Pindah kana eusi

Saha nu Ngadegkeun Saksi-Saksi Yéhuwa?

Saha nu Ngadegkeun Saksi-Saksi Yéhuwa?

 Organisasi modéren Saksi-Saksi Yéhuwa dimimitian dina ahir abad ka-19. Harita di Pittsburgh, Pennsylvania, Amerika Serikat, aya sababaraha jalma nu nalungtik Alkitab babarengan. Maranéhna ngabandingkeun pangajaran garéja jeung naon nu diajarkeun Alkitab. Hasil panalungtikanana dicitak dina buku, koran, atawa jurnal nu ayeuna mah disebut Warta Hadé—Hal Karajaan Yéhuwa.

 Di antara jalma-jalma éta, aya nu ngaranna Charles Taze Russell. Mémang, harita téh Russell nu mingpin kagiatan pangajaran Alkitab sarta jadi éditor Warta Hadé nu mimiti, tapi manéhna henteu ngadegkeun agama anyar. Tujuan Russell jeung babaturanana, nu disebut Siswa-Siswa Alkitab, nyaéta ngajarkeun pangajaran Yésus Kristus sarta nyonto kagiatan sidang Kristen di abad kahiji. Nu ngadegkeun Kakristenan téh Yésus, éta sababna urang nganggap nu ngadegkeun organisasi urang téh Yésus.—Kolosa 1:18-20.