Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Diajar Ngeunaan Gusti ti Para Nabi

Diajar Ngeunaan Gusti ti Para Nabi

Dina jaman baheula, Gusti masihan amanat penting keur umat manusa liwat para nabi. Urang bisa diajar ngeunaan Gusti tina amanat-Na. Hayu tingali conto ti tilu nabi nu satia.

NABI IBRAHIM

Gusti teu pilih kasih jeung hayang ngaberkahan kabéh manusa.

Gusti jangji kieu ka Nabi Ibrahim, ”Kabeh bangsa ku Kami baris diberkahan, ku jalan maneh.”​—Kajadian 12:3.

Urang diajar naon? Gusti nyaah pisan ka urang jeung hayang ngaberkahan kabéh bangsa. Gusti bakal ngaberkahan kabéh jalma nu nurut ka Gusti.

NABI MUSA

Gusti téh welas asih jeung hayang ngaberkahan jalma-jalma nu daék ngaraket ka Gusti.

Sanajan Nabi Musa geus dibéré kawasa pikeun nyieun loba mujijat ku Gusti Nu Mahakawasa, manéhna masih kénéh ngadoa, ”Wartoskeun pangersa teh bade kumaha, supados abdi tiasa ngawulaanana, sareng supados tetela yen leres abdi teh kamanah.” (Budalan 33:13) Gusti resepeun Nabi Musa ménta jiga kitu, tuluy ngaberkahan manéhna. Nabi Musa dipasihan leuwih loba pamahaman jeung pangarti supaya apal kana cara pikir jeung sipat-sipat Gusti. Contona, Nabi Musa ngarti yén Nu Nyipta téh boga ”sipat welas, sipat karunya”.​—Budalan 34:6, 7.

Urang diajar naon? Gusti hayang ngaberkahan urang kabéh mun urang upaya pikeun leuwih raket ka Gusti. Dina Kitab Suci, urang dibéré nyaho kumaha carana ibadah ka Gusti. Urang gé dibéré nyaho sakumaha hayangna Gusti ngaberkahan urang.

NABI ISA

Nabi Isa nyageurkeun rupa-rupa panyakit

Urang bisa meunangkeun berkah ti Gusti mun diajar ngeunaan Nabi Isa, naon nu dilakukeunana, sarta naon nu diajarkeunana.

Dina Kitab Suci, kahirupan jeung pangajaran Nabi Isa dicaritakeun sacara rinci. Anjeunna dipasihan kawasa ku Gusti pikeun nyieun loba mujijat nu luar biasa, misalna nyageurkeun nu lolong, nu torék, sarta nu lumpuh. Malah, anjeunna gé bisa ngahirupkeun deui nu maot. Éta kabéh téh gambaran tina berkah nu bakal dipasihkeun ku Gusti ka umat manusa engkéna. Nabi Isa méré nyaho kumaha carana supaya urang bisa narima berkah éta, ”Hirup langgeng teh nya eta: Kenal ka Ama, sajatining Allah Nu Tunggal sareng ka Utusan Ama: Isa Al Masih.”​—Yohanes 17:3, Sunda Formal.

Nabi Isa téh bageur, lemah lembut, jeung daék ngarti kana parasaan batur. Lalaki, awéwé, nu ngora, nu kolot, kabéhanana ngagabung pikeun narima ondangan ti Nabi Isa ieu, ”Diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.” (Mateus 11:29) Harita, jalma-jalma téh ngarendahkeun awéwé. Tapi Nabi Isa mah ka awéwé téh bageur, ngahargaan, jeung ngajaga martabatna.

Urang diajar naon? Nabi Isa nyaah pisan ka jalma-jalma. Anjeunna gé nyontoan kumaha sakuduna sikep urang ka batur.

ISA ALMASIH TÉH UTUSAN ALLAH

Kitab Suci méré nyaho yén ”Allah teh hiji”, ari Isa Almasih mah utusan Allah. (1 Korinta 8:6) Nabi Isa sorangan gé ngajéntrékeun yén Allah leuwih agung ti batan anjeunna, sarta anjeunna diutus ku Allah ka bumi.​—Yohanes 11:41, 42; 14:28. a

a Katerangan leuwih loba ngeunaan Isa Almasih bisa ditingali dina bagian 8 jeung 9 brosur Naon Konci Hirup Bagja? dina www.pr418.com/su.