Pindah kana eusi

Naha Enya Kaén Kapan nu Aya di Turin téh Urut Ngabulen Yésus?

Naha Enya Kaén Kapan nu Aya di Turin téh Urut Ngabulen Yésus?

Jawaban Alkitab

 Alkitab teu nyebutkeun ngeunaan Kaén Kapan nu aya di Turin. Kaén éta téh mangrupa salambar kaén linén nu dianggap kaén paranti ngabulen mayitna Yésus Kristus. Ku lantaran anggapan ieu, éta kaén dijadikeun barang karamat nu suci pisan ku sababaraha garéja. Éta kaén dilindungan dina kotak kaca nu maké téknologi canggih di hiji garéja katédral di kota Turin, Italia.

 Naha Alkitab ngadukung anggapan yén Kaén Kapan nu aya di Turin téh bener-bener urut ngabulen mayit Yésus? Henteu.

 Perhatikeun pandangan umum nu papalingpang jeung catetan Alkitab dina tilu hal ieu.

  1.   Éta kaén téh mangrupa salambar kaén nu ukuranana 442 x 113 cm, sarta aya tambahan kaén 8 cm nu dikaput di salah sahiji sisi nu panjang.

     Pandangan Alkitab: Awak Yésus téh dibulen ku sababaraha lambar kaén, lain ngan ku salambar kaén linén. Kaén paranti ngabulen sirahna Yésus gé béda deui. Sanggeus Yésus dihirupkeun deui, salah sahiji rasulna datang ka kuburan nu geus kosong, terus ”ningali sababaraha kaén linén pagolétak di ditu”. Ceuk Alkitab, ”Kaén urut ngabulen sirah Yésus mah misah ngagulung, teu pagolétak jeung kaén-kaén séjénna.”​—Yohanes 20:6, 7, Terjemahan Dunia Baru (NW).

  2.   Dina éta kaén, aya tapak urut getih mayit nu teu dimandian.

     Pandangan Alkitab: Murid-murid Yésus nguburkeun mayit anjeunna ”sakumaha adat urang Yahudi nguburkeun mayit”. (Yohanes 19:39-42) Ieu téh kaasup ngamandian sarta ngucurkeun minyak jeung seuseungitan ka mayit saacan dikubur. (Mateus 26:12; Rasul 9:37) Jadi saacan dibulen ku kaén, mayit Yésus pasti geus dimandian ku murid-muridna.

  3.   Dina éta kaén, aya tapak saurang lalaki. Numutkeun Encyclopædia Britannica, éta lalaki téh digolérkeun dina kaén nu panjang, satengah kaén aya di handapeun awak éta lalaki, satengahna deui ditilepkeun tina bagian sirah pikeun nutupan kabéh awak bagian hareupna.

     Pandangan Alkitab: Lamun kaén saperti kitu mémang aya di jero kuburan Yésus, murid-murid pasti bakal ngabahas éta kaén jeung tapakna. Tapi, Alkitab teu nyebutkeun yén murid-murid ngabahas hal-hal éta. Murid-murid ngan ngabahas ngeunaan maotna Yésus, kuburanana nu kosong, jeung laporan ti awéwé-awéwé nu nyaksian ”malaikat anu ngawartoskeun yen Anjeunna hirup”.​—Lukas 24:15-24.

Naha éta kaén kudu dipuja?

 Henteu. Sanajan upamana éta kaén mémang urut ngabulen Yésus, urang teu meunang muja éta kaén. Pikirkeun prinsip-prinsip Alkitab ieu.

  1.   Éta téh teu perlu. Yésus ngajelaskeun yén lantaran Allah téh wujudna roh, jalma-jalma kudu nyembah Mantenna ku roh suci jeung bebeneran. (Yohanes 4:24) Barang karamat, patung, atawa gambar teu meunang digunakeun dina ibadah sajati.

  2.   Éta téh dilarang. Dina Sapuluh Paréntah nu aya dina Hukum Musa, nyembah brahala téh dilarang. (Pamindo 5:6-10) Kitu ogé, Alkitab maréntahkeun urang Kristen, ”Sing ati-ati ka [”singkahan”, Terjemahan Dunia Baru (NW)] allah-allah palsu.” (1 Yohanes 5:21) Sababaraha ngomong yén éta kaén mah lain brahala, da teu disembah-sembah, ngan dijadikeun lambang wungkul. Tapi lamun geus dipuja, barang atawa lambang naon waé, geus bisa disebut brahala. a Ku kituna, jalma nu hayang nyenangkeun Allah moal ngabakti atawa muja ka barang naon waé, kaasup kaén kapan éta.

a Brahala téh mangrupa gambar, barang, atawa lambang naon waé nu dipuja atawa dijadikeun sesembahan.