Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?

Jawaban Alkitab

 Alkitab ngajurung urang pikeun méré sumbangan nu iklas jeung niat nu bener. Alkitab némbongkeun méré sumbangan siga kitu téh mangpaatna teu ngan keur nu narimana wungkul, tapi ogé keur nu méréna. (Siloka 11:25; Lukas 6:38) Ceuk Yésus, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.”—Rasul 20:35.

 Sumbangan siga kumaha nu nyenangkeun Allah?

 Sumbangan nu iklas nu bisa nyenangkeun Allah. Ceuk Alkitab, ”Mere teh kudu cop jeung hate, ulah owel atawa asa dipaksa. Anu mere reujeung suka lilah tangtu diasih ku Allah.”—2 Korinta 9:7.

 Méré sumbangan nu iklas téh dibutuhkeun sangkan ”ibadah” urang ditarima ku Allah. (Yakobus 1:27) Jalma nu réla nyumbang ka nu butuh téh nyenangkeun Allah. Keur Allah, jalma éta siga nginjeumkeun pangabogana ka Mantenna. (Siloka 19:17) Alkitab méré nyaho yén Allah bakal balik ngaberkahan jalma nu méréna éta.—Lukas 14:12-14.

 Sumbangan siga kumaha nu teu nyenangkeun Allah?

 Lamun jalmana boga niat nu salah. Contona:

 Sumbangan nu dipaké pikeun hal-hal nu dikutuk ku Allah. Misalna, urang teu perlu méré sumbangan lamun nyaho éta bakal dipaké keur judi, narkoba, atawa alkohol. (1 Korinta 6:9, 10; 2 Korinta 7:1) Kitu ogé, urang teu perlu méré sumbangan ka jalma nu sabenerna bisa nyumponan pangabutuhna tapi embung digawé.—2 Tesalonika 3:10.

 Sumbangan nu nyababkeun hiji jalma teu ngajalankeun tanggung jawabna ka Allah. Alkitab ngajarkeun yén kapala kulawarga kudu nyumponan pangabutuh rumah tanggana. (1 Timoteus 5:8) Tangtu teu bener lamun anggota kulawarga jadi sangsara gara-gara kapala kulawargana nyumbang kaleuleuwihi ka batur. Yésus ogé ngutuk jalma nu maké alesan yén kabéh hartana ”geus dibaktikeun ka Allah”, tuluy embung nyumponan pangabutuh kolotna nu geus sepuh.—Markus 7:9-13.