Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Percaya ka Yésus?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Percaya ka Yésus?

 Tangtu. Urang percaya ka Yésus nu ngomong, ”Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” (Yohanes 14:6) Urang percaya yén Yésus datang ka bumi ti sawarga pikeun ngorbankeun kahirupanana nu sampurna pikeun nebus umat manusa. (Mateus 20:28) Lantaran Yésus geus pupus jeung dihirupkeun deui, kabéh nu iman ka anjeunna bisa meunangkeun hirup langgeng. (Yohanes 3:16) Urang gé percaya yén Yésus ayeuna geus jadi Raja Karajaan Allah di sawarga nu bakal mawa katengtreman ka sakuliah dunya. (Wahyu 11:15) Tapi, urang percaya ka kekecapan Yésus, ”Rama mah leuwih agung ti batan Kami.” (Yohanes 14:28) Jadi, urang teu nyembah ka Yésus. Urang gé teu percaya yén Yésus téh Allah nu Mahakawasa.