Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAB 03

Na Alkitab téh Bisa Dipercaya?

Na Alkitab téh Bisa Dipercaya?

Dina Alkitab, aya loba jangji jeung naséhat. Meureun anjeun panasaran, tapi ogé teu yakin, naséhat jeung jangji-jangjina téh bisa dipercaya teu? Pan Alkitab téh buku nu geus heubeul pisan. Terus ceuk Alkitab, urang bisa bagja ti ayeuna kénéh nepi ka salilana. Na anjeun percaya? Jutaan jalma geus ngabuktikeunana. Mangga, anjeun gé bisa mariksa sorangan.

1. Na kabéh anu ditulis dina Alkitab téh bener-bener nyata?

Ceuk Alkitab, kabéh nu aya di jerona téh ’dituliskeunana saestuna’, maksudna bener jeung bisa dipercaya. (Pandita 12:10) Kajadian jeung jalma-jalma nu dicaritakeunana téh bener-bener aya. (Baca Lukas 1:3; 3:1, 2.) Loba ahli sajarah jeung panaliti barang kuno geus mastikeun yén kabéh jelema, tempat, kajadian, nepi ka waktu kajadianana téh bener-bener cocog jeung catetan sajarah.

2. Na Alkitab téh tinggaleun jaman?

Loba hal nu ditulis dina Alkitab téh leuwih maju tibatan pamikiran jalma-jalma dina jaman Alkitab ditulis. Misalna, Alkitab sok nyebutkeun ngeunaan bumi jeung jagat raya. Baheula, loba nu teu percaya kana hal-hal éta. Tapi, para ahli dina jaman modéren geus mastikeun, nu ditulis dina Alkitab téh bener. Éta bukti yén Alkitab téh ”beunang dipercaya, tahan dina sagala jaman”.​—Jabur 111:7, 8.

3. Ku naon urang bisa percaya yén nubuat dina Alkitab bakal jadi kanyataan?

Loba nubuat a dina Alkitab geus jadi kanyataan, padahal diwahyukeunana téh ”geus ti baheulana keneh”. (Yesaya 46:10) Kajadianana gé percis pisan jiga nu ditulis dina Alkitab. Terus, Alkitab gé ngajelaskeun kaayaan dunya ayeuna sacara rinci. Dina bab ieu, urang bakal ngabahas sababaraha nubuat nu aya dina Alkitab. Anjeun bakal ningali, nubuat Alkitab téh teu aya anu mélését!

HAYU NGULIK

Perhatikeun sakumaha cocogna anu ditulis dina Alkitab jeung ilmu pengetahuan, sarta tingali sababaraha nubuat dina Alkitab anu geus jadi kanyataan.

4. Anu ditulis dina Alkitab téh cocog jeung ilmu pengetahuan

Jalma-jalma dina jaman baheula nganggap bumi téh aya nu mungguna. Setél VIDÉO.

Perhatikeun naon nu ditulis dina kitab Ayub kira-kira 3.500 taun ka tukang. Baca Ayub 26:7, terus bahas:

  • Alkitab nyebutkeun bumi téh digantung ”di awang-awang”. Ku naon catetan ieu téh luar biasa?

Ku lantaran panasna panonpoé, cai laut téh naék ka luhur ngajadi awan. Terus, awan nurunkeun hujan. Geus kitu, cihujan balik deui ka laut. Hal ieu kakara dipikanyaho ku jalma-jalma dina taun 1800-an, padahal sabenerna éta téh geus dicatet dina Alkitab rébuan taun ka tukang. Baca Ayub 36:27, 28, terus bahas:

  • Ceuk anjeun, ku naon ayat ieu téh hébat?

  • Na anjeun jadi leuwih percaya kana Alkitab?

5. Alkitab geus méré nyaho hal-hal penting nu bakal kajadian

Baca Yesaya 44:27–45:2 jeung setél VIDÉO. Terus bahas:

  • Saacan kota Babilon ditalukkeun ku Korés, naon nu geus disebutkeun dina Alkitab 200 taun saacanna?

Catetan sajarah nunjukkeun, Raja Korés ti Pérsia jeung pasukanna nalukkeun kota Babilon dina taun 539 SM. b Kumaha carana? Walungan anu ngurilingan éta kota téh disaatan. Terus, harita lawang kota Babilon gé keur molongo. Langsung wéh, Korés jeung pasukanna nyerbu! Ieu téh kajadianana leuwih ti 2.500 taun ka tukang. Jeung nepi ka ayeuna, euweuh nu nyicingan Babilon. Perhatikeun naon anu disebutkeun dina Alkitab.

Baca Yesaya 13:19, 20, terus bahas:

  • Kumaha nubuat Alkitab ngeunaan Babilon jadi kanyataan?

Ruruntuhan Babilon di Irak

6. Alkitab méré nyaho bakal kumaha kaayaan dina jaman ayeuna

Ceuk Alkitab, urang téh hirup dina ”ahir jaman”. (2 Timotius 3:1) Perhatikeun naon nu geus dinubuatkeun ku Alkitab ngeunaan jaman ayeuna.

Baca Matius 24:6, 7, terus bahas:

  • Ceuk Alkitab, kumaha kaayaan dina ahir jaman?

Baca 2 Timotius 3:1-5, terus bahas:

  • Ceuk Alkitab, jalma-jalma dina ahir jaman téh sipatna kumaha?

  • Ceuk anjeun, kumaha sipat jalma-jalma ayeuna?

AYA NU NGOMONG: ”Sababaraha carita nu aya dina Alkitab téh geus diréka-réka.”

  • Ceuk anjeun, naon buktina Alkitab téh bisa dipercaya?

INTI BAB

Catetan sajarah, ilmu pengetahuan, jeung nubuat-nubuat nunjukkeun yén Alkitab téh bisa dipercaya.

Nu geus dibahas

  • Na anu ditulis dina Alkitab téh bener-bener nyata?

  • Naon buktina yén Alkitab téh cocog jeung ilmu pengetahuan?

  • Anjeun percaya teu Alkitab bisa méré nyaho hal-hal nu bakal kajadian ka hareup? Naon alesanana?

Pék upayakeun

TINGALI OGÉ

Na catetan dina Alkitab ngeunaan hal-hal nu aya patalina jeung ilmu pengetahuan téh aya nu salah?

”Naha Sains jeung Alkitab téh Saluyu?” (Artikel dina jw.org)

Naon waé anu bakal kajadian ”dina ahir jaman”?

”6 Nubuat Alkitab nu Keur Jadi Kanyataan” (Warta Hadé 1 Méi 2011)

Tingali kumaha nubuat-nubuat Alkitab ngeunaan Yunani jadi kanyataan.

Diyakinkeun ku Ramalan Allah (5:22)

Baca kumaha nubuat-nubuat Alkitab ngarobah pandangan saurang lalaki kana Alkitab.

”Keur Abdi, Allah téh Teu Aya” (Warta Hadé No. 5 2017)

a Nubuat (sok disebut ogé ramalan) nu dimaksud di dieu téh nyaéta hal-hal anu ceuk Allah bakal kajadian ka hareupna.

b SM téh singgetan tina ”Saacan Maséhi”, nu ngamaksudkeun mangsa saacan Isa Al-Masih datang ka bumi. Ari M téh singgetan tina ”Maséhi”, nu ngamaksudkeun mangsa ti mimiti Isa Al-Masih aya di bumi jeung saterusna.