Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Ngahampura waktu keur paséa téh ibarat keur mareuman seuneu

KEUR SALAKI PAMAJIKAN

4: Hampuraan

4: Hampuraan

NAON HARTINA?

Ngahampura téh hartina urang teu ngamasalahkeun kasalahan jeung miceun kakeuheul. Tapi, éta lain hartina urang nyapirakeun kasalahan atawa nganggap kasalahan éta teu pernah aya.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura.”​—Kolosa 3:13.

”Lamun urang nyaah ka hiji jalma, urang moal merhatikeun kakurangan manéhna, tapi upayana pikeun jadi jalma nu leuwih hadé.”​—Aaron.

KU NAON PENTING?

Salian ti ngaruksak awak jeung émosi, ngunek-ngunek téh bisa ngaruksak perkawinan.

”Hiji waktu, salaki abdi ménta hampura. Harita abdi nyeri haté pisan, jadi teu langsung ngahampura manéhna. Tapi abdi kaduhung, coba mun ti mimiti ngahampura, abdi duaan tangtu leuwih gancang akur.”​—Julia.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

PÉK PIKIRKEUN

Engké deui lamun Sadérék nyeri haté ku omongan jeung lalampahan batur hirup, pék pikirkeun:

  • ’Naha abdi babari kasinggung?’

  • ’Naha kasalahanana téh mémang parah nepi ka manéhna kudu ménta hampura, atawa sabenerna mah teu kudu diributkeun?’

OBROLKEUN JEUNG BATUR HIRUP

  • Lamun keur paséa, sabaraha lila abdi duaan bisa akur deui?

  • Naon nu bisa dilakukeun sangkan abdi duaan leuwih gancang ngahampura?

SARAN-SARAN

  • Waktu Sadérék kasinggung, ulah mikir yén batur hirup boga niat goréng.

  • Sing maklum kana kakurangan batur hirup Sadérék, tuluy inget yén urang ”sarerea oge remen nyieun kasalahan”.​—Yakobus 3:2.

”Mun nu salahna duaan mah gampang silih hampurana, béda lamun salah sahiji nu salah, éta leuwih hésé. Urang kudu rendah haté sangkan bisa ngahampura.”​—Kimberly.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Geuwat rengsekeun masalah.”​—Mateus 5:25, Terjemahan Dunia Baru.

Salian ti ngaruksak awak jeung émosi, ngunek-ngunek téh bisa ngaruksak perkawinan