Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Ahirna Abdi Rukun jeung Bapa

Ahirna Abdi Rukun jeung Bapa
  • LAHIR TAUN: 1954

  • NAGRI ASAL: Filipina

  • KASANG TUKANG: Ngéwa ka bapa nu kejem

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Loba jalma osok daratang ka curug nu kasohor di deukeut kota Pagsanjan di Filipina. Di ditu bapa abdi, Nardo Leron, digedékeun dina kulawarga nu miskin. Lantaran sering ningali pamaréntah, pulisi, jeung batur gawéna osok korupsi, manéhna jadi kasar jeung sok ambek.

 Kolot abdi digawé banting tulang pikeun ngagedékeun dalapan budak. Maranéhna jarang aya di imah lantaran gawéna di sawah nu jauh di daérah pagunungan. Jadi abdi jeung lanceuk abdi, Rodelio, kudu ngurus diri sorangan sarta sering kalaparan. Ti saprak umur tujuh taun, abdi jeung kabéh adi lanceuk téh kudu digawé di kebon, manggul loba kalapa bari naék-turun gunung. Lamun beurat teuing, kapaksa ku urang digusur. Jadi basa keur leutik, urang téh jarang ulin.

 Urang sok diteunggeulan ku bapa. Mani nyeri, tapi leuwih nyeri mun ningali si Mamah nu diteunggeulan. Urang geus nyoba ngeureunkeun si Bapa, tapi teu bisa. Abdi jeung Rodelio nyieun rencana rék maéhan si Bapa lamun urang geus rada gedé. Abdi téh hayang pisan boga bapa nu nyaahan!

 Lantaran keuheul jeung geus teu tahan ningali kalakuan kejem si Bapa, abdi minggat ti imah basa umur 14 taun. Abdi hirup di jalanan, abdi ogé nyobaan maké ganja. Tapi ahirna, abdi digawé jadi tukang nganteurkeun jalma-jalma ka curug maké parahu.

 Sababaraha taun sanggeusna, abdi kuliah di Manila. Tapi lantaran abdi kudu bulak-balik ka Pagsanjan pikeun digawé dina ahir minggu, abdi ampir teu boga waktu pikeun diajar. Hirup abdi téh susah jeung teu aya tujuan. Ganja gé geus teu bisa ngurangan kahariwangan abdi. Jadi abdi nyobaan maké sabu-sabu, kokain, jeung héroin. Mun geus maké narkoba, biasana pasti hirup rucah ogé. Abdi ningali aya loba kamiskinan, kateuadilan, jeung kasangsaraan di sakuriling abdi. Abdi nempuhkeun ka pamaréntah, ngarasa sakuduna maranéhna nu tanggung jawab. Abdi nanya ka Allah, ”Ku naon hirup téh mani siga kieu?” Abdi néangan jawabanana ka sababaraha agama, tapi teu kapanggih kénéh. Supaya teu pati sedih, abdi maké narkoba leuwih loba deui.

 Dina taun 1972, para mahasiswa di Filipina ngayakeun loba démo pikeun ngalawan pamaréntah. Abdi miluan salah sahiji démo, nu ahirna jadi karusuhan. Loba jalma ditéwakan. Sababaraha bulan sanggeusna, diumumkeun yén di sakuliah nagri téh keur darurat militér.

 Abdi hirup di jalanan deui. Abdi sieun ka pamaréntah lantaran geus pernah milu démo ngalawan pamaréntah. Supaya bisa meuli narkoba, abdi sok maok jeung ngalacurkeun diri ka jalma beunghar jeung urang deungeun. Abdi geus teu paduli, rék hirup rék paéh gé.

 Mamah jeung adi lalaki abdi mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Si Bapa téh ngamuk, tuluy ngaduruk bacaan-bacaan Alkitab maranéhna. Tapi, si Mamah jeung adi abdi tetep teger jeung dibaptis jadi Saksi.

 Hiji poé, saurang Saksi ngobrol jeung bapa abdi. Manéhna nyaritakeun jangji tina Alkitab yén di mangsa kahareup moal aya kateuadilan deui di sakuliah dunya. (Jabur 72:12-14) Si bapa jadi panasaran, tuluy manéhna mariksa sorangan tina Alkitab. Salian maca jangji Allah ngeunaan pamaréntahan nu adil, si Bapa ogé maca ngeunaan naon nu dipiharep ku Allah ti salaki jeung saurang bapa. (Epesus 5:28; 6:4) Teu lila, manéhna jeung kabéh adi lanceuk abdi jadi Saksi Yéhuwa. Tapi abdi teu nyaho nanaon, da geus jauh ti imah.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Dina taun 1978, abdi pindah ka Australia. Tapi sanajan geus cicing di nagri nu tengtrem tur makmur gé, parasaan abdi tetep guligah. Abdi masih kénéh nginum alkohol jeung maké narkoba. Dina taun éta kénéh, aya Saksi Yéhuwa nu ngadatangan abdi. Abdi resep kana jangji tina Alkitab ngeunaan bumi nu rukun, tapi abdi embung aya hubungan leuwih jauh jeung Saksi Yéhuwa.

