Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Carana Boga Rasa Tanggung Jawab

Carana Boga Rasa Tanggung Jawab

NAON RASA TANGGUNG JAWAB TÉH?

Jalma nu boga rasa tanggung jawab bisa diandelkeun. Mun manéhna dibéré tugas, pasti digawékeun jeung anggeus dina waktuna.

Sanajan can boga loba kabisa, budak leutik bisa diajar boga rasa tanggung jawab. Buku Parenting Without Borders nyebutkeun, ”Budak umur lima belas bulan geus bisa ngalakukeun naon nu dititah ku kolotna. Budak umur dalapan belas bulan osok nurutan naon nu dilakukeun ku kolotna. Di loba nagri, kolot geus ngajar budak, nu umurna antara lima jeung tujuh taun, pikeun babantu di imah. Budak leutik geus bisa ngalakukeun loba tugas.”

KU NAON PENTING?

Di sababaraha nagri, budak nu geus déwasa kaluar ti imah pikeun hirup mandiri, tapi loba nu ngarasa teu sanggup tuluy balik deui ka imah kolotna. Biasana ieu téh lantaran kolot teu ngajarkeun carana ngatur duit, ngurus imah, atawa ngajalankeun tugas sapopoé.

Jadi, budak téh kudu diajar ti leuleutik supaya waktu geus gedé, manéhna bisa ngajalankeun tanggung jawab. Buku How to Raise an Adult nyebutkeun, ”Kolot pasti teu hayang budakna terus gumantung ka kolotna nepi ka umur dalapan belas, ari geus kitu dititah hirup mandiri di luar imah.”

KUMAHA CARA NGAJARKEUNANA?

Béré tugas di imah.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Getol digawé téh aya mangpaatna.”​—Siloka 14:23, Terjemahan Dunia Baru.

Budak leutik biasana resep pipilueun pagawéan kolotna. Éta bisa jadi kasempetan keur kolot pikeun méré tugas di imah.

Aya kolot nu asa-asa méré tugas ka budak sualna budakna geus boga loba PR. Jadi, kolot teu téga nambahan beban budakna ku tugas di imah.

Tapi, budak nu osok ngajalankeun tugas di imah biasana leuwih pinter di sakola lantaran manéhna geus biasa ngajalankeun jeung ngaréngsékeun tugas. Salian ti éta, buku Parenting Without Borders ngajelaskeun, ”Lamun urang ngalarang budak leutik babantu di imah, engkéna manéhna bakal mikir ngabantu batur téh teu penting . . . Manéhna ogé jadi ngarepkeun batur nu bakal ngabéréskeun sagalana.”

Jadi, numutkeun buku tadi, tugas di imah téh ngalatih budak jadi jalma nu daék mantuan lain nu dibantuan, jalma nu méré lain nu dibéré. Budak jadi sadar manéhna téh bagian penting di kulawarga jeung ngarasa boga tanggung jawab nu kudu dijalankeun.

Bantu budak supaya tanggung jawab kana kasalahanana.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Denge nu mere nasehat, sing daek mulungan luang, tangtu baris boga pangabisa.”​—Siloka 19:20.

Waktu budak nyieun salah, misalna teu ngahaja ngaruksak barang batur, ulah ditutup-tutupan. Budak kudu tanggung jawab, contona ménta maap atawa ngagantian barang nu ruksak.

Lamun budak ngarti kana kasalahanana, manéhna bisa diajar pikeun

  • jujur jeung daék ngaku salah

  • teu nyalahkeun batur

  • teu nyieun loba alesan

  • ménta maap lamun perlu