Pindah kana eusi

Ku Naon Saksi Yéhuwa Masih Waé Datang Sanajan Jalma Geus Embungeun?

Ku Naon Saksi Yéhuwa Masih Waé Datang Sanajan Jalma Geus Embungeun?

 Saksi-Saksi Yéhuwa téh nyaah ka Allah jeung ka sasama. Ku kituna, urang resep nguarkeun warta tina Alkitab ka kabéh jalma, kaasup ka nu geus embungeun. (Mateus 22:37-39) Lantaran nyaah ka Allah, urang hayang taat kana paréntah Putra-Na pikeun ”taliti dina méré kasaksian”. (Rasul 10:42, NW; 1 Yohanes 5:3) Ku kituna saperti nabi-nabi Allah di jaman baheula, urang teu ngan sakali wungkul nguarkeun warta hadé. (Yermia 25:4) Ku lantaran nyaah ka sasama, urang terus nguarkeun ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga” ka kabéh jalma, kaasup ka jalma nu mimitina embungeun.—Mateus 24:14.

 Sakapeung, jalma nu tadina teu minat jadi némbongkeun minat waktu didatangan deui. Perhatikeun tilu alesanana:

  •   Jalma bisa waé pindah imah.

  •   Aya jalma séjén di imah éta anu minat.

  •   Kaayaan jalma bisa barobah. Kajadian-kajadian dunya atawa kaayaan saurang jalma bisa nyieun manéhna sadar yén manéhna perlu bingbingan ti Alkitab. Ku kituna, manéhna jadi daék narima warta ti Alkitab. (Mateus 5:3) Malah siga Rasul Paulus, jalma nu tadina ngéwa bisa barobah haténa.—1 Timoteus 1:13.

 Sanajan kitu, urang teu maksa batur pikeun narima warta urang. (1 Petrus 3:15, SF) Urang yakin yén unggal jalma kudu nyieun putusan sorangan pikeun ibadahna.—Pamindo 30:19, 20.