Pindah kana eusi

Ku Naon Katengtreman Dunya Hésé Kahontal?

Ku Naon Katengtreman Dunya Hésé Kahontal?

Jawaban Alkitab

 Sagala upaya manusa pikeun nyieun dunya tengtrem téh teu pernah hasil sarta bakal terus gagal lantaran:

  •   ”Manusa teu kawasa pikeun nangtukeun léngkahna sorangan.” (Yermia 10:23, NW) Manusa teu diciptakeun ku kamampuh atawa dibéré hak pikeun maréntah dirina sorangan, jadi mustahil manusa bisa nyieun dunya tengtrem.

  •   ”Ulah ngaharep ka para pamingpin nu sipat manusa, da moal bisaeun nyalametkeun. Jalma mah ari geus paraeh jaradi deui lebu, sagala pamaksudanana ge harita musna.” (Jabur 146:3, 4) Pangawasa manusa, sanajan nu boga niat nu panghadéna gé, moal pernah bisa nyingkirkeun hal nu nyababkeun peperangan.

  •   ”Dina ahir jaman bakal loba kasukeran. Jalma-jalma . . . dedegler, ijid ka jelema hade; resep ngahianat, sambarangan, aradigung.” (2 Timoteus 3:1-4) Ayeuna, urang téh geus hirup dina ”ahir jaman” di dunya nu jahat ieu. Jalma-jalmana boga sipat nu nyieun dunya teu tengtrem.

  •   ”Cilaka bumi jeung laut! Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.” (Wahyu 12:12) Musuh Allah, nyaéta si Iblis, nyaho waktuna geus teu lila deui. Manéhna teterusan mangaruhan jalma-jalma supaya boga sipat bengis siga manéhna. Salila manéhna masih ”nyarangking kawasa di ieu dunya”, urang moal bisa hirup tengtrem.—Yohanes 12:31.

  •   Karajaan Allah ”bakal numpes numpurkeun karajaan-karajaan anu tadi tea sadayana, lajeng ngadeg salalanggengna”. (Daniel 2:44) Ngan Karajaan Allah nu bisa nyieun dunya tengtrem salawasna, lainna pamaréntahan manusa.—Jabur 145:16.