Galatia 3:1-29

  • Ngajalankeun hukum atawa boga iman (1-14)

    • Jalma bener bakal hirup ku lantaran imanna (11)

  • Perjangjian Ibrahim dibikeun lain lantaran Torét (15-18)

    • Al-Masih téh turunanana Ibrahim (16)

  • Awalna Torét jeung tujuanana (19-25)

  • Jadi anak-anak Allah ku lantaran boga iman (26-29)

    • Turunan Ibrahim téh milik Al-Masih (29)

3  Urang Galatia, aranjeun téh meni teu malikir! Saha nu ngabobodo aranjeun nepi ka kieu? Lainna ka aranjeun téh geus dijelaskeun sajéntré-jéntréna ngeunaan Isa Al-Masih nu dipakukeun dina tihang?  Kuring rék nanya hiji hal: Aranjeun narima kawasa suci téh ku lantaran ngajalankeun hukum atawa ku lantaran boga iman kana naon nu didéngé ku aranjeun?  Ku naon aranjeun bet teu malikir? Sanggeus ngamimitian hirup nuturkeun bingbingan kawasa suci, piraku ahirna aranjeun hirup nuturkeun pikiran manusa?  Aranjeun ngalaman loba kasangsaraan téh percumah, kitu? Pasti henteu percumah!  Jadi, jalma nu méré kawasa suci ka aranjeun jeung nyieun loba mujijat di antara aranjeun ngalakukeunana téh pédah aranjeun ngajalankeun hukum, atawa pédah aranjeun boga iman kana naon nu didéngé ku aranjeun?  Ieu téh sarua siga Ibrahim, manéhna dianggap bener lantaran boga iman ka Yéhuwa.  Aranjeun pasti nyaho, anak-anak Ibrahim téh jalma-jalma nu boga iman.  Kitab Suci geus nyebutkeun saacanna yén jalma-jalma ti bangsa séjén bakal disebut jalma bener ku Allah lantaran boga iman. Warta hadé éta geus dibéjakeun ti heula ka Ibrahim, nyaéta, ”Ku lantaran manéh, sakabéh bangsa bakal diberkahan.”  Jadi, saha waé nu boga iman bakal diberkahan sarua siga Ibrahim nu boga iman. 10  Kabéh jalma nu ngandelkeun hukum téh jalma nu dikutuk, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Sing dikutuk jalma-jalma nu henteu terus ngajalankeun sakabéh nu ditulis dina gulungan Torét.” 11  Salian ti éta, geus jelas moal aya jalma nu disebut bener ku Allah ku lantaran ngajalankeun hukum, sabab ”jalma bener bakal hirup ku lantaran imanna”. 12  Torét mah teu ngawajibkeun saurang jalma boga iman, sabab aya ayat nu nyebutkeun, ”Saha waé nu ngajalankeun hal-hal ieu bakal meunangkeun hirup.” 13  Al-Masih geus meuli jeung ngabébaskeun urang tina kutukan Torét ku cara ngagantikeun urang jadi jalma nu dikutuk. Ieu téh sakumaha nu ditulis dina Kitab Suci, ”Sing dikutuk jalma nu digantung dina tihang.” 14  Tujuanana supaya ku jalan Isa Al-Masih, bangsa-bangsa narima berkah nu dijangjikeun ka Ibrahim. Jadi lantaran boga iman, urang bisa narima kawasa suci nu dijangjikeun. 15  Dulur-dulur, kuring rék maké conto tina kahirupan sapopoé: Sakalina hiji perjangjian geus disahkeun, sanajan ku jelema, éta moal bisa dibatalkeun atawa ditambahan eusina ku sasaha. 16  Tah, ngeunaan jangji-jangji Allah ka Ibrahim jeung turunanana,* ayatna teu nyebutkeun ”ka turunan-turunan* manéh”, siga ka lobaan. Tapi ayatna nyebutkeun ”ka turunan* manéh”, maksudna ka saurang jalma, nyaéta Al-Masih. 17  Kuring gé rék ngomong kieu: Torét, nu kakara aya 430 taun sanggeusna, moal bisa ngabatalkeun perjangjian nu dijieun ku Allah saacanna, atawa moal bisa mupus jangji éta. 18  Lamun warisan éta dibikeun lantaran hukum, éta hartina warisan éta teu dibikeun lantaran jangji, padahal Allah ngurniakeun éta ka Ibrahim lantaran jangji. 19  Jadi, jang naon aya Torét? Torét dibikeun ka dieunakeun téh jang nuduhkeun yén manusa geus ngalanggar. Éta kapaké nepi ka datangna turunan* nu narima jangji téa. Torét ditepikeun liwat para malaikat ka saurang jalma nu jadi perantara. 20  Perantara diperlukeun lamun dina hiji perjangjian aya leuwih ti hiji pihak. Tapi waktu Allah nyieun jangji éta, ngan aya hiji pihak, nyaéta Allah. 21  Jadi, Torét téh papalingpang jeung jangji-jangji Allah, kitu? Nya henteu atuh! Upama hukum nu dibikeun ka urang bisa méré kahirupan, urang bisa dianggap bener lamun ngajalankeun hukum. 22  Tapi, Kitab Suci némbongkeun yén sakabéh jalma dikawasaan ku dosa, jadi nu meunangkeun jangji Allah téh nu boga iman ka Isa Al-Masih. 23  Saacan ayana iman,* urang dijaga ku hukum jeung dikawasaan ku dosa, bari ngadagoan iman nu bakal disingkabkeun. 24  Jadi, Torét téh nu ngabingbing* jeung nungtun urang ka Al-Masih, supaya urang bisa disebut jalma bener ku lantaran iman. 25  Tapi sanggeus iman éta aya, nu ngabingbing éta teu dibutuhkeun deui. 26  Aranjeun kabéh téh sabenerna anak-anak Allah ku lantaran boga iman ka Isa Al-Masih. 27  Aranjeun kabéh nu dibaptis pikeun ngahiji jeung Al-Masih geus nyonto* Al-Masih. 28  Ku kituna, urang Yahudi jeung urang Yunani, palayan jeung jalma merdéka, lalaki jeung awéwé, geus euweuh bédana deui, sabab aranjeun kabéh geus ngahiji salaku murid-murid Isa Al-Masih. 29  Salian ti éta, lamun aranjeun milik Al-Masih, aranjeun téh bener-bener turunan* Ibrahim, jeung bakal narima warisan nu dijangjikeun.

Catetan Tambihan

As. ”binihna”.
As. ”binih-binih”.
As. ”binih”.
As. ”binih”.
Katingalina ngamaksudkeun iman Kristen.
Dina basa Yunanina, kecap ieu ngamaksudkeun jalma nu ngajaga jeung ngalindungan budak.
As. ”maké”.
As. ”binih”.