Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngawartakeun Injil?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngawartakeun Injil?

 Enya. Teu sual di mana cicingna, kabéh Saksi-Saksi Yéhuwa boga sumanget pikeun ngawartakeun Injil ka saha waé.—Mateus 28:19, 20.

 Sababaraha Saksi ogé aya nu pindah ka daérah séjén di nagrina nu kalolobaan jalmana can ngadéngé warta hadé tina Alkitab. Saksi lianna pindah ka nagri séjén pikeun ngawarta. Maranéhna bungah bisa milu ngawujudkeun nubuat Yésus yén urang Kristen bakal ”jaradi saksi-saksi [anjeunna] . . . nepi ka tungtung bumi”.—Rasul 1:8.

 Dina taun 1943, urang ngadegkeun sakola nu husus ngalatih sababaraha Saksi pikeun jadi misionaris. Ti saprak harita, geus leuwih ti 8.000 Saksi milu sakola ieu, nu disebut Sekolah Alkitab Giléad Menara Pengawal.