Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Buku Ayub

Pasal

Topik-Topik Utama

  • 1

    • Ayub satia jeung beunghar (1-5)

    • Sétan nganggap Ayub boga niat goréng (6-12)

    • Harta Ayub béak, anak-anakna maot (13-19)

    • Ayub teu nyalahkeun Allah (20-22)

  • 2

    • Sétan masih nganggap Ayub boga niat goréng (1-5)

    • Sétan diidinan narajang Ayub ku kanyeri (6-8)

    • Ceuk pamajikan Ayub, ”Pék geura sumpahan Allah tuluy maot!” (9, 10)

    • Tilu babaturan Ayub daratang (11-13)

  • 3

    • Ayub nyumpahan poé manéhna dilