Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Gusti nu ”ngamakbul kana paneda” resep ngadangukeun doa urang.​—JABUR 65:3

Pék Terus Ngadoa Supaya Dipikaresep ku Gusti

Pék Terus Ngadoa Supaya Dipikaresep ku Gusti

Doa téh hadiah nu istiméwa ti Gusti keur manusa. Dina doa, manusa bisa komunikasi jeung ngungkabkeun parasaanna ka Gusti. Nabi Daud ngadoa, ”Gusti ngamakbul kana paneda, jalmi ti mana-mana bakal darongkap.” (Jabur 65:3) Tapi, kumaha supaya doa urang didangukeun jeung dijawab ku Gusti?

BUDALKEUN EUSI HATÉ

Waktu ngadoa, budalkeun sakabéh eusi haté anjeun ka Gusti. (Jabur 62:9) Nu Mahakawasa resep mun urang ngadoa tina haté.

SEBUTKEUN NAMI GUSTI

Gusti boga loba sebutan, misalna Nu Mahakawasa atawa Nu Nyipta. Tapi, nami-Na mah ngan hiji. ”Kami téh Yéhuwa. a Éta ngaran Kami.” (Yesaya 42:8, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Nami Yéhuwa muncul kira-kira 7.000 kali dina Kitab Suci. Loba nabi nyebutkeun nami Gusti waktu ngadoa. Misalna, Nabi Ibrahim ngadoa, ”Nun Yéhuwa Nu Maha Agung.” (Kajadian 15:2, NW) Waktu ngadoa, urang gé kudu nyebutkeun nami Gusti, nyaéta Yéhuwa.

PAKÉ BASA NU PALING DIPIKAHARTI

Gusti ngarti kabéh basa. Jadi urang rék ngadoa maké basa naon gé, Gusti ngarti kana pikiran jeung parasaan urang. Ceuk Kitab Suci, ”Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”​—Rasul 10:34, 35.

Tapi mun hayang diberkahan ku Gusti, ngadoa wungkul teu cukup. Dina bagian saterusna, urang bakal ningali naon deui nu kudu urang lakukeun.

[Catetan Handap]

a Yéhuwa téh nami Gusti nu dicatet dina Kitab Suci.