Pindah kana eusi

Naon Maksudna Kudu ”Hormat ka Indung Bapa”?

Naon Maksudna Kudu ”Hormat ka Indung Bapa”?

Jawaban Alkitab

 Dina Alkitab, paréntah pikeun ”hormat ka indung bapa” téh sering disebutkeun. (Mateus 15:4; Budalan 20:12; Pamindo 5:16; Epesus 6:2, 3) Aya opat hal nu kudu dilakukeun pikeun némbongkeun hormat ka kolot.

  1.   Ngahargaan maranéhna. Lamun urang nganuhunkeun kana sagala nu geus dilakukeun ku kolot, éta hartina urang ngahargaan maranéhna. Urang ogé bisa ngahargaan kolot ku cara ngajénan naséhat maranéhna. (Siloka 7:1, 2; 23:26) Alkitab méré naséhat sangkan urang ”agul” ku kolot, maksudna urang kudu reueus jadi budak maranéhna.—Siloka 17:6.

  2.   Tunduk ka maranéhna. Lamun ngarti yén Allah geus masihan wewenang ka kolot, urang kudu hormat ka indung bapa, komo deui lamun urang ngora kénéh. Kolosa 3:20 méré naséhat ka budak ngora, ”Salawasna kudu nurut ka kolot. Budak nu nurut ka kolot bakal diasih ku Allah.” Malah, Yésus nu ngora gé daék nurut ka kolotna padahal anjeunna téh manusa sampurna.—Lukas 2:51.

  3.   Ngahormat ka maranéhna. (Imamat 19:3; Ibrani 12:9) Urang ngahormat kolot ku kekecapan urang jeung cara urang nepikeunana. Mémang, sakapeung tindakan kolot bisa ngalantarankeun urang hésé ngahormat ka maranéhna. Sanajan kitu, urang tetep teu meunang ngomong jeung ngalakukeun hal nu teu sopan. (Siloka 30:17) Ceuk Alkitab, ngomong kasar ka kolot téh mangrupa dosa gedé.—Mateus 15:4.

  4.   Ngurus maranéhna. Waktu indung bapa urang ngolotan, bisa jadi maranéhna butuh bantuan urang. Urang bisa ngahormat ka kolot ku cara sabisa-bisana méré nu dibutuhkeun ku maranéhna. (1 Timoteus 5:4, 8) Misalna saacan maot, Yésus mastikeun yén bakal aya nu ngurus indungna.—Yohanes 19:25-27.

Pamikiran nu salah ngeunaan cara ngahormat indung bapa

 Pamikiran nu salah: Lantaran urang ngahormat ka kolot, kolot meunang ngatur perkawinan urang.

 Fakta: Alkitab ngajarkeun yén salaki pamajikan kudu ngutamakeun perkawinanana ti batan hubungan kulawarga nu séjénna. Kajadian 2:24 nyebutkeun, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona.” (Mateus 19:4, 5) Mémang, salaki pamajikan bisa waé ngadéngékeun naséhat kolot atawa mitohana. (Siloka 23:22) Tapi, maranéhna kudu nangtukeun sakumaha jauh kolot atawa mitohana bisa pipilueun dina urusan rumah tanggana.—Mateus 19:6.

 Pamikiran nu salah: Kolot boga wewenang pikeun nangtukeun sagalana.

 Fakta: Sanajan Allah méré wewenang ka kolot pikeun ngatur kulawarga, sakabéh wewenang manusa aya watesna. Wewenang manusa moal pernah ngaleuwihan wewenang Allah. Misalna, waktu Mahkamah maréntahkeun murid-murid Yésus pikeun teu taat ka Allah, maranéhna ngajawab, ”Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.” (Rasul 5:27-29) Kitu ogé, budak kudu nurut ka kolotna ”sakumaha anu dipiharep ku Gusti”, maksudna salila éta teu ngalanggar paréntah Allah.—Epesus 6:1, Terjemahan Dunia Baru.

 Pamikiran nu salah: Ngahormat kolot hartina kudu boga agama nu sarua jeung kolot.

 Fakta: Alkitab ngajurung urang pikeun mariksa bener henteuna nu diajarkeun ka urang. (Rasul 17:11; 1 Yohanes 4:1) Jadi, bisa waé budak milih agama nu béda ti kolotna. Alkitab nyebutkeun sababaraha hamba Allah nu satia nu teu pipilueun agama kolotna, misalna Ibrahim, Rut, jeung Rasul Paulus.—Yosua 24:2, 14, 15; Rut 1:15, 16; Galata 1:14-16, 22-24.

 Pamikiran nu salah: Ngahormat kolot hartina kudu miluan adat kabiasaan pikeun nyembah karuhun.

 Fakta: Alkitab ngajelaskeun, ”Maneh kudu nyembah ka Pangeran Allah maneh sarta kudu ngabakti ngan ka Mantenna!” (Lukas 4:8) Allah teu resep lamun urang nyembah ka karuhun. Alkitab ogé ngajarkeun yén ”nu paeh mah teu nyaho naon-naon”. Nu geus maot moal nyahoeun lamun urang méré sasajén naon waé. Maranéhna gé moal bisa mantuan atawa nyilakakeun urang.—Pandita 9:5, 10; Yesaya 8:19.