Pindah kana eusi

Tetep Teger Sanajan Boga Masalah Nu Beurat

Tetep Teger Sanajan Boga Masalah Nu Beurat

 Virginia, salah saurang Saksi Yéhuwa, katerap ku panyakit nu ngaranna locked-in syndrome, atawa stroke dina batang otak. Awakna téh lumpuh. Manéhna teu bisa ngomong atawa dahar. Tapi manéhna téh bisa ngadéngé jeung ningali, ngiceupkeun panon, jeung ngagerakkeun sirahna saeutik. Baheula manéhna téh séhat jeung jagjag. Tapi hiji waktu dina 1997, dina tukangeun sirahna karasa nyeri pisan jeung teu leungit-leungit. Sanggeus dibawa ku salakina ka rumah sakit, peutingna manéhna langsung koma. Dua minggu sanggeusna, manéhna hudang di ICU, lumpuh jeung maké alat bantu pernafasan. Keur sababaraha poé, manéhna teu inget nanaon, malah mah teu inget saha manéhna.

 Virginia nyaritakeun kajadian sangguesna, ”Lalaunan, ingetan abdi pulih. Abdi terus ngadoa. Abdi teu hayang maot jeung ninggalkeun budak abdi nu leutik kénéh. Jadi supaya bisa teger, abdi upaya pikeun nginget saloba-lobana ayat Alkitab.

 ”Ahirna dokter mindahkeun abdi ti ICU. Sanggeus genep bulan pundah-pindah rumah sakit jeung di rawat di salah sahiji pusat réhabilitasi, ahirna abdi dipulangkeun. Abdi masih lumpuh total jeung rék nanaon gé masih perlu dibantu. Abdi jadi leutik haté! Abdi ngarasa euweuh gunana keur batur jeung Yéhuwa. Abdi gé jadi bingung kumaha ngurus budak mun kaayaan abdi siga kieu.

 ”Abdi maca pangalaman Saksi séjén nu boga masalah kaséhatan nu parah siga abdi. Meni tajub ningali maranéhna masih bisa ngawula Yéhuwa. Ku lantaran éta, abdi jadi leuwih positif jeung leuwih mikirkeun naon nu bisa dilakukeun ku abdi. Saacan gering, abdi teu pati boga loba waktu keur kagiatan rohani. Tapi ayeuna mah abdi boga loba waktu, malah unggal poé. Jadi tibatan teterusan ngarasa nalangsa, abdi leuwih mikirkeun pangbaktian abdi ka Yéhuwa.

 ”Abdi diajar maké komputer. Aya program nu bisa ngabantu ngetikkeun kekecapan ku maca gerak sirah abdi. Mémang makéna rada capé, tapi program ieu ngabantu abdi diajar Alkitab jeung nyaritakeun iman abdi ka batur liwat surat atawa e-mail. Supaya bisa komunikasi jeung batur, abdi boga papan nu ditulisan huruf-huruf. Jalma nu maturan abdi bakal nunjuk hurufna hiji-hiji. Mun hurufna salah, abdi bakal beunta. Mun hurufna sarua jeung nu dimaksud ku abdi, abdi bakal peureum. Éta téh terus dilakukeun nepi ka urang bisa nyieun kalimah-kalimah. Lila-lila sababaraha sadérék istri nu sok maturan abdi jadi bisa nebak naon nu rék diomongkeun ku abdi. Sakapeung sok aya nu salah, tapi urang mah seuseurian wéh.

Komunikasi liwat papan nu ditempelan hurup-hurup

 ”Bisa ngalakukeun kagiatan jeung sidang téh ngabungahkeun abdi. Abdi milu masamoan ku vidéo call. Abdi bakal ngetik koméntar abdi, engké aya nu mangmacakeun koméntarna waktu bagianna dibahas. Sababaraha sadérék gé sok nongton acara JW Broadcasting jeung abdi. a

 ”Geus 23 taun abdi boga sindrom ieu. Sakapeung abdi sok ngarasa sedih. Tapi parasaan éta bisa dileungitkeun lamun abdi ngadoa, campur gaul jeung sadérék-sadérék di sidang, jeung tetep getol ngalakukeun kagiatan rohani. Malahan ku bantuan sadérék-sadérék, abdi bisa naratas ékstra salila genep taun. Abdi upaya pikeun jadi tuladan nu hadé keur budak abdi, Alessandro, nu ayeuna geus nikah jeung geus jadi kokolot. Manéhna jeung pamajikanana ngawula jadi panaratas biasa.

 ”Abdi sok ngalenyepan naon waé nu bisa dilakukeun ku abdi di pirdaus. Nu pangmimitina, abdi hayang nyarita ngeunaan Yéhuwa ku sora abdi sorangan. Abdi gé hayang ningali pamandangan nu éndah bari leumpang di gigireun walungan leutik. Meni hayang pisan metik apel tina tangkalna sorangan! Abdi pan urang Italia, jadi abdi gé hayang pisan nyieun dahareun Italia, kaasup pizza.

 ”Pikiran abdi téh terus dijaga lantaran aya ’harepan kasalametan’”. (1 Tésalonika 5:8) Sanajan ayeuna kagiatan abdi kawates, abdi bisa tetep bungah ngabayangkeun bakal sakumaha bagjana hirup di dunya anyar. Abdi yakin éta téh moal lila deui. Abdi teu sabar ngadagoan ’kahirupan nu sajati’ nu geus dijangjikeun ku Yéhuwa ku jalan Pamaréntahana-Na.”​—1 Timotius 6:19; Matius 6:9, 10.

a Link kana acara JW Broadcasting aya dina jw.org.