Pindah kana eusi

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Paska?

Ku Naon Saksi-Saksi Yéhuwa Teu Ngarayakeun Paska?

Kasalahpahaman nu umum

 Mitos: Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun Paska (Easter) lantaran maranéhna lain Kristen.

 Fakta: Urang percaya yén Yésus téh Jurusalamet sarta sabisa-bisa nyonto tuladan anjeunna.—1 Petrus 2:21; Lukas 2:11.

 Mitos: Aranjeun teu percaya Yésus geus dihirupkeun deui.

 Fakta: Urang percaya Yésus geus dihirupkeun deui tina maot; éta téh dasar iman urang sarta hal nu diwawarkeun ku urang.—1 Korinta 15:3, 4, 12-15.

 Mitos: Aranjeun teu hayang barudak aranjeun bungah ngarayakeun Paska.

 Fakta: Urang nyaah ka barudak. Urang enya-enya ngadidik jeung ngabantu maranéhna sangkan bisa bagja.—Titus 2:4.

Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun Paska?

  •   Perayaan Paska teu dumasar kana Alkitab.

  •   Yésus maréntahkeun urang pikeun miéling pupusna, lain hudangna tina maot. Urang ngarayakeun Pangéling-ngéling unggal taun dina tanggal anjeunna maot dumasar kana kalénder Alkitab.—Lukas 22:19, 20.

  •   Urang percaya yén asal-usul Paska téh tina kabiasaan jalma-jalma nu nyembah déwi kasuburan. Éta sababna perayaan Paska teu kamanah ku Allah. Allah hoyong urang ngan nyembah ka Mantenna. Mantenna ogé teu resep lamun ibadah urang dicampurkeun jeung kabiasaan nu dipikangéwa ku Mantenna.—Budalan 20:5, Terjemahan Dunia Baru; 1 Raja 18:21.

 Urang yakin yén pamadegan urang pikeun teu ngarayakeun Paska téh dumasar kana Alkitab, nu ngajurung urang pikeun ngagunakeun ”hikmah, jeung akal budi” ti batan nuturkeun kabiasaan jalma réa. (Siloka 3:21; Mateus 15:3) Urang bakal ngajelaskeun kapercayaan urang ngeunaan Paska lamun aya nu nanya, tapi urang tetep ngajénan hak batur pikeun nangtukeun pilihan.—1 Petrus 3:15, 16.