Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Hirup Abdi Balangsak

Hirup Abdi Balangsak
  • Lahir Taun: 1971

  • Nagri Asal: Tonga

  • Kasang Tukang: Kacanduan narkoba, dipanjara

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Kulawarga abdi asalna ti Tonga, hiji nagri nu aya di Pasifik beulah kulon-kidul. Di nagri ieu aya kira-kira 170 pulo. Kahirupan abdi sakulawarga saderhana. Sanajan teu boga listrik atawa kendaraan, di imah geus aya lédeng, urang gé boga sababaraha hayam. Lamun keur libur sakola, abdi jeung dua adi lanceuk abdi nu lalaki mantuan Bapa ngurus kebon. Di ditu urang melak cau, hui, taleus, jeung sampeu. Hasilna sok dijual keur nambahan napkah lantaran Bapa téh gawéna teu tangtu. Saperti jalma-jalma séjén di Pasifik, kulawarga abdi ngajénan pisan kana Alkitab. Urang gé rutin ka garéja. Tapi urang percaya yén hiji-hijina cara boga kahirupan nu hadé téh nya pindah ka nagri séjén nu leuwih makmur.

 Waktu abdi umur 16 taun, Emang ngatur sangkan kulawarga abdi pindah ka Kalifornia, AS. Parobahan kabudayaan ieu bener-bener teu gampang disanghareupan ku abdi sakulawarga! Sacara ékonomi kaayaan kulawarga abdi mémang leuwih alus, tapi urang cicing di daérah miskin nu loba kajahatan jeung narkobana. Peuting-peuting, urang sok ngadéngé sora péstol, kalolobaan tatangga urang gé sieuneun ka géng-géng nu jahat. Loba jalma mawa péstol pikeun ngalindungan diri atawa méréskeun pasualan. Ku lantaran éta, di dada abdi masih aya pélor nepi ka ayeuna.

 Basa keur SMA, abdi hayang ditarima ku babaturan. Abdi jadi pipilueun ka pésta-pésta bejad, sok nginum-nginum, gelut, jeung ngagunakeun narkoba. Ahirna, abdi kacanduan kokain, jeung sok maok pikeun meuli narkoba. Sanajan kulawarga abdi getol ka garéja, abdi tara dibingbing sangkan teu kabawa ku sakaba-kaba. Sababaraha kali abdi ditéwak ku pulisi lantaran nyilakakeun batur maké senjata. Hirup abdi balangsak! Ahirna, abdi diasupkeun ka panjara.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Dina poé Natal dina taun 1997, aya batur sapanjara nu ningali abdi nyekel Alkitab. Poé éta dianggap poé pangsucina ku urang Tonga. Manéhna nanya naha abdi apal naon nu sabenerna diajarkeun Alkitab ngeunaan lahirna Kristus. Abdi teu nyaho nanaon. Tuluy, manéhna némbongkeun kisah nu saderhana ngeunaan lahirna Yésus dina Alkitab. Abdi ningali yén loba kabiasaan Natal sama sakali teu disebutkeun dina Alkitab. (Mateus 2:1-12; Lukas 2:5-14) Abdi kakara nyaho, jadina abdi panasaran hayang nyaho leuwih loba ngeunaan Alkitab. Lalaki éta geus rutin miluan pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa nu diayakeun di panjara, jadi abdi mutuskeun rék datang ogé. Maranéhna keur ngabahas buku Wahyu. Sanajan abdi teu pati ngarti naon nu keur dibahas, abdi bisa ningali yén kabéh nu diajarkeun téh asalna tina Alkitab.

 Waktu para Saksi ngajak abdi diajar Alkitab, abdi langsung narima. Abdi kakara nyaho jangji Alkitab ngeunaan pirdaus di bumi. (Yesaya 35:5-8) Abdi sadar, abdi kudu nyieun parobahan gedé lamun hayang nyenangkeun Allah. Allah Yéhuwa moal ngidinan abdi asup ka Pirdaus nu dijangjikeun éta lamun abdi masih ngalakukeun hal-hal nu goréng. (1 Korinta 6:9, 10) Jadi, abdi boga tékad pikeun ngadalikeun émosi, eureun ngaroko, sarta moal mabok jeung maké narkoba deui.

 Dina taun 1999, abdi dipindahkeun ka panjara séjén pikeun para imigran. Salila leuwih ti sataun, abdi teu bisa panggih jeung para Saksi. Tapi, abdi boga tékad pikeun terus nyieun parobahan. Dina taun 2000, abdi teu diidinan deui matuh di Amerika Serikat, tuluy abdi didéportasi balik ka Tonga.

 Pas balik ka Tonga, abdi langsung néangan Saksi-Saksi Yéhuwa jeung neruskeun palajaran Alkitab. Abdi resep pisan kana pangajaranana. Abdi gé tajub lantaran pangajaran para Saksi di dieu kabéhanana dumasar kana Alkitab, sarua jeung pangajaran para Saksi di Amerika Serikat.

 Bapa abdi dikenal ku loba jalma lantaran boga kadudukan nu penting di garéja. Jadi, mimitina mah kulawarga abdi reuwas jeung teu resep abdi ngagabung jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Tapi ka dieunakeun, kolot abdi bungah sabab hirup abdi jadi leuwih bener lantaran ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab.

Saperti loba lalaki di Tonga, abdi osok nginum kava nepi ka mangjam-jam unggal mingguna

 Salah sahiji kabiasaan abdi nu paling hésé dirobah téh nyaéta kabiasaan nginum kava nu umum pisan di kabudayaan abdi. Kava téh inuman nu pangaruhna nenangkeun, dijieunna tina akar hiji pepelakan. Loba lalaki sok méakkeun waktu mangjam-jam pikeun nginum kava. Pas balik ka dieu, ampir unggal peuting abdi indit ka klub jeung nginum-nginum kava nepi ka mabok. Masalahna téh abdi masih kénéh gaul jeung babaturan nu teu ngajénan papakon Alkitab. Ahirna, abdi dibantu pikeun sadar yén kabiasaan ieu téh dipikangéwa ku Allah. Abdi eureun tina kabiasaan ieu sangkan kamanah jeung diberkahan ku Allah.

 Tuluy abdi rutin hadir ka pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa. Ku kituna, abdi jadi boga babaturan nu hayang nyenangkeun Yéhuwa jeung ngabantu abdi nolak godaan. Dina taun 2002, abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi meunang mangpaat tina kasabaran Allah sakumaha dicatet dina Alkitab, ”Mantenna teh nyabaran ka aranjeun, da kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan.” (2 Petrus 3:9) Allah bisa waé ngabinasakeun dunya nu jahat ieu ti baheula, tapi Mantenna sabar sangkan jalma-jalma kawas abdi bisa nyobat jeung Mantenna. Abdi gé ngarasa bisa digunakeun ku Mantenna pikeun ngabantu batur nyobat ogé jeung Mantenna.

 Ku bantuan Yéhuwa, abdi bisa ngadalikeun deui hirup abdi. Abdi geus tara maok barang batur pikeun meuli narkoba, tapi abdi ayeuna ngabantu batur pikeun jadi sobat Yéhuwa. Lantaran abdi sok gaul jeung dulur saiman, abdi panggih jeung Tea nu tungtungna jadi pamajikan abdi. Abdi boga budak lalaki nu leutik kénéh. Kulawarga abdi téh bagja. Urang babarengan ngajar batur ngeunaan jangji Alkitab pikeun hirup langgeng di pirdaus nu tengtrem.