaptis.

 Basa mimiti diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, abdi teu asal percaya kana nu diajarkeun ku maranéhna. Tapi, abdi tajub lantaran maranéhna ngagunakeun Alkitab jang ngajawab kabéh pananya abdi. Abdi jeung Skolastique ngarti, jalma-jalma nu ngaku ibadah ka Allah nu sajati kudu nuturkeun kabéh paréntah-Na, teu ngan nuturkeun paréntah nu dipikahayang ku maranéhna wungkul. Tapi, pangpangna abdi senang pisan lantaran Yéhuwa geus narik abdi jadi anggota kulawarga-Na sacara rohani. Mun nginget-nginget deui kahirupan abdi baheula, abdi yakin ku bantuan Allah, saha waé bisa barobah jeung nyenangkeun Mantenna.