Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Buku Budalan

Pasal

Topik-Topik Utama

  • 1

    • Urang Israél beuki ngalobaan di Mesir (1-7)

    • Firaun nindes urang Israél (8-14)

    • Dua bidan nu hormat ka Allah nyalametkeun orok-orok (15-22)

  • 2

    • Lahirna Musa (1-4)

    • Musa diangkat anak ku putri Firaun (5-10)

    • Musa kabur ka Midian tuluy kawin jeung Zipora (11-22)

    • Allah ngadéngékeun urang Israél nu tingjarerit (23-25)

  • 3

    • Musa ningali rungkun cucuk nu hurung ku seuneu (1-12)

    • Yéhuwa ngajelaskeun ngaran-Na (13-15)

    • Yéhuwa méré paréntah ka Musa (16-22)

  • 4

    • Tilu mujijat nu rék ditémbongkeun ku Musa (1-9)

    • Musa ngarasa teu sanggup (10-17)

    • Musa balik deui ka Mesir (18-26)

    • Musa panggih jeung Harun (27-31)

  • 5

    • Musa jeung Harun ngadep ka Firaun (1-5)

    • Urang Israél beuki ditindes (6-18)

    • Urang Israél nyalahkeun Musa jeung Harun (19-23)

  • 6

    • Allah ngucapkeun deui jangji-Na pikeun ngabébaskeun urang Israél (1-13)

      • Yéhuwa teu méré nyaho loba hal ngeunaan ngaran-Na (2, 3)

    • Silsilahna Musa jeung Harun (14-27)

    • Musa ngadep deui ka Firaun (28-30)

  • 7

    • Yéhuwa nguatkeun Musa (1-7)

    • Iteuk Harun robah jadi oray badag (8-13)

    • Hukuman ka-1: cai robah jadi getih (14-25)

  • 8

    • Hukuman ka-2: bangkong (1-15)

    • Hukuman ka-3: reungit (16-19)

    • Hukuman ka-4: laleur (20-32)

      • Gosyén teu keuna hukuman (22, 23)

  • 9

    • Hukuman ka-5: ingon-ingon paraéh (1-7)

    • Hukuman ka-6: jalma jeung sato bisulan (8-12)

    • Hukuman ka-7: hujan és (13-35)

      • Firaun nyaksian kawasa Allah (16)

      • Ngaran Yéhuwa kamashur (16)

  • 10

    • Hukuman ka-8: simeut (1-20)

    • Hukuman ka-9: sakuliah Mesir poék (21-29)

  • 11

    • Allah nyebutkeun hukuman ka-10 (1-10)

      • Urang Israél disina ménta barang-barang (2)

  • 12

    • Paskah ditetepkeun (1-28)

      • Getih diképrétkeun kana kusén panto (7)

    • Hukuman ka-10: anak cikal diparaéhan (29-32)

    • Urang Israél budal ti Mesir (33-42)

    • Aturan Paskah (43-51)

  • 13

    • Unggal anak cikal lalaki téh milik Yéhuwa (1, 2)

    • Perayaan Roti nu Teu Diragian (3-10)

    • Unggal anak cikal dibaktikeun ka Allah (11-16)

    • Urang Israél dibawa ka Laut Beureum (17-20)

    • Tihang awan jeung tihang seuneu (21, 22)

  • 14

    • Urang Israél nepi di laut (1-4)

    • Firaun ngudag urang Israél (5-14)

    • Urang Israél meuntasan Laut Beureum (15-25)

    • Urang Mesir tilelep (26-28)

    • Urang Israél boga iman ka Yéhuwa (29-31)

  • 15

    • Musa jeung urang Israél ngawihkeun lagu kaunggulan (1-19)

    • Miryam némbalan ku kawih (20, 21)

    • Cai pait jadi amis (22-27)

  • 16

    • Urang Israél kukulutus ménta dahareun (1-3)

    • Yéhuwa ngadéngé maranéhna kukulutus (4-12)

    • Manuk puyuh jeung manna (13-21)

    • Teu aya manna dina poé Sabat (22-30)

    • Manna disimpen supaya teu dipopohokeun (31-36)

  • 17

    • Urang Israél kukulutus ménta cai di Horéb (1-4)

    • Cai kaluar tina batu (5-7)

    • Urang Amalék nyerang, tapi éléh (8-16)

  • 18

    • Yitro jeung Zipora datang (1-12)

    • Yitro méré saran pikeun ngangkat hakim (13-27)

  • 19

    • Di Gunung Sinai (1-25)

      • Israél bakal jadi karajaan nu dipingpin ku para imam (5, 6)