 Teu lila, abdi balik ka Filipina keur sababaraha minggu. Adi lanceuk abdi nyarita yén si Bapa geus upaya pikeun jadi jalma nu leuwih bageur. Tapi lantaran geus nyeri haté pisan, abdi embung ngobrol saeutik-eutik acan jeung manéhna.

 Adi awéwé abdi ngajelaskeun tina Alkitab, ku naon kahirupan téh pinuh ku kasangsaraan jeung kateuadilan. Abdi tajub lantaran budak nu rumaja kénéh siga manéhna geus bisa ngajawab pananya-pananya abdi. Saacan abdi balik, bapa méré abdi buku Saudara Dapat Hidup Kekal dalam Firdaus di Bumi. * Ceuk manéhna, ”Geus, ulah néang kamamana deui. Nu salila ieu ditéangan ku manéh aya dina buku ieu.” Manéhna nitah abdi néangan Saksi-Saksi Yéhuwa di Australia.

 Abdi nuturkeun naséhat si Bapa, tuluy datang ka Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa di deukeut imah abdi di Brisbane. Abdi satuju pikeun diajar Alkitab. Ramalan Alkitab di Daniel pasal 7 jeung Yesaya pasal 9 nunjukkeun yén di mangsa kahareup, pamaréntahan Allah nu bébas korupsi bakal maréntah sakuliah bumi. Abdi ogé diajar yén kahirupan di bumi bakal éndah. Abdi hayang kamanah ku Allah, tapi abdi sadar yén abdi kudu ngadalikeun émosi, teu maké narkoba jeung alkohol deui, sarta eureun hirup rucah. Abdi misah ti awéwé nu asalna hirup bareng jeung abdi. Abdi gé geus teu kacanduan alkohol jeung narkoba deui. Abdi beuki percaya ka Yéhuwa, jadi abdi ngadoa ménta pitulung-Na supaya bisa nyieun parobahan séjén.

 Lalaunan abdi sadar yén pangajaran nu ditarima ku abdi téh bener-bener bisa ngarobah hiji jalma. Alkitab nyebutkeun yén lamun upaya, urang bisa maké ”kapribadian anu anyar”. (Kolosa 3:9, 10, Sunda Formal) Bari ngupayakeun diri pikeun barobah, abdi mikir, bisa jadi si Bapa téh mémang bener-bener geus barobah. Abdi teu ambek jeung teu ngamusuhan si Bapa deui, sabalikna ayeuna mah abdi hayang rukun jeung manéhna. Ahirna, abdi ngahampura si Bapa jeung henteu ngéwa deui siga basa keur leutik.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Sabagé budak ngora, abdi osok pipilueun batur ngalakukeun hal nu bahaya jeung ngaruksak kaséhatan. Naséhat Alkitab téh kabukti bener dina kahirupan abdi, pergaulan nu goréng nyasabkeun abdi. (1 Korinta 15:33) Tapi, abdi boga babaturan Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngabantu abdi barobah jadi jalma nu leuwih hadé. Salah sahijina téh awéwé nu bageur pisan nu ngaranna Loretta. Ayeuna, manéhna geus jadi pamajikan abdi. Urang duaan ngajarkeun naséhat Alkitab nu bisa ngabantu jalma-jalma.

Dahar bareng jeung pamajikan sarta babaturan

 Ku bantuan Alkitab, abdi ningali si Bapa barobah jadi jalma nu saacanna teu pernah kabayangkeun ku abdi. Si Bapa jadi salaki nu nyaah ka pamajikan jeung urang Kristen nu rendah haté tur resep rukun. Dina taun 1987, abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa. Sanggeusna abdi panggih jeung si Bapa, tuluy si Bapa nangkeup abdi. Kakara harita abdi ditangkeup ku si Bapa!

 Salila leuwih ti 35 taun, si Bapa jeung Mamah terus nyaritakeun harepan tina Alkitab ka batur. Si bapa jadi jalma nu getol, perhatian, jeung dikenal resep mantuan batur. Abdi jadi ngahargaan jeung nyaah ka manéhna. Abdi reueus jadi budakna! Bapa ngantunkeun dina taun 2016. Nu diinget ku abdi téh kahadéanana nu kacida. Lantaran ngalarapkeun pangajaran Alkitab, kapribadian abdi jeung bapa bisa barobah. Abdi sama sakali geus teu ngéwa deui ka si Bapa. Abdi ogé nganuhunkeun pisan lantaran kenal ka Bapa di sawarga, Yéhuwa, nu ngajangjikeun pikeun mungkas kabéh kasangsaraan nu kaalaman ku kulawarga-kulawarga di sakuliah dunya.

^ Dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa, tapi geus teu dicitak deui.