Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Maranéhna Geus Manggihan ”Mutiara anu Luar Biasa Alusna”

Maranéhna Geus Manggihan ”Mutiara anu Luar Biasa Alusna”

 Isa ngajarkeun yén Pamaréntahan Allah téh bakal ngaréngsékeun masalah umat manusa. (Matius 6:10) Dina Matius 13:44-46, Isa nyaritakeun dua ibarat nu némbongkeun sakumaha luhurna nilai bebeneran ngeunaan Pamaréntahan Allah:

  •   Aya saurang priya nu manggihan harta nu kakubur waktu manéhna keur gawé di hiji lahan.

  •   Aya sudagar nu néangan mutiara anu alus.

 Dua priya éta réla nyieun pangorbanan supaya bisa meunangkeun harta nu leuwih luhur nilaina. Dua priya éta ngagambarkeun jalma-jalma nu bener-bener ngahargaan Pamaréntahan Allah. Maranéhna réla nyieun pangorbanan nu gedé pikeun meunangkeun berkahna. (Lukas 18:29, 30) Dina vidéo ieu, mangga tingali dua sadérék nu boga pangalaman nu mirip siga dua priya dina ibaratna Isa.