Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kaom Zionis?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kaom Zionis?

 Henteu, maranéhna lain Zionis. Saksi-Saksi Yéhuwa téh urang Kristen nu kapercayaanana dumasar kana Kitab Suci. Sababaraha agama ngajarkeun yén ngumpulna urang Yahudi di Palestina téh luyu jeung nubuat Alkitab. Tapi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu nganut pandangan ieu. Maranéhna teu percaya yén hal ieu dinubuatkeun dina Kitab Suci. Malah, Alkitab teu ngadukung pamaréntahan manusa mana waé atawa ngunggulkeun hiji kelompok étnik atawa bangsa. Majalah resmi Saksi-Saksi Yéhuwa, Warta Hadé, tegas ngajelaskeun, ”Teu aya dasar Alkitab pikeun ngadukung kagiatan pulitik Zionis.”

 Encyclopædia Britannica ngajelaskeun yén Zionisme téh ”kagiatan nasionalis Yahudi nu tujuanana ngadegkeun jeung ngadukung nagara Yahudi di Palestina”. Ieu téh dumasar kana agama jeung pulitik. Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngadukung Zionisme sabagé doktrin agama. Maranéhna ogé nétral, teu ngadukung kagiatan pulitik Zionis.

 Saksi-Saksi Yéhuwa téh bener-bener organisasi agama jeung teu ngadukung kagiatan pulitik mana waé, kaasup Zionisme. Geus kabukti yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh nétral sacara pulitik. Di sababaraha nagri, maranéhna leuwih milih dikaniaya ti batan kompromi. Urang percaya yén ngan Karajaan Allah nu bakal mawa katengtreman nu langgeng ka ieu bumi; pamaréntah manusa atawa kagiatan naon waé moal aya nu bisa ngawujudkeun hal ieu.

 Teu sual di mana cicingna, Saksi-Saksi Yéhuwa boga prinsip dasar nyaéta taat kana hukum pamaréntah. Maranéhna moal barontak ngalawan wewenang pamaréntah atawa ulubiung dina karusuhan.