Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 2

Carana Jadi Rendah Haté

Carana Jadi Rendah Haté

NAON RENDAH HATÉ TÉH?

Jalma nu rendah haté ngahargaan batur. Manéhna teu sombong atawa hayang dianggap penting ku batur. Tapi, manéhna resep merhatikeun batur jeung daék diajar ti batur.

Jalma nu rendah haté sok dianggap lemah. Tapi sabenerna, jalma nu rendah haté téh kuat lantaran sadar kana kasalahan jeung kakuranganana.

KU NAON PENTING?

  • Jalma nu rendah haté leuwih gampang boga babaturan. ”Biasana, jalma nu rendah haté leuwih gampang akrab jeung batur,” ceuk buku The Narcissism Epidemic. Disebutkeun ogé yén maranéhna ”leuwih gampang diajak ngobrol jeung loba babaturanana”.

  • Méré mangpaat pikeun mangsa kahareup. Diajar jadi rendah haté téh alus keur budak boh ayeuna boh dina mangsa kahareup, misalna waktu néangan pagawéan. Dr. Leonard Sax nulis, ”Budak ngora nu ngarasa diri hébat jeung nganggap dirina teu boga kakurangan biasana sok gagal dina wawancara gawé. Tapi, budak ngora nu bener-bener ngadéngékeun omongan nu ngawawancarana biasana leuwih gampang ditarima gawé.” *

KUMAHA CARA NGAJARKEUNANA?

Bantu budak boga pandangan nu bener ngeunaan dirina.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Anu sok ieu aing jelema penting padahal teu aya naon-naonna, sasat ngabobodo maneh.”​—Galata 6:3.

  • Ulah ngomongkeun papatah anu salah. Papatah siga ”Kabéh cita-cita anjeun pasti ngawujud” jeung ”Anjeun bisa jadi naon waé nu dipiharep” kadéngéna mah bisa ngajurung budak, tapi kanyataanana mah can tangtu ngawujud. Budak bisa leuwih suksés lamun boga cita-cita anu asup akal bari jeung satékah polah ngahontalna.

  • Béré pujian bari nyebutkeun alesanana. Saukur muji yén budak téh ”hébat” teu ngabantu manéhna jadi rendah haté. Sebutkeun alesan manéhna dipuji.

  • Béré watesan ka budak dina maké média sosial. Seringna mah média sosial téh ngajurung sipat mentingkeun diri. Jalma-jalma osok mamérkeun kabisa jeung préstasina. Éta béda pisan jeung sipat rendah haté.

  • Ajar budak pikeun gancang ménta maap. Bantu budak sadar naon kasalahanana tuluy daék ngaku salah.

Ajar budak pikeun boga rasa sukur.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Aranjeun kudu muji sukur.”​—Kolosa 3:15.

  • Ngahargaan ciciptaan. Budak kudu ngahargaan alam lantaran kahirupan urang gumantung ka alam. Urang butuh udara keur napas, cai keur nginum, jeung kadaharan. Gunakeun conto-conto ieu pikeun ngajar budak sangkan ngahargaan jeung tajub ka ciciptaan nu luar biasa.

  • Ngahargaan batur. Béré nyaho budak yén kabéh jalma boga kaleuwihan masing-masing. Ti batan sirik kana pangabisa batur, leuwih alus lamun manéhna diajar ti batur.

  • Némbongkeun panghargaan. Ajar budak Sadérék pikeun ngomong, ”Hatur nuhun,” teu ngan saukur ku kekecapan tapi mémang kaluar tina haténa. Rasa sukur ngabantu manéhna tetep rendah haté.

Ajar budak pentingna mantuan batur.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan. Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”​—Pilipi 2:3, 4.

  • Béré budak tugas di imah. Lamun budak teu dibéré tugas di imah, manéhna bakal ngarasa jadi jalma penting jeung teu pantes ngalakukeun tugas kawas kitu! Tugas di imah kudu diutamakeun ti batan ulin. Béré nyaho yén tugas éta mawa mangpaat keur kulawarga nu pasti bakal nganuhunkeun jeung ngahargaan.

  • Tandeskeun yén mantuan batur téh hal nu hadé. Ku cara mantuan batur, budak bakal leuwih déwasa. Jadi, jurung budak pikeun merhatikeun kabutuhan batur, tuluy bahas bantuan naon nu bisa dibikeun. Puji jeung dukung budak Sadérék lantaran geus daék mantuan batur.

^ par. 8 Tina buku The Collapse of Parenting.