Budalan 6:1-30

  • Allah ngucapkeun deui jangji-Na pikeun ngabébaskeun urang Israél (1-13)

    • Yéhuwa teu méré nyaho loba hal ngeunaan ngaran-Na (2, 3)

  • Silsilahna Musa jeung Harun (14-27)

  • Musa ngadep deui ka Firaun (28-30)

6  Ceuk Yéhuwa ka Musa, ”Manéh bakal ningali naon nu rék dilakukeun ku Kuring ka Firaun. Ku kawasa Kuring, Kuring bakal maksa Firaun pikeun ngidinan umat Kuring indit. Malah sanggeus ningali kawasa Kuring, manéhna bakal ngusir maranéh ti Mesir.”  Tuluy Allah ngomong deui ka Musa, ”Kuring téh Yéhuwa.  Baheula Kuring sok némbongkeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub yén Kuring téh Allah Nu Mahakawasa, tapi Kuring teu méré nyaho loba hal ngeunaan ngaran Kuring, Yéhuwa.  Kuring geus nyieun perjangjian jeung maranéhna pikeun méré tanah Kanaan ka maranéhna, tanah nu dicicingan ku maranéhna salaku urang asing.  Kuring geus ngadéngé jumeritna urang Israél nu diperbudak ku urang Mesir. Kuring gé inget kana perjangjian Kuring.  ”Ku kituna, béjakeun ka urang Israél, ’Kuring téh Yéhuwa, Kuring bakal ngabébaskeun maranéh nu geus ditindes sarta diperbudak ku urang Mesir. Kuring bakal nyalametkeun maranéh ku leungeun Kuring nu kuat sarta ngahukum urang Mesir.  Maranéh bakal jadi umat Kuring, sarta Kuring bakal jadi Allah maranéh. Maranéh pasti bakal nyaho saha Yéhuwa téh, Allah nu ngabébaskeun maranéh tina pangbudakan di Mesir.  Kuring geus sumpah rék mikeun tanah ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Kuring rék mawa maranéh ka dinya. Tanah éta ku Kuring bakal dibikeun jadi milik maranéh. Kuring téh Yéhuwa.’”  Musa nepikeun pesen éta ka urang Israél tapi teu didéngékeun, ku lantaran maranéhna diperbudak sakitu kejemna jeung geus pegat harepan. 10  Tuluy Yéhuwa ngomong ka Musa, 11  ”Jung indit jeung béré nyaho Firaun, raja Mesir, yén manéhna kudu ngidinan urang Israél indit ti Mesir.” 12  Tapi Musa ngajawab Yéhuwa, ”Omongan abdi ku urang Israél teu didangukeun, komo deui ku Firaun. Abdi mah nyarios gé teu lancar.” 13  Tapi Yéhuwa méré nyaho deui paréntah nu kudu ditepikeun ku Musa jeung Harun ka urang Israél jeung ka Firaun, raja Mesir, supaya urang Israél bisa indit ti Mesir. 14  Ieu ngaran priya-priya nu pernah jadi pamingpin kaom: Ti kaom Rubén, aya Hanokh, Palu, Hézron, jeung Karmi. Maranéhna téh anak-anak Rubén, anak Israél nu cikal. 15  Ti kaom Siméon aya Yémuél, Yamin, Ohad, Yakhin, Zohar, jeung Syaul. Syaul téh anak ti awéwé Kanaan. Maranéhna téh anak-anak Siméon. 16  Ieu ngaran anak-anak lalaki Léwi: Gérsyon, Kohat, jeung Mérari. Ngaran maranéhna téh dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga di kaom Léwi. Léwi hirup salila 137 taun. 17  Anak-anak lalaki Gérsyon téh Libni jeung Syiméi. Ngaran maranéhna téh dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga di turunan Gérsyon. 18  Anak-anak lalaki Kohat téh Amram, Izhar, Hébron, jeung Uziél. Kohat hirup salila 133 taun. 19  Anak-anak lalaki Mérari téh Mahli jeung Musyi. Éta ngaran-ngaran turunan Léwi. Ngaran maranéhna dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga di kaom Léwi. 20  Amram kawin jeung Yokhébéd, adi bapana. Tuluy Yokhébéd ngalahirkeun Harun jeung Musa. Amram hirup salila 137 taun. 21  Anak-anak lalaki Izhar téh Korah, Néfég, jeung Zikhri. 22  Anak-anak lalaki Uziél téh Misyaél, Élzafan, jeung Sitri. 23  Tuluy Harun kawin jeung Élisyéba, anak Aminadab. Élisyéba téh adina Nahsyon. Élisyéba ngalahirkeun Nadab, Abihu, Éléazar, jeung Itamar. 24  Anak-anak lalaki Korah téh Asir, Élkana, jeung Abiasaf. Maranéhna téh turunan Korah. 25  Éléazar anak lalakina Harun kawin jeung salah sahiji anak awéwé Putiél. Maranéhna boga budak nu ngaranna Pinéhas. Éta ngaran-ngaran pamingpin kulawarga di turunan Léwi. Ngaran maranéhna dijadikeun ngaran kulawarga-kulawarga di kaom Léwi. 26  Éta téh silsilahna Harun jeung Musa. Yéhuwa méré paréntah kieu ka maranéhna, ”Bawa kaluar urang Israél ti tanah Mesir, kawas hiji pasukan.” 27  Nya Musa jeung Harun ieu nu ngadep ka Firaun, raja Mesir, sarta ménta supaya urang Israél meunang kaluar ti Mesir. 28  Basa Musa di Mesir, Yéhuwa ngomong ka manéhna. 29  Kieu ceuk Yéhuwa, ”Kuring téh Yéhuwa. Sok béjakeun ka Firaun, raja Mesir, sagala nu geus diomongkeun ku Kuring ka manéh.” 30  Tapi Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Moal mungkin Firaun ngadangukeun abdi. Abdi mah nyarios gé teu lancar.”

Catetan Tambihan