      • Jalma-jalma nyucikeun diri pikeun ngadep ka Allah (14, 15)

  • 20

    • Sapuluh Paréntah (1-17)

    • Urang Israél tingdarégdég (18-21)

    • Aturan pikeun ibadah (22-26)

  • 21

    • Hukum keur Israél (1-36)

      • Ngeunaan urang Ibrani nu jadi budak beulian (2-11)

      • Ngeunaan kajahatan ka sasama (12-27)

      • Ngeunaan sasatoan (28-36)

  • 22

    • Hukum keur Israél (1-31)

      • Ngeunaan nu maok (1-4)

      • Ngeunaan kebon nu diruksak (5, 6)

      • Ngeunaan ganti rugi sarta barang milik batur (7-15)

      • Ngeunaan ngagoda parawan (16, 17)

      • Ngeunaan ibadah jeung kaadilan (18-31)

  • 23

    • Hukum keur Israél (1-19)

      • Ngeunaan kajujuran jeung kaadilan (1-9)

      • Ngeunaan sabat jeung perayaan (10-19)

    • Malaikat nu nungtun urang Israél (20-26)

    • Tanah nu bakal dipimilik jeung watesna (27-33)

  • 24

    • Jalma-jalma satuju ngajalankeun perjangjian (1-11)

    • Musa di Gunung Sinai (12-18)

  • 25

    • Sumbangan keur tabernakel (1-9)

    • Peti perjangjian (10-22)

    • Méja (23-30)

    • Wadah lampu (31-40)

  • 26

    • Tabernakel (1-37)

      • Kaén jeung panutup keur tabernakel (1-14)

      • Rangka jeung dadampar (15-30)

      • Hordéng pamisah jeung hordéng keur lawang asup (31-37)

  • 27

    • Mézbah keur korban beuleuman (1-8)

    • Buruan tabernakel (9-19)

    • Minyak keur lampu (20, 21)

  • 28

    • Baju imam (1-5)

    • Éfod (6-14)

    • Panutup dada (15-30)

      • Urim jeung Tumim (30)

    • Rompi panjang (31-35)

    • Sorban jeung pelat emas (36-39)

    • Bagian séjén tina baju imam (40-43)

  • 29

    • Cara ngalantik imam (1-37)

    • Korban nu kudu dibaktikeun unggal poé (38-46)

  • 30

    • Mézbah dupa (1-10)

    • Sénsus jeung duit keur tebusan (11-16)

    • Jolang tambaga keur wawasuh (17-21)

    • Campuran husus keur minyak suci (22-33)

    • Campuran dupa suci (34-38)

  • 31

    • Jalma-jalma nu baroga kaahlian dibéré kawasa suci (1-11)

    • Sabat, tanda perjangjian antara Allah jeung Israél (12-17)

    • Dua papan batu (18)

  • 32

    • Nyembah patung anak sapi emas (1-35)

      • Musa ngadéngé sora nu ngarawih (17, 18)

      • Musa ngabeubeutkeun papan-papan batu (19)

      • Kaom Léwi satia ka Yéhuwa (26-29)

  • 33

    • Allah negor urang Israél (1-6)

    • Kémah tepangan di luar pakémahan (7-11)

    • Musa hayang ningali kamulyaan Yéhuwa (12-23)

  • 34

    • Musa nyiapkeun papan-papan batu anyar (1-4)

    • Musa ningali kamulyaan Yéhuwa (5-9)

    • Rincian perjangjian diucapkeun deui (10-28)

    • Beungeut Musa cahayaan (29-35)

  • 35

    • Pituduh ngeunaan Sabat (1-3)

    • Sumbangan keur tabernakel (4-29)

    • Bézalél jeung Oholiab dibéré kawasa suci (30-35)

  • 36

    • Sumbangan leuwih ti cukup (1-7)

    • Tabernakel dijieun (8-38)

  • 37

    • Nyieun peti perjangjian (1-9)

    • Méja (10-16)

    • Wadah lampu (17-24)

    • Mézbah dupa (25-29)

  • 38

    • Mézbah keur korban beuleuman (1-7)

    • Jolang tambaga (8)

    • Buruan tabernakel (9-20)

    • Daptar bahan-bahan keur tabernakel (21-31)

  • 39

    • Nyieun baju imam (1)

    • Éfod (2-7)

    • Panutup dada (8-21)

    • Rompi panjang (22-26)

    • Bagian séjén tina baju imam (27-29)

    • Pelat emas (30, 31)

    • Musa mariksa tabernakel (32-43)

  • 40

    • Ngadegkeun tabernakel (1-33)

    • Cahaya kamulyaan Yéhuwa minuhan tabernakel (34-38)