Nu Ditulis ku Matius 2:1-23

  • Datangna para ahli béntang (1-12)

  • Kabur ka Mesir (13-15)

  • Hérodés maéhan anak-anak lalaki (16-18)

  • Balik ka Nazarét (19-23)

2  Isa lahir di Bétléhém di Yudéa dina jamanna Raja Hérodés. Sanggeus Isa lahir, para ahli béntang ti Wétan datang ka Yérusalém.  Maranéhna ngomong, ”Raja urang Yahudi nu kakara lahir téh aya di mana? Urang ningali béntangna di Wétan, jadi ayeuna urang datang téh rék sujud ka manéhna.”  Barang ngadéngé kitu, Raja Hérodés meni reuwas, kitu ogé jeung kabéh jalma di Yérusalém.  Manéhna ngumpulkeun kabéh imam kapala jeung ahli Torét, tuluy nanyakeun Al-Masih* téh lahirna di mana.  Maranéhna ngajawab, ”Di Bétléhém di Yudéa, sabab para nabi nulis kieu,  ’Éh manéh, Bétléhém di tanah Yéhuda, sakuduna manéh teu disapirakeun ku para pangawasa Yéhuda, sabab ti manéh bakal muncul saurang pangawasa nu bakal mingpin Israél, umat Kuring.’”  Sanggeusna, Hérodés cicing-cicing ngageroan para ahli béntang éta, tuluy nanyakeun iraha mimitina éta béntang muncul.  Geus kitu, manéhna nitah para ahli béntang indit ka Bétléhém. Ceuk manéhna, ”Sok indit ka ditu, téangan budakna. Engké mun geus kapanggih, ngalapor deui ka urang. Urang gé rék ka ditu, rék sujud ka manéhna.”  Ngadéngé paréntah éta, bral maranéhna indit. Ari pék téh, béntang nu katingali di Wétan téa maju miheulaan maranéhna jeung eureun di tempat éta budak. 10  Maranéhna meni bungah pisan ningali éta béntang. 11  Pas asup ka éta imah, maranéhna ningali éta budak jeung indungna, nyaéta Maryam. Brek maranéhna sujud ka éta budak. Babawaanana dikaluarkeun, tuluy éta budak dibéré hadiah emas jeung dua rupa seuseungitan.* 12  Geus kitu, maranéhna balik ka nagri asalna tapi ngaliwatan jalan séjén, lantaran dina impian, Allah ngalarang maranéhna balik deui ka Hérodés. 13  Sanggeus maranéhna indit, malaikat Yéhuwa ngadatangan Yusuf dina impian. Ceuk manéhna, ”Geura hudang! Hérodés téh keur néangan budak manéh, rék dipaéhan! Bawa kabur éta budak jeung indungna ka Mesir. Cicing heula di ditu, engké ku urang dibéjaan deui.” 14  Koréjat Yusuf hudang. Peuting éta kénéh, manéhna mawa éta budak jeung indungna kabur ka Mesir. 15  Manéhna cicing di ditu nepi ka Hérodés maot. Ku kituna, naon nu disebutkeun ku Yéhuwa liwat nabi-Na jadi kanyataan, ”Kuring ngageroan putra Kuring ti Mesir.” 16  Hérodés ngarasa dibobodo ku para ahli béntang. Manéhna kacida ambekna, tuluy méré paréntah ka para prajuritna, ”Paéhan kabéh budak lalaki nu umurna dua taun ka handap, nu aya di Bétléhém jeung sakurilingeunana!” Dua taun téh diitung ti mimiti éta béntang muncul, sakumaha nu dijelaskeun ku para ahli béntang. 17  Ku kituna, naon nu disebutkeun liwat Nabi Yérémia jadi kanyataan, 18  ”Di Rama, kadéngé sora ceurik jejeritan. Éta téh Rakhél, nu keur nyeungceurikan barudakna. Manéhna embung diupahan sabab kabéh barudakna geus maraot.” 19  Sanggeus Hérodés maot, Yusuf nu keur di Mesir didatangan ku malaikat Yéhuwa dina impian. 20  Éta malaikat ngomong kieu, ”Hudang, sok bawa éta budak jeung indungna balik ka nagri Israél, sabab jalma-jalma nu rék maéhan éta budak geus paraéh.” 21  Yusuf hudang, tuluy mawa éta budak jeung indungna balik ka nagri Israél. 22  Tapi waktu ngadéngé nu ayeuna jadi raja Yudéa téh Arkhélaus, putrana Hérodés, Yusuf sieuneun. Dina impian gé, Allah ngalarang manéhna indit ka ditu. Jadi, Yusuf indit ka daérah Galiléa. 23  Manéhna nepi di hiji kota nu ngaranna Nazarét jeung cicing di ditu. Ku kituna, naon nu diomongkeun liwat para nabi téh jadi kanyataan, ”Manéhna* bakal disebut urang Nazarét.”*

Catetan Tambihan

Atawa ”Kristus; Nu Dilantik”.
Nyaéta, menyan jeung geutah emur.
Maksudna, Al-Masih.
Bisa jadi tina kecap Ibrani nu hartina ”sirung”.