Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | CARANA NGADIDIK BUDAK

Barudak jeung Média Sosial​—Bagian 1: Budak Abdi Geus Siap Kitu Maké Média Sosial?

Barudak jeung Média Sosial​—Bagian 1: Budak Abdi Geus Siap Kitu Maké Média Sosial?

 Dina hiji panalitian, 97 persén rumaja téh maké média sosial. Naha budak Anjeun ogé hayang maké média sosial? Mun enya, aya sababaraha hal nu perlu diperhatikeun ku Anjeun.

Nu bakal dibahas

 Kumaha carana budak ngagunakeun waktu?

 Ceuk hiji situs Internét nu ngaranna HelpGuide, ”Média sosial téh dirancang pikeun narik perhatian Anjeun, nyieun Anjeun hayang teterusan muka Internét. Tungtungna, Anjeun bakal bolak-balik muka HP lantaran hayang ningali naon nu panganyarna.”

 ”Hayangna mah ngagunakeun média sosial ngan sakeudeung, tapi teu karasa abdi geus mangjam-jam ngagunakeunana. Abdi téh hayang pisan neundeun HP terus ngalakukeun kagiatan-kagiatan anu leuwih penting, tapi éta téh hésé pisan.”​—Lynne, 20 taun.

 Pék pikirkeun: Naha budak abdi bakal nurut mun dibéré jatah waktu keur maké média sosial? Manéhna geus bisa can netepkeun sorangan waktu keur ngagunakeun média sosial?

 Prinsip Kitab Suci: ”Terus perhatikeun bener-bener cara hirup aranjeun, kudu jadi jalma nu bijaksana . . . Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna, sabab jaman kiwari téh jahat.”—Éfésus 5:15, 16.

Lamun Anjeun ngidinan budak ngagunakeun média sosial tapi teu dibéré bingbingan heula saacanna, éta sarua siga ngantep manéhna numpak kuda tapi teu pernah dilatih heula saacanna

 Kumaha pandangan budak kana sosobatan?

 ”Média sosial” téh dirancang supaya jalma-jalma ngarasa boga loba babaturan, padahal mah biasana babaturan dina Internét téh lain sobat sajati.

 ”Barudak ngora ayeuna mah sok salah paham. Lamun boga loba babaturan dina média sosial atawa lamun anu resep kana postinganana téh loba, maranéhna nyangka jalma-jalma éta téh paduli ka maranéhna, padahal mah kenal gé henteu.”​—Patricia, 17 taun.

 Pék pikirkeun: Budak abdi geus ngarti can yén kasohor dina média sosial téh lain hal nu penting? Salian dina média sosial, budak abdi boga sobat di dunya nyata teu?

 Prinsip Kitab Suci: ”Sobat salawasna sok némbongkeun kanyaahna . . . silih tulungan dina kasusah.”​—Siloka 17:17.

 Kumaha kaséhatan émosi budak?

 Para panaliti merhatikeun, jalma anu sering teuing ngagunakeun média sosial téh sok ngarasa teu boga batur, hariwang, malahan mah aya nu déprési.

 ”Pasti teu ngeunah ningali poto babaturan urang keur ulin babarengan tapi ari urang teu diajakan.”​—Serena, 19 taun.

 Pék pikirkeun: Bisa teu budak abdi teu ngan mikirkeun dirina sorangan, teu resep saingan, atawa teu kapangaruhan teuing kana naon nu ditingalian ku manéhna di média sosial?

 Prinsip Kitab Suci: ”Ulah ngarasa diri hébat, ulah papanas-panas supaya saingan, jeung ulah pasirik-sirik.”​—Galatia 5:26.

 Kumaha kalakuan budak dina média sosial?

 Dina média sosial téh loba jalma nu omonganana kasar jeung sok ngirimkeun gambar atawa chat nu eusina téh hal-hal jorang. Meureun budak Anjeun teu ngalakukeun hal éta, tapi manéhna bisa waé kapangaruhan.

 ”Dina média sosial téh loba hal nu katingalina aman-aman waé, tapi sabenerna mah ngaruksak pisan. Loba pisan nu omonganana jorang, jeung loba musik nu ngajurung batur pikeun ngalakukeun hal nu teu bener.”​—Linda, 23 taun.

 Pék pikirkeun: Naha enya budak abdi téh bisa ngagunakeun média sosial ku cara nu bijaksana? Naha enya budak abdi téh sanggup nyingkahan hal-hal teu pantes nu ujug-ujug muncul?

 Prinsip Kitab Suci: ”Lampah cabul jeung sagala rupa kanajisan atawa kasarakahan ulah disebut-sebut acan di antara aranjeun, kitu ogé jeung kalakuan nu ngérakeun atawa omong kosong atawa bobodoran jorang.”—Éfésus 5:3, 4.

 Naha média sosial téh perlu?

 Média sosial téh lain anu pangpentingna dina kahirupan. Média sosial gé moal nyieun urang hirup bagja. Loba barudak ngora anu tetep bagja sanajan henteu ngagunakeun média sosial atawa pernah ngagunakeunana tapi ayeuna geus eureun.

 ”Média sosial méré pangaruh nu goréng ka si Tétéh, jadi abdi mutuskeun pikeun eureun maké média sosial. Ti saprak harita, kahirupan abdi jadi leuwih bagja. Abdi gé jadi boga loba pangalaman alus dina kahirupan.”​—Nathan, 17 taun.

 Kasimpulanana: Saacan ngidinan barudak ngagunakeun média sosial, pastikeun heula naha manéhna téh geus bisa ngatur waktu dina ngagunakeun média sosial, bisa néangan babaturan nu bener, sarta bisa nyingkahan hal-hal nu teu pantes.

 Prinsip Kitab Suci: ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.”​—Siloka 14:15.