Pindah kana eusi

Naon nu Kaalaman ku Saksi-Saksi Yéhuwa Waktu Nazi Maéhan Loba Jalma?

Naon nu Kaalaman ku Saksi-Saksi Yéhuwa Waktu Nazi Maéhan Loba Jalma?

 Waktu Nazi maéhan loba jalma (disebutna Holocaust), kurang leuwih aya 35.000 Saksi Yéhuwa nu cicing di Jerman jeung nagri-nagri séjén nu diparéntah ku Nazi. Aya kira-kira 1.500 Saksi Yéhuwa nu maot. Nepi ka ayeuna, masih aya kasus nu terus dipariksa sabab can pasti naon nu nyababkeun maranéhna maot. Bisa jadi engké bakal aya katerangan nu leuwih anyar.

 Kumaha maranéhna maot?

  • Guillotine nu digunakeun ku Nazi

      Dihukum pati: Ampir 400 Saksi Yéhuwa dihukum pati di Jerman jeung nagri-nagri séjénna nu diparéntah ku Nazi. Kalolobaan dibawa ka pangadilan, dibéré hukuman pati, tuluy diteukteuk sirahna. Nu séjénna ditémbak atawa digantung padahal can dibawa ka pangadilan.

  •   Dikurung mani teungteuingeun: Leuwih ti 1.000 Saksi Yéhuwa maot waktu dikurung di panjara jeung di kamp konséntrasi Nazi. Maranéhna maot lantaran dipaksa gawé beurat nepi ka kacapéan, disiksa, kalaparan, katirisan, gering parna, atawa kaséhatanana teu diperhatikeun. Ku lantaran kakejeman éta, sanajan geus bébas waktu Perang Dunya II enggeusan, nu séjénna tetep maot.

  •   Alesan séjénna: Sababaraha Saksi Yéhuwa maot lantaran dikerem di rohangan nu dieusi gas, jadi korban malprakték, atawa disuntik maot.

 Ku naon maranéhna dikaniaya?

 Saksi-Saksi Yéhuwa dikaniaya lantaran maranéhna taat kana paréntah Alkitab. Jadi waktu Nazi nitah maranéhna ngalakukeun hal nu dilarang Alkitab, para Saksi teu daék nurut. Maranéhna leuwih milih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”. (Rasul 5:29) Perhatikeun kumaha maranéhna satia dina dua hal ieu.

  1.   Teu pipilueun dina urusan pulitik. Sarua siga kabéh Saksi-Saksi Yéhuwa, Saksi-Saksi Yéhuwa dina jaman Nazi ogé teu pipilueun dina urusan pulitik. (Yohanes 18:36) Maranéhna embungeun

    •   Milu dines militér atawa digawé naon waé nu aya patalina jeung perang.​—Yesaya 2:4; Mateus 26:52.

    •   Milu pemilu atawa ngagabung jeung organisasi Nazi.​—Yohanes 17:16.

    •   Hormat ka lambang nagara atawa ngucapkeun ”Heil Hitler!”​—Mateus 23:10; 1 Korinta 10:14.

  2.   Ngajalankeun ibadahna. Sanajan dilarang, Saksi-Saksi Yéhuwa tetep

 Profésor Robert Gerwarth nyebutkeun yén Saksi-Saksi Yéhuwa téh ”hiji-hijina kelompok dina Rézim Nazi nu dikaniaya lantaran kapercayaanana”. a Para tahanan séjénna nu aya dina kamp konséntrasi tajub ka Saksi-Saksi Yéhuwa lantaran pengkuh mertahankeun imanna. Saurang tahanan ti Austria ngomong, ”Maranéhna henteu milu perang. Maranéhna leuwih milih dipaéhan ti batan maéhan batur.”

 Di mana maranéhna maot?

  •   Kamp-kamp konséntrasi: Kalolobaan Saksi Yéhuwa maot di kamp-kamp konséntrasi. Maranéhna dikurung di kamp-kamp nu aya di Auschwitz, Buchenwald, Dachau, Flossenbürg, Mauthausen, Neuengamme, Niederhagen, Ravensbrück, jeung Sachsenhausen. Di Sachsenhausen wungkul, geus dipastikeun aya kira-kira 200 Saksi Yéhuwa nu maot.

  •   Panjara-panjara: Sababaraha Saksi Yéhuwa disiksa di panjara nepi ka maot. Nu séjénna maot lantaran dikaniaya pas diinterogasi.

  •   Tempat-tempat ngahukum pati: Kalolobaan Saksi Yéhuwa dihukum pati di panjara Berlin-Plötzensee, Brandenburg, jeung Halle/Saale. Salian ti panjara-panjara éta, aya 70 tempat séjénna deui nu geus dipastikeun jadi tempat ngahukum pati sababaraha Saksi Yéhuwa.

 Sababaraha jalma nu dihukum pati

  •  Ngaran: Helene Gotthold

     Tempat dihukum pati: Plötzensee (Berlin)

     Helene, nu boga salaki jeung dua anak, geus ditéwak sababaraha kali. Waktu diinterogasi dina taun 1937, manéhna disiksa mani teungteuingeun nepi ka jabang bayi di jero kandunganana maot. Dina tanggal 8 Désémber 1944, sirahna diteukteuk ku guillotine (alat pikeun neukteuk sirah) di panjara Plötzensee, Berlin.

  •  Ngaran: Gerhard Liebold

     Tempat dihukum pati: Brandenburg

     Gerhard nu umurna 20 taun diteukteuk sirahna dina tanggal 6 Méi 1943, dua taun sanggeus bapana diteukteuk sirahna di panjara nu sarua. Saacan maot, manéhna nulis surat keur kulawarga jeung calon pamajikanana, ”Lamun teu aya kakuatan ti Allah, abdi moal bisa ngajalankeun ieu.”

  •  Ngaran: Rudolf Auschner

     Tempat dihukum pati: Halle/Saale

    Rudolf kakara umur 17 taun waktu sirahna diteukteuk dina tanggal 22 Séptémber 1944. Saacan maot, manéhna nulis surat keur indungna, ”Loba sadérék-sadérék nu milih jalan ieu, abdi ogé bakal milih jalan ieu.”

a Hitler’s Hangman: The Life of Heydrich, kaca 105.