Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 2

Ku Naon Abdi Mikiran Teuing Rupa Abdi?

Ku Naon Abdi Mikiran Teuing Rupa Abdi?

KU NAON PENTING?

Aya hal-hal nu leuwih penting ti batan nu katingali dina eunteung.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Basa Yulia ngeunteung, nu katingali téh manéhna gendut. Gerentes haténa, ’Kuring kudu ngabegangan.’ Padahal kolot jeung babaturanana ngomong yén manéhna téh geus begang pisan.

Ceuk pamikir Yulia, manéhna téh kudu ngabegangan ’sababaraha kilo deui’. Nu perlu dilakukeun téh ngan teu dahar sababaraha poé . . .

Lamun anjeun siga Yulia, anjeun rék kumaha?

PIKIRKEUN HEULA!

Panyangka anjeun ka diri sorangan bisa siga bayangan dina eunteung nu ruksak

Teu salah lamun anjeun merhatikeun rupa anjeun. Buktina, Kitab Suci ogé nyebutkeun rupa sababaraha awéwé jeung lalaki, misalna Sarah, Rahél, Abigail, Yusup, jeung Daud. Kitab Suci nyebutkeun yén Abisag téh wanoja nu ”geulis” pisan.​—1 Raja 1:4.

Tapi, sababaraha budak ngora mentingkeun teuing rupa maranéhna. Éta bisa ngabalukarkeun sababaraha masalah. Perhatikeun conto-conto ieu:

  • Dina hiji panalungtikan, 58 persén budak awéwé ngarasa gendut pisan, padahal nu gendut pisan mah ngan 17 persén.

  • Panalungtikan séjénna nyebutkeun yén 45 persén wanoja ngarasa kagendutan padahal saenyana mah begang pisan!

  • Lantaran hayang ngabegangan, sababaraha budak ngora jadi korban anoréksia. Anoréksia téh kabiasaan dahar nu salah tur bahaya lantaran ngahajakeun diri kalaparan.

Lamun anjeun ngalaman tanda-tanda anoréksia atawa kabiasaan dahar nu salah séjénna, geura téangan bantuan. Caritakeun masalahna ka kolot atawa ka jalma déwasa nu bisa dipercaya. Kitab Suci nyebutkeun, ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?”​—Siloka 17:17.

HAL PANGPENTINGNA NU KUDU DIUPAYAKEUN!

Saenyana, hiji jalma dipikaresep atawa henteu gumantung kana sipat-sipatna. Perhatikeun conto putra Raja Daud nyaéta Absalom. Kitab Suci nyarita,

”Absalom teh di sakuliah Israil pangkasepna, . . . estu mulus taya kuciwana.”​—2 Samuel 14:25.

Tapi, manéhna téh jalma nu sombong, ambisian, jeung tukang hianat! Kitab Suci teu ngagambarkeun Absalom sabagé jalma nu hadé, tapi jalma nu teu boga kaéra, teu satia, jeung pinuh ku amarah.

Dina Kitab Suci aya naséhat nu alus keur urang:

”Pribadi aranjeun . . . geus diganti ku kapribadian anu anyar.”​—Kolosa 3:10, Sunda Formal.

’Tembong geulis teh ulah ngan ku dangdanan lahir bae. Lemes budi, lemah lembut, eta kageulisan sajati.’​—1 Petrus 3:3, 4.

Sanajan hayang geulis atawa kasép téh teu salah, kapribadian anjeun leuwih penting ti batan rupa anjeun. Lila-lila mah, anjeun dipikaresep téh ku lantaran sipat-sipat alus anjeun, lain ku dedegan anu tegep atawa rupa anu geulis! Budak ngora nu ngaranna Phylicia nyarita, ”Jalma-jalma bisa gancang kataji ku kageulisan, tapi nu paling diinget mah kapribadian jeung sipat-sipat alus anjeun.”

NINGALI DIRI SORANGAN

Naha anjeun teu resep kana rupa anjeun sorangan?

Naha pernah kapikir ku anjeun rék oprasi plastik atawa diit nu kaleuleuwihi sangkan anjeun leuwih geulis atawa kasép?

Lamun bisa, anjeun hayang ngarobah naon? (Buleudan nu hayang dirobah.)

  • JANGKUNG

  • BEURAT

  • BUUK

  • POTONGAN AWAK

  • BEUNGEUT

  • WARNA KULIT

Lamun anjeun ngajawab enya pikeun dua pananya nu mimiti jeung ngabuleudan tilu atawa leuwih piliheun pikeun pananya nu katilu, pikirkeun hal ieu: Sanajan urang boga pamikiran goréng ka diri sorangan, batur mah can tangtu kitu. Mémang bisa waé urang jadi kaleuleuwihi mikiran rupa sorangan.​—1 Samuel 16:7.