Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngajauhan Mantan Anggota Agamana?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngajauhan Mantan Anggota Agamana?

 Jalma nu geus dibaptis sabagé Saksi Yéhuwa tuluy teu ngawawar deui, atawa teu campur gaul deui jeung Saksi Yéhuwa, henteu dijauhan. Justru, urang nyumangetan manéhna supaya bisa aktif deui.

 Urang teu langsung ngaluarkeun jalma nu ngalakukeun dosa gedé ti Saksi-Saksi Yéhuwa. Tapi, lamun Saksi nu geus dibaptis terus ngalampahkeun hal nu ngalanggar papakon moral Alkitab tuluy teu daék tobat, manéhna bakal dijauhan atawa dikaluarkeun ti Saksi-Saksi Yéhuwa. Ieu dijéntrékeun dina Alkitab, ”Singkirkeun jelema doraka ti maraneh.”—1 Korinta 5:12-13.

 Kumaha lamun pamajikan atawa budak manéhna masih jadi Saksi-Saksi Yéhuwa? Hubungan rohani maranéhna mémang geus robah, tapi tatali kulawarga mah tetep. Hubungan perkawinan, kanyaah, sarta urusan dina kulawarga teu barobah.

 Jalma nu geus dikaluarkeun masih bisa datang ka acara ibadah urang. Lamun daék, manéhna ogé bisa narima bantuan rohani ti kokolot sidang. Tujuanana nyaéta supaya éta jalma nyumponan sarat pikeun jadi Saksi Yéhuwa deui. Jalma nu dikaluarkeun tapi geus henteu ngalakukeun lalampahan salah sarta geus nyaluyukeun kahirupanana jeung papakon Alkitab bisa ditarima deui di sidang.