Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kuéh keur Anjing Abdi

Kuéh keur Anjing Abdi

NICK nu cicing di Oregon, Amerika Serikat, nulis, ”Dina awal taun 2014, abdi keur leuleumpangan di tengah kota jeung dua anjing abdi. Biasana para Saksi gé sok aya di ditu, keur narangtung di gigireun rak rodana. Maranéhna téh meni rapih jeung soméah ka jalma-jalma nu laliwat.

”Maranéhna téh teu ngan bageur ka jalma-jalma hungkul, tapi ka anjing abdi gé bageur. Hiji poé, Elaine, Saksi nu keur ngajaga rak roda, méré kuéh keur dua anjing abdi. Ti saprak harita, mun urang leumpang di deukeut rak roda, anjing-anjing abdi pasti hayang nyampeurkeun para Saksi, lantaran hayang dibéré kuéh.

”Salila mangbulan-bulan, anjing abdi sok dibéré kuéh ku para Saksi. Abdi gé sok ngobrol singget jeung maranéhna. Tapi abdi embung loba teuing ngobrol, da abdi can nyaho jiga kumaha kapercayaan maranéhna. Umur abdi téh geus 70 taun leuwih. Baheula, abdi pernah dikuciwakeun ku garéja Protéstan, jadi ahirna abdi milih pikeun diajar Alkitab sorangan.

”Abdi gé osok ningali para Saksi nu ngajaga rak roda di tempat-tempat séjén di kota ieu. Maranéhna ogé soméah. Lamun abdi boga pananya, ku maranéhna pasti dijawab tina Alkitab. Lila-lila, abdi jadi beuki percaya ka maranéhna.

”Hiji poé, Elaine nanya ka abdi, ’Bapa satuju teu sasatoan téh kurnia ti Allah?’ Abdi ngajawab, ’Nya satuju atuh, Bu!’ Terus Elaine mukakeun Yesaya 11:6-9. Ti dinya, abdi jadi hayang diajar leuwih loba ngeunaan Alkitab. Tapi, abdi masih embung narima publikasi ti Saksi Yéhuwa.

”Sababaraha poé sanggeusna, abdi diskusi jeung Elaine sarta Brent, salakina. Mémang ngan sakeudeung, tapi meni jero. Maranéhna méré saran ka abdi pikeun maca buku Matius nepi ka Kisah supaya ngarti urang Kristen nu sajati téh jiga kumaha. Jadi ku abdi dibaca. Teu lila sanggeusna, abdi diajar Alkitab bareng jeung Brent sarta Elaine. Éta téh pertengahan 2016.

”Abdi sok ngadagoan waktuna diajar Alkitab jeung masamoan di Balé Karajaan. Abdi ngarasa bungah jeung diberkahan lantaran bisa diajar bebeneran tina Alkitab. Kira-kira sataun sanggeusna, abdi dibaptis jadi saurang Saksi Yéhuwa. Ayeuna abdi geus 79 taun. Abdi ngarasa diberkahan lantaran geus manggihan agama nu sajati jeung bisa jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa.”