Pindah kana eusi

Ku Naon Aya Pangajaran Saksi-Saksi Yéhuwa nu Robah?

Ku Naon Aya Pangajaran Saksi-Saksi Yéhuwa nu Robah?

 Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun Alkitab sabagé dasar kapercayaan urang, jadi pangajaran urang terus diluyukeun jeung pamahaman Alkitab nu beuki jelas. a

 Parobahan-parobahan éta luyu jeung prinsip Alkitab dina Siloka 4:18, ”Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.” Bayangkeun urang hayang ningali pamandangan. Lamun cahaya panonpoé beuki caang, pamandangan bakal leuwih jelas. Kitu ogé, pangajaran Alkitab lalaunan dijieun leuwih jelas ku Allah dina waktu nu geus ditangtukeun ku Mantenna. (1 Petrus 1:10-12) Saperti ramalan Alkitab, ku Allah parobahan-parobahan dina pamahaman dijadikeun leuwih gancang dina ”ahir jaman”.—Daniel 12:4.

 Urang sakuduna henteu reuwas atawa bingung ku ayana parobahan-parobahan ieu. Hamba Allah di jaman baheula gé pernah boga pandangan nu salah jeung ngarepkeun hal nu can waktuna. Ku kituna, maranéhna kudu nyaluyukeun pandanganana.

  •   Musa hayangeun ngabébaskeun bangsa Israil, tapi kakara diidinan ku Allah 40 taun sanggeusna.—Rasul 7:23-25, 30, 35.

  •   Para rasul salah ngarti kana ramalan ngeunaan maotna jeung dihirupkeunana deui Mésias.—Yesaya 53:8-12; Mateus 16:21-23.

  •   Urang Kristen abad kahiji pernah salah paham ngeunaan iraha ”poe sumpingna Gusti”.—2 Tesalonika 2:1, 2.

 Ka dieunakeun, Allah ngalempengkeun pandangan maranéhna. Urang ogé ngadoa supaya Mantenna terus ngalempengkeun pandangan urang.—Yakobus 1:5.

a Saksi-Saksi Yéhuwa henteu nyumputkeun parobahan-parobahan dina pangajaran Alkitab. Malah, urang nyatet jeung méré nyaho batur ngeunaan hal éta. Contona, mangga téangan ”Pengertian yang Diperjelas” dina PERPUSTAKAN ONLINE Menara Pengawal.