Pindah kana eusi

Naon Koncina Kabagjaan Kulawarga?

Naon Koncina Kabagjaan Kulawarga?

Ceuk Sadérék, naha éta téh . . .

  • cinta?

  • duit?

  • atawa nu séjénna?

JAWABAN KITAB SUCI

”Bagja jalma anu hormat ka PANGERAN, anu resep nekanan parentah Mantenna.”​—Jabur 112:1, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

MANGPAATNA KEUR SADÉRÉK

Bisa silih pikanyaah.​—Epesus 5:28, 29.

Bisa silih hormat.​—Epesus 5:33.

Bisa ngahiji jeung silih percaya.​—Kajadian 2:24.

KU NAON JAWABAN KITAB SUCI BISA DIPERCAYA?

Sahenteuna aya dua alesan:

  • Gusti nu nyiptakeun perkawinan. Numutkeun Kitab Suci, Allah Yéhuwa ngahijikeun lalaki jeung awéwé nu mimiti dina perkawinan. (Kajadian 2:18-24) Kulawarga téh aya lantaran diwujudkeun ku Yéhuwa. Jadi, urang kudu kumaha?

    Misalna: Lamun Sadérék dahar sangu goréng nu ngeunah pisan tuluy hayang nyaho resépna, Sadérék rék nanya ka saha? Tangtu ka nu masakna.

    Kitu ogé, lamun hayang nyaho resép kulawarga bagja, urang kudu ménta pituduh ka Yéhuwa nu nyiptakeun perkawinan.

  • Gusti nyaah ka Sadérék. Kulawarga-kulawarga sakuduna néangan naséhat Yéhuwa nu aya dina Firman-Na. Naon sababna? ”Sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.” (1 Petrus 5:6, 7) Yéhuwa hoyong masihan nu panghadéna ka Sadérék. Naséhat-Na ogé pasti gedé mangpaatna! —Siloka 3:5, 6; Yesaya 48:17, 18.

PANANYA PIKEUN DIPIKIRKEUN

Kumaha Sadérék bisa jadi salaki, pamajikan, atawa kolot nu hadé?

Jawabanana aya dina EPESUS 5:1, 2 jeung KOLOSA 3:18-21.