Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Carana Nyanghareupan Masalah Kaséhatan nu Sérius

Carana Nyanghareupan Masalah Kaséhatan nu Sérius

 Na Sadérék beunang panyakit nu teu kaduga-duga? Sadérék pasti ngarasakeun mun boga panyakit téh bisa mawa masalah mental, émosi, jeung kauangan. Naon nu bisa ngabantu Sadérék nyanghareupanana? Kumaha carana Sadérék bisa ngabantu anggota kulawarga atawa babaturan nu keur gering? Sanajan Kitab Suci lain buku médis, tapi naséhat-naséhatna bisa ngabantu Sadérék nyanghareupan masalah ieu.

Saran-saran keur nyanghareupan masalah kaséhatan

  •   Néangan parawatan médis

     Ceuk Kitab Suci: ”Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.”—Mateus 9:12.

     Carana: Lamun ngarasa perlu, pék pariksakeun diri ka dokter.

     Nu bisa dilakukeun: Téangan parawatan kaséhatan. Sakapeung, bijaksana ogé lamun mariksa ka dokter nu séjén. (Siloka 14:15) Béré nyaho naon waé nu dirasakeun ku Sadérék supaya dokter bener-bener paham naon panyakit Sadérék. Upayakeun pikeun ngarti kana saran ti maranéhna. (Siloka 15:22) Téangan leuwih loba informasi ngeunaan panyakit Sadérék, kaasup parawatan médis naon waé nu aya. Ku kituna, Sadérék bisa leuwih tenang jeung siap pikeun nyieun putusan.

  •   Ngajaga kabiasaan hirup nu séhat

     Ceuk Kitab Suci: ”Olah raga aya gunana keur badan.”—1 Timoteus 4:8.

     Carana: Sadérék bisa leuwih séhat lamun ngajaga kabiasaan hirup nu alus, saperti rutin olahraga.

     Nu bisa dilakukeun: Jieun jadwal keur olahraga, dahar kadaharan nu séhat, jeung saré sing cukup. Sanajan boga kabiasaan hirup nu séhat téh hésé, para ahli ngomong yén hasilna pasti saimbang jeung upaya sarta waktu nu dikorbankeun. Pastikeun yén kabiasaan hirup Sadérék bakal nyieun kaséhatan beuki alus, lain sabalikna.

  •   Téangan bantuan ti batur

     Ceuk Kitab Suci: ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna.”—Siloka 17:17.

     Carana: Babaturan bisa ngabantu Sadérék tetep kuat nyanghareupan kasusah.

     Nu bisa dilakukeun: Caritakeun parasaan Sadérék ka babaturan nu bisa dipercaya. Maranéhna bisa ngabantu ngurangan strés jeung ngalilipur Sadérék. Babaturan jeung kulawarga sok hayang ngabantu, tapi bisa jadi maranéhna bingung rék mantuan naon. Jadi, béré nyaho sing jelas naon nu dibutuhkeun. Waktu ménta bantuan, kudu asup akal jeung perlu nganuhunkeun waktu geus dibantuan. Kadang-kadang nu rék ngalongok téh aya loba. Bisa jadi Sadérék kawalahan. Sabenerna niat maranéhna hadé. Tapi supaya teu kawalahan, Sadérék bisa ngawatesan waktu jeung sabaraha loba nu bisa ngalongok.

  •   Tetep positif

     Ceuk Kitab Suci: ”Gumbira teh matak sehat. Nguluwut bae mah matak gering nangtung.”—Siloka 17:22.

     Carana: Lamun Sadérék optimis jeung tetep positif, Sadérék bisa tetep tenang waktu keur boga panyakit anu sérius.

     Nu bisa dilakukeun: Bari ngabiasakeun diri kana kaayaan nu anyar, Sadérék bisa mikirkeun naon nu bisa dilakukeun, lain sabalikna. Ulah ngabandingkeun kaayaan Sadérék jeung batur, atawa jeung kaayaan Sadérék saacan gering. (Galata 6:4) Supaya Sadérék bisa tetep positif, jieun tujuan nu asup akal. (Siloka 24:10) Lamun Sadérék bisa, bantuan ogé batur. Ku kituna, Sadérék bakal leuwih bagja jeung moal mikirkeun teuing masalah Sadérék.—Rasul 20:35.

Na Gusti bakal ngabantu Sadérék nyanghareupan masalah kaséhatan?

 Kitab Suci nunjukkeun yén Gusti Yéhuwa a bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah kaséhatan. Mémang, urang teu ngarep bakal dicageurkeun sacara mujijat, tapi umat Gusti bisa dibantuan ku cara-cara siga kieu:

 Katengtreman. Gusti Yéhuwa bisa méré ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. (Pilipi 4:6, 7) Katengtreman, atawa katenangan batin, bisa ngurangan kahariwangan Sadérék. Gusti bakal méré katengtreman ieu lamun urang nyaritakeun kahariwangan urang ka Mantenna dina doa.—1 Petrus 5:7.

 Kabijaksanaan. Yéhuwa bisa méré kabijaksanaan sangkan urang bisa nyieun putusan nu hadé. (Yakobus 1:5) Urang bisa meunangkeun kabijaksanaan ieu lamun diajar jeung ngalarapkeun prinsip-prinsip dina Kitab Suci.

 Harepan nu nguatkeun. Yéhuwa jangji yén di mangsa kahareup, ”moal aya anu udah-aduh ku panyakit”. (Yesaya 33:24) Ku ayana harepan ieu, urang bisa tetep positif sanajan nyanghareupan masalah kaséhatan nu sérius.—Yermia 29:11, 12.

a Yéhuwa téh ngaran Gusti nu dicatet dina Kitab Suci.—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.