Pindah kana eusi

Saha Pamajikan Kain téh?

Saha Pamajikan Kain téh?

Jawaban Alkitab

 Kain téh putra cikalna pasangan manusa nu mimiti. Manéhna nikah jeung salah sahiji adi atawa baraya awéwéna. Kasimpulan ieu téh dumasar kana catetan Alkitab ngeunaan Kain jeung kulawargana.

Fakta ngeunaan Kain jeung kulawargana

  •   Kabéh manusa téh turunan Adam jeung Hawa. ”Manusa nu asalna hiji [Adam], ku pangersa Mantenna geus nepi ka minuhan ieu bumi.” (Rasul 17:26) Hawa, pamajikan Adam téh ”indung sakabeh kaom manusa”. (Kajadian 3:20) Ku kituna, Kain pasti nikah jeung turunan séjénna ti Adam sarta Hawa.

  •   Kain jeung Habil téh dua putra Hawa nu mimiti. (Kajadian 4:1, 2) Sanggeus diusir lantaran maéhan adina, Kain ngomong, ”Tangtos abdi dipaehan ku jalma nu pareng manggihan.” (Kajadian 4:14) Kain sieun dipaéhan ku saha? Alkitab nyebutkeun yén Adam ”kenging deui putra sababaraha urang”. (Kajadian 5:4) Jadi, ieu ngabuktikeun yén Kain sieun dipaéhan ku turunan Adam jeung Hawa nu séjénna.

  •   Dina awal sajarah manusa, nikah jeung baraya téh lumrah. Contona Ibrahim, hamba Allah nu satia, nikah jeung adi téréna. (Kajadian 20:12) Larangan pikeun nikah jeung baraya téh mimiti muncul dina Hukum Musa, ratusan taun sanggeus Kain maot. (Imamat 18:9, 12, 13) Béda jeung jaman ayeuna, katingalina anak nu dihasilkeun tina perkawinan jeung baraya di jaman baheula mah teu cacad.

  •   Kisah Alkitab ngeunaan Adam, Hawa, jeung kulawargana téh mangrupa catetan sajarah nu akurat. Rincian ngeunaan turunan Adam teu ngan dicatet dina buku Kajadian nu ditulis ku Musa, tapi ogé aya dina catetan nu ditulis ku ahli sajarah Ésra jeung Lukas. (Kajadian 5:3-5; 1 Babad 1:1-4; Lukas 3:38) Jalma-jalma séjénna nu nulis Alkitab ogé nyaritakeun sajarah ngeunaan Kain.​—Ibrani 11:4; 1 Yohanes 3:12; Yudas 11.