Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Ayeuna mah Abdi Bisa Mantuan Batur

Ayeuna mah Abdi Bisa Mantuan Batur
  • LAHIR TAUN: 1981

  • NAGRI ASAL: GUATEMALA

  • KASANG TUKANG: BOGA PANGALAMAN GORÉNG PAS KEUR LEUTIK

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA:

Abdi lahir di Acul, hiji kota nu mencil di beulah kulon Guatemala. Kulawarga abdi téh urang Ixil, salah sahiji turunan ti kaom Maya. Abdi bisa ngomong basa Spanyol jeung basa daérah di ditu. Pas keur leutik, abdi téh hirupna di jaman perang. Harita aya perang sipil di Guatemala salila 36 taun. Loba urang Ixil nu maot.

Abdi boga lanceuk lalaki nu bédana tilu taun. Waktu abdi umur opat, si Aa nyoo granat, éh ujug-ujug granatna ngabeledug! Si Aa maot, ari abdi jadi lolong. Geus kitu, abdi dikirim ka sakolaan di Guatemala City. Éta téh sakolaan husus keur barudak nu lolong. Di ditu abdi diajar Braille. Tapi teuing ku naon, para pagawé di ditu ngalarang abdi pikeun ngobrol jeung barudak séjénna. Terus murid-murid séjén gé ngajauhan abdi. Abdi ngarasa euweuh batur. Tapi unggal taun, sakolaan téh peré dua bulan. Abdi resep pisan mun peré, sabab abdi bisa balik ka imah. Abdi bisa panggih jeung si Mamah nu bageur jeung nyaah ka abdi. Hanjakalna pas abdi umur 10 taun, si Mamah maot. Abdi jadi sedih pisan. Hiji-hijina jalma nu nyaah ka abdi geus teu aya.

Pas umur 11, abdi balik ka lembur. Di ditu abdi cicing jeung kulawargana lanceuk téré abdi. Jang pangabutuh sapopoé mah abdi diurus, tapi haté téh asa remuk. Di jero haté, abdi sok ngajerit. Abdi nanya ka Gusti, ”Ku naon si Mamah téh maot? Ku naon abdi téh kudu lolong?” Ceuk jalma-jalma mah, ieu téh rencana Gusti. Abdi jadi mikir, Gusti téh mani kitu-kitu teuing, mani teu adil! Abdi teu bunuh diri téh pédah teu nyaho kumaha carana.

Abdi téh jadi lemah sacara fisik jeung sacara émosi lantaran lolong. Terus pas keur leutik, abdi téh pernah dilécéhkeun sababaraha kali. Tapi abdi teu pernah ngalapor, da asana moal aya nu paduli. Abdi jarang diajak ngobrol jeung batur, abdi gé tara ngajak ngobrol batur. Jadi abdi strés jeung teu percaya ka sasaha.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI:

Pas abdi umur 13, aya salaki pamajikan nu ngadatangan abdi. Maranéhna téh Saksi-Saksi Yéhuwa. Harita sakola keur peré. Maranéhna datang ku lantaran dipénta ku salah sahiji guru abdi. Si Ibu Guru téh karunyaeun ka abdi. Dua Saksi éta nyaritakeun jangji tina Alkitab, engké nu maot bakal harirup deui, jeung nu lolong gé bakal bisa nénjo. (Yesaya 35:5; Yohanes 5:​28, 29) Mani resep ngadéngéna téh. Tapi asa kararagok rék ngobrol jeung maranéhna, da abdi tara ngobrol jeung batur. Najan kitu, maranéhna téh tetep bageur jeung sabar. Maranéhna terus ngadatangan abdi pikeun ngajarkeun Alkitab. Padahal mun rék ka kota abdi téh, maranéhna kudu leumpang 10 km leuwih, jaba kudu ngaliwatan gunung deuih.

Ceuk lanceuk abdi, maranéhna téh mani rapih pisan, tapi sabenerna maranéhna téh lain jelema beunghar. Najan kitu, maranéhna téh sering méré hadiah ka abdi. Mani perhatian pisan. Mun lain urang Kristen sajati mah, pasti moal bisa jiga kitu.

Abdi diajar Alkitab maké publikasi-publikasi nu aya dina hurup Braille. Ngarti sih ngarti, tapi haté téh masih can bisa narima. Misalna, asa teu percaya Allah téh bisa nyaah ka abdi. Geus kitu, asa mustahil batur gé bisa nyaah ka abdi jiga kitu. Terus abdi gé ngarti ku naon Allah can nyingkirkeun kajahatan, tapi angger wé hésé nganggap Allah téh sabagé Bapa nu nyaah ka barudak-Na. *

Tapi, lalaunan cara pikir abdi barobah lantaran terus diajar Alkitab. Misalna, abdi jadi yakin Allah téh ngarasa karunya ningali jalma-jalma nu sangsara. Waktu ningali umat-Na dikaniaya, Allah ngomong, ”Kami geus waspaos yen umat Kami . . . kacida dikakayana. . . . Kami uninga kasangsaraan maranehanana.” (Budalan 3:7) Lila-lila, abdi beuki ngahargaan sipat-sipat Yéhuwa, terus abdi mutuskeun pikeun ngabaktikeun diri ka Anjeunna. Ahirna, abdi dibaptis sabagé Saksi Yéhuwa dina taun 1998.

Bareng jeung sadérék nu réla nampung abdi

Sataun sanggeus dibaptis, abdi miluan kursus keur jalma lolong di deukeut kota Escuintla. Kokolot di ditu nyahoeun, pas keur di lembur, abdi téh hésé mun rék masamoan. Abdi kudu ngaliwatan gunung jiga nu dilakukeun ku Saksi nu baheula ngajar Alkitab ka abdi. Jadi, kokolot di Escuintla mangnéangankeun hiji kulawarga Saksi nu réla nampung abdi jeung ngabantu abdi pikeun datang ka pasamoan. Nepi ka ayeuna, abdi diurus jeung dianggap jiga kulawarga sorangan ku maranéhna.

Abdi sering pisan ngarasakeun kanyaah ti dulur-dulur saiman di sidang. Abdi jadi yakin, Saksi-Saksi Yéhuwa téh mémang urang Kristen nu sajati.​—Yohanes 13:34, 35.

MANGPAATNA KEUR ABDI:

Ayeuna, abdi ngarasa hirup téh aya gunana. Abdi boga harepan jeung tujuan hirup. Terus, ayeuna gé abdi geus jadi palayan sapinuh waktu sarta sibuk mantuan batur diajar Alkitab. Jadi abdi teu mikirkeun teuing kakurangan abdi. Terus, abdi gé ngalayanan sabagé kokolot sidang jeung osok méré caramah umum Alkitab. Malah abdi pernah nepikeun hutbah dina kongrés-kongrés régional, nu hadirinna téh rébuan.

Méré caramah maké Alkitab hurup Braille

Dina taun 2010, abdi lulus ti Sekolah Pelatihan Pelayanan (nu ayeuna disebut Sekolah bagi Penginjil Kerajaan) nu diayakeun di El Salvador. Abdi jadi leuwih siap pikeun ngajalankeun tanggung jawab di sidang. Abdi gé jadi ngarasa bener-bener dihargaan jeung dipikanyaah ku Allah Yéhuwa. Yéhuwa bisa mantuan saha waé pikeun ngajalankeun tugas ti Mantenna.

Ceuk Yésus, ”Leuwih bagja mere ti batan nampa.” (Rasul 20:35) Ayeuna abdi bener-bener bagja. Baheula mah, teu pernah kapikir bisa jiga kieu. Ayeuna mah abdi bisa mantuan batur.

^ par. 13 Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan ku naon Allah can nyingkirkeun kajahatan, tingali buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci pasal 11, nu dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.