Pindah kana eusi

Naha Pangajaran Api Penyucian téh Aya dina Alkitab?

Naha Pangajaran Api Penyucian téh Aya dina Alkitab?

Jawaban Alkitab

 Henteu. Dina Alkitab, euweuh kecap ”api penyucian” sarta euweuh pangajaran ngeunaan jiwa nu geus maot nu bakal disucikeun dina api penyucian. a Perhatikeun pangajaran Alkitab ngeunaan dosa jeung maot nu teu sajalan jeung api penyucian.

  •   Nu bisa ngabersihkeun dosa urang téh getih Yésus, lainna api penyucian. Alkitab nyebutkeun yén ”diri urang geus beresih tina dosa ku karana getih Yesus Putra [Allah]” sarta ”Yésus Kristus . . . ngabébaskeun urang tina dosa ku getihna”. (1 Yohanes 1:7; Wahyu 1:5, Terjemahan Dunia Baru) Yésus ”ngorbankeun nyawa-Na supaya jelema-jelema” dibébaskeun tina dosa.​—Mateus 20:28.

  •   Jalma nu geus maot teu nyaho nanaon. ”Nu hirup mah nyaho yen bakal paeh. Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon.” (Pandita 9:5) Jalma nu geus maot teu bisa ngarasa nyeri, jadi moal bisa dibersihkeun dina siksaan api penyucian.

  •   Euweuh hukuman pikeun dosa-dosa jalma nu geus maot. Alkitab nyebutkeun yén ”upahna dosa teh maot” jeung ”ari geus maot mah jelema teh leupas tina pangaruh dosa”. (Rum 6:7, 23) Sanggeus maot, dosa saurang jalma geus punah, jadi manéhna moal narima hukuman deui.

a Numutkeun buku Orpheus: A General History of Religions, euweuh sakecap-kecap acan nu nyebutkeun ngeunaan api penyucian dina Injil. New Catholic Encyclopedia ogé nyebutkeun, ”Numutkeun panalungtikan nu pangahirna, pangajaran Katolik ngeunaan api penyucian téh dumasar kana tradisi, lain kana Kitab Suci.”​—Édisi Kadua, Jilid 11, kaca 825.

b Tingali New Catholic Encyclopedia, Edisi Kadua, Jilid 11, kaca  824.