Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Dinosaurus?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Dinosaurus?

Jawaban Alkitab

 Alkitab teu nyebutkeun sacara langsung ngeunaan dinosaurus. Tapi, Alkitab méré nyaho yén Allah ”nu nyiptakeun saniskara”, jadi tangtu dinosaurus téh kaasup nu diciptakeun ku Allah. a (Wahyu 4:11) Sanajan teu nyebutkeun dinosaurus, Alkitab nyebutkeun sababaraha kelompok sasatoan. Bisa jadi dinosaurus téh kaasup dina salah sahiji kelompok éta.

Naha dinosaurus téh hasil évolusi ti sato séjén?

 Numutkeun fosil-fosil nu aya, dinosaurus téh henteu muncul ku lantaran évolusi sabab fosilna béda pisan ti sato séjén nu muncul saacan atawa sanggeusna. Ieu luyu jeung nu disebutkeun Alkitab yén Allah nu nyiptakeun sasatoan. Misalna, Jabur 146:6 ngajelaskeun yén Allah ”nu ngadamel langit jeung bumi, laut katut saeusina”.

Iraha dinosaurus hirup?

 Alkitab ngajelaskeun yén sato laut jeung sato darat diciptakeun dina poé kalima jeung kagenep waktu Allah nyiptakeun jagat raya. b (Kajadian 1:20-25, 31) Jadi numutkeun Alkitab, dinosaurus téh hirup dina hiji jangka waktu anu lila.

Naha Léwiatan téh dinosaurus?

 Lain. Sanajan Léwiatan nu disebutkeun dina buku Ayub teu bisa dipastikeun sato naon, katingalina sato ieu téh buhaya. Ieu cocog jeung ciri-ciri nu disebutkeun dina Kitab Suci. (Ayub 40:15-23; 41:1, 14-17, 31) Jadi, ”Lewiatan” téh lain dinosaurus. Allah nitah Ayub pikeun merhatikeun sato ieu. Harita, Ayub téh hirupna jauh sanggeus dinosaurus punah.​—Ayub 40:16; 41:8.

Ku naon dinosaurus bisa punah?

 Alkitab teu ngajelaskeun alesanana. Tapi, Alkitab nyebutkeun yén kabéh diciptakeun téh ”ku karana pangersa Gusti”. (Wahyu 4:11) Jadi, Allah pasti boga tujuan dina nyiptakeun dinosaurus. Waktu tujuan éta geus kahontal, dinosaurus diantep sina punah.

a Lantaran aya fosilna, dinosaurus téh mémang pernah aya. Malahan fosil-fosil éta nunjukkeun yén dina hiji mangsa, dinosaurus téh aya loba pisan jeung rupa-rupa bentuk tur ukuranana.

b Dina Alkitab, kecap ”poe” bisa ngamaksudkeun jangka waktu rébuan taun.​—Kajadian 1:31; 2:1-4; Ibrani 4:4, 11.