Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 1

Jalma nu Siga Kumaha Abdi téh?

Jalma nu Siga Kumaha Abdi téh?

KU NAON PENTING?

Waktu aya gogoda, anjeun bisa nyieun putusan nu bijaksana lamun anjeun paham ka diri sorangan jeung boga pamadegan.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Teu lila sanggeus Rini nepi ka tempat pésta, babaturanana nyampeurkeun bari ngomong.

”Naha manéh cicing waé di dieu?”

Rini ningali babaturanana nu ngaranna Yési mawa dua botol inuman nu geus dibuka. Manéhna nyaho inuman éta téh aya alkoholan. Bari ngasongkeun botol ka Rini, Yési ngomong, ”Manéh lain budak leutik pan?”

Rini ngarasa teu ngeunah lamun teu narima inuman éta lantaran Yési téh babaturanana. Manéhna gé embung disebut teu gaul. Salian ti éta, Yési nu budak bageur wé nginum, jadi teu nanaon lamun manéhna gé nginum. Ceuk pamikir Rini, ’Ah ieu mah da ngan nginum wungkul, lain maké narkoba.’

Lamun anjeun jadi Rini, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Pikeun nyieun putusan nu bijaksana dina kaayaan éta, anjeun kudu boga jati diri. Boga jati diri hartina anjeun kenal ka diri sorangan jeung boga pamadegan. Lamun boga jati diri, anjeun bisa ngadalikeun diri sorangan, moal dikadalikeun ku batur.​—1 Korinta 9:26, 27.

Kumaha sangkan anjeun boga kamampuan saperti kitu? Anjeun perlu ngajawab sababaraha pananya ieu.

1 NAON KALEUWIHAN ABDI?

Anjeun bakal leuwih percaya diri lamun nyaho kana kamampuan jeung sipat-sipat anjeun nu hadé.

CONTO TINA KITAB SUCI: Paulus nulis, ”Ari nyarita mah sugan enya sim kuring kurang bisa, tapi ari kanyaho mah teu kurang-kurang.” (2 Korinta 11:6) Lantaran paham kana Kitab Suci, Paulus bisa tetep pengkuh nyanghareupan tangtangan. Omongan goréng ti batur teu ngalantarankeun anjeunna jadi kurang percaya diri.​—2 Korinta 10:10; 11:5.

PARIKSA DIRI SORANGAN: Tuliskeun bakat atawa kabisa anjeun.

Tuliskeun sipat-sipat hadé anjeun. (Contona, naha anjeun téh perhatian? béréhan? mandiri? tara telat?)

2 NAON KAKURANGAN ABDI?

Ranté nu kuat bakal pegat lamun aya bagianana nu rengat. Kitu ogé, jati diri anjeun bakal ruksak lamun kalemahan anjeun teu dikadalikeun.

CONTO TINA KITAB SUCI: Paulus sadar kana kalemahanana. Anjeunna nulis, ”Batin mikasuka parentah-parentah Allah, tapi ngarasa dina diri aya deui pangaruh hukum sejen, anu pasalingsingan jeung hukum anu diaku ku budi rasa. Ku sabab kitu sim kuring jadi kabeungkeut ku hukum dosa anu mangaruhan diri sim kuring.”​—Rum 7:22, 23.

PARIKSA DIRI SORANGAN: Kalemahan naon nu kudu dikadalikeun ku anjeun?

3 NAON CITA-CITA ABDI?

Naha anjeun bakal naék taksi terus puputeran di hiji daérah nepikeun ka béak bénsin? Éta téh teu aya gunana jeung méakkeun duit.

Naon palajaranana? Lamun boga cita-cita, anjeun jadi boga tujuan, moal luntang lantung teu puguh. Anjeun jadi nyaho rék ka mana jeung nyaho carana sangkan nepi ka dinya.

CONTO TINA KITAB SUCI: Paulus nulis, ”Kudu leuwih satekah polah lumpat sakuat-kuat, nuju ka garis tungtung.” (1 Korinta 9:26) Ti batan pasrah narima kaayaan, Paulus boga tujuan pikeun dihontal.​—Pilipi 3:12-14.

PARIKSA DIRI SORANGAN: Tuliskeun tilu tujuan nu hayang dihontal ku anjeun taun hareup.

4 NAON PAMADEGAN ABDI?

Lamun anjeun boga jati diri, anjeun bakal siga akar tatangkalan nu tetep panceg sanajan aya angin topan

Lamun teu boga pamadegan, anjeun bakal kababawa ku batur. Lamun anjeun sok tuturut munding, éta tandana anjeun teu boga jati diri sorangan.

Sabalikna, lamun anjeun teu gampang kababawa ku batur, éta hartina anjeun boga jati diri.

CONTO TINA KITAB SUCI: Basa keur ngora kénéh, nabi Daniél ”geus nekadkeun” diri pikeun taat kana hukum Allah, sanajan pajauh jeung kulawargana. (Daniel 1:8) Ku kituna, Daniél ngupayakeun diri tetep kana pamadeganana.

PARIKSA DIRI SORANGAN: Naon nu jadi pamadegan anjeun? Misalna: Naha anjeun percaya ka Allah? Naon sababna anjeun percaya? Bukti naon nu ngayakinkeun anjeun yén Allah téh aya?

Naha anjeun percaya lamun papakon ahlak ti Allah téh aya mangpaatna keur anjeun? Naon sababna anjeun percaya?

Cindekna, anjeun hayang jadi jalma nu siga kumaha? Siga daun nu hiber ka ditu ka dieu lantaran katebak ku angin, atawa tangkal nu tetep kuat sanajan aya angin topan? Lamun anjeun boga jati diri, anjeun bakal siga tangkal nu kuat. Anjeun bakal bisa ngajawab pananya, Jalma nu siga kumaha Abdi téh?