Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Baheula, Abdi Resep Pisan kana Seni Béla Diri”

”Baheula, Abdi Resep Pisan kana Seni Béla Diri”
  • Lahir Taun: 1962

  • Nagri Asal: Amerika Serikat

  • Kasang Tukang: Hirupna digunakeun keur seni béla diri

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Pas keur latihan, abdi teu ngahaja nyilakakeun saurang babaturan. Irungna katajong ku abdi, raheutna meni parah pisan. Abdi kacida rumasa salahna, nepi ka kapikiran, na kudu neruskeun diajar béla diri. Sempet kapikir, abdi embung latihan deui. Padahal geus mangtaun-taun abdi diajar seni béla diri. Ku naon abdi bet mikir kitu? Abdi rék nyaritakeun kumaha abdi bisa nepi ka diajar seni béla diri.

 Abdi digedékeun di kulwarga nu rukun jeung taat ka ajaran Katolik, di deukeut kota Buffalo, New York, Amerika Serikat. Abdi diajar di sakola Katolik jeung meunang tugas-tugas di garéja. Kolot abdi hayang abdi jeung si Tétéh hirup sukses. Lamun peunteun abdi alus, abdi diidinan olahraga atawa digawé sanggeus balik sakola. Ku kituna, ti leuleutik kénéh abdi geus diajar disiplin.

 Abdi diajar seni béla diri basa umur 17 taun. Mangtaun-taun abdi latihan tilu jam sapoé, genep poé dina saminggu. Unggal minggu gé, abdi méakkeun loba waktu keur diajar téknik-téknik jeung gerakan béla diri tina vidéo-vidéo. Sakapeung abdi sok latihan maké senjata bari panonna ditutup. Papan jeung batu bata bisa dipatahkeun ku abdi ngan ku sakali tepak hungkul. Lantaran geus jago pisan dina seni béla diri, abdi meunang loba piala pertandingan. Keur abdi, seni béla diri téh hal nu pangpentingna dina kahirupan.

 Abdi ngarasa geus suksés. Basa lulus kuliah peunteun abdi alus. Ayeuna pagawéan abdi téh nguruskeun sistim komputer di hiji pausahaan gedé. Abdi dibéré loba fasilitas, boga imah, jeung boga kabogoh. Katingalina, hirup abdi téh geus suksés. Tapi sabenerna henteu. Aya loba pananya ngeunaan kahirupan nu kapikiran ku abdi nu can kajawab.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Dua kali saminggu, abdi indit ka garéja pikeun manggihan jawabanna. Abdi sering ngadoa menta tulung ka Allah. Sakali waktu, abdi ngobrol jeung hiji babaturan. Ti saprak éta kahirupan abdi barobah. Abdi nanya ka manéhna, ”Pernah kapikir teu ku manéh, ku naon urang hirup? Asa loba pisan masalah jeung kateuadilan di dunya ieu téh!” Manéhna méré nyaho yén manehna gé pernah mikirkeun pananya éta jeung geus manggihan jawabanana dina Alkitab. Manéhna méré buku nu judulna Saudara Dapat Hidup Kekal di Firdaus di Bumi. a Manéhna téh keur diajar jeung Saksi-Saksi Yehuwa. Mimitina mah, abdi asa-asa narima bacaan nu lain ti agama abdi. Tapi, abdi hayang pisan meunang jawaban tina pananya-pananya nu dipikirkeun ku abdi, jadi abdi mutuskeun rék ménta bantuan ka Saksi-Saksi Yehuwa, sugan wé maranéhna boga jawaban nu asup akal.

 Abdi tajub pisan waktu apal pangajaran ti Alkitab. Abdi diajar, Allah téh hayang manusa hirup abadi. Kahayang-Na téh teu pernah barobah. (Kajadian 1:28) Abdi kagum basa ningali nami Yéhuwa aya dina Alkitab tarjamahan King James Version. Geningan, nami dina doa Bapa Kami nu salila ieu diucapkeun ku abdi téh ngamaksudkeun nami Yéhuwa. (Jabur 83:18; Matius 6:9) Ahirna abdi gé ngarti ku naon Allah ngantep manusa sangsara ayeuna. Kabéh nu diajarkeun téh asup akal! Abdi puas pisan.

 Abdi inget kénéh kumaha parasaan abdi basa mimiti datang ka acara ibadah Saksi-Saksi Yehuwa. Jalma-jalmana téh mani soméah jeung harayangeun kenal ka abdi. Basa éta, hutbah umumna téh ngajelaskeun doa nu siga kumaha nu didangukeun ku Gusti. Abdi kataji ku hutbah éta, sabab abdi geus mineng pisan ngadoa ménta tulung ka Allah. Terus, abdi datang ka acara Pangéling-ngéling pupusna Isa Al-Masih. Barudak leutik nu hadir téh barisaeun muka ayat-ayat Alkitab basa dibacakeun. Mimitina abdi teu nyaho carana néangan ayat dina Alkitab, tapi para Saksi daék ngajarkeun abdi.

 Beuki sering abdi datang ka pasamoan, abdi jadi beuki ngahargaan cara maranéhna ngajarkeun Alkitab. Unggal masamoan abdi diajar loba hal. Basa balik ka imah téh, asana abdi disegerkeun jeung dikuatkeun. Tungtugna, abdi mulai diajar Alkitab jeung Saksi.

 Abdi ningali Saksi Yehuwa mah béda pisan jeung jalma-jalma di garéja abdi baheula. Para Saksi téh rukun ngahiji jeung tulus hayang nyenangkeun Allah . Abdi jadi beuki yakin yén maranehna téh urang Kristen sajati, sabab maranéhna silih mikanyaah.​—Yahya 13:35.

 Beuki loba diajar, beuki loba parobahan nu abdi jieun supaya hirup abdi luyu jeung standar Alkitab. Tapi, abdi ngarasa teu bisa ninggalkeun seni béla diri. Abdi resep latihan jeung milu pertandingan. Basa abdi nyaritakeun hal ieu ka nu ngajarkeun Alkitab ka abdi, manehna ngayakinkeun abdi, ”Teruskeun heula wé diajarna. Engké dina waktuna, manéh bisa nyieun putusan nu bener.” Abdi téh butuh diyakinkeun siga kitu. Lila-lia, abdi jadi beuki hayang nyenangkeun Yehuwa.

 Basa baheula teu ngahaja najong irung babaturan abdi, abdi jadi sadar jeung mikir, na abdi bisa jadi murid Al-Masih nu resep rukun, padahal abdi resep kénéh latihan seni bela. Abdi diajar ti Yesaya 2:3, 4, jalma nu nuturkeun paréntah Allah mah moal ”diajar perang deui.” Yesus gé ngajarkeun, lamun dijahatan ku batur, ulah dibales deui ku nu jahat. (Matius 26:52) Ahirna, Abdi mutuskeun pikeun ninggalkeun olahraga nu dipikaresep ku abdi.

 Abdi nuturkeun naséhat Alkitab pikeun ”ngalatih diri sarta boga tujuan pikeun ngabdi ka Allah.” (1 Timotius 4:7) Waktu jeung tanaga nu digunakeun keur latihan seni béla diri, ayeuna abdi gunakeun keur kagiatan rohani. Kabogoh abdi teu resep abdi diajar Alkitab, jadi urang duaan pegat. Abdi dibaptis jadi saurang Saksi Yehuwa dina 24 Januari 1987. Teu lila, abdi ngawula sapinuh waktu jeung ngagunakeun loba waktu pikeun ngajarkeun Alkitab ka batur. Abdi terus ngawula sapinuh waktu jeung pernah ngawula di kantor pusat Saksi-Saksi Yehuwa di New York, Amerika Serikat.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Ayeuna abdi geus nyaho bebeneran ngeunaan Allah. Abdi gé geus manggihan jawaban ti pananya-pananya abdi ngeunaan kahirupan. Abdi jadi boga harepan jeung tujuan ka hareupna, jeung abdi ngarasa bagja pisan. Abdi resep kénéh olahraga, tapi olahraga téh lain nu pangpentingna keur abdi. Nu pangpentingna keur abdi ayeuna mah ngawula Yehuwa.

 Waktu abdi resep kénéh latihan seni béla diri, abdi sok awas ka jalma-jalma di sakuriling abdi. Nu dipikirkeun ku abdi téh, kumaha carana ngabéla diri mun aya nu nyerang abdi. Ayeuna, abdi masih kénéh awas ka jalma-jalma di sakurilingeun abdi, tapi alesanana mah béda, nyaéta pikeun ngabantu maranéhna. Alkitab geus ngabantu abdi jadi jalma nu béréhan jeung jadi salaki nu hadé keur pamajikan abdi nu geulis, Brenda.

 Ayeuna, abdi geus meunangkeun hal nu jauh leuwih hadé tibatan seni bela diri. Ceuk Alkitab, ”Ngalatih awak téh mangpaatna ngan saeutik, tapi pangabdian ka Allah mah mangpaatna dina sagala hal. Sabab jalma-jalma bisa narima berkah nu geus dijangjikeun ku Allah, boh keur kahirupan ayeuna boh keur kahirupan dina mangsa ka hareup.”​—1 Timotius 4:8.

a Diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yehuwa, tapi ayeuna geus teu dicitak deui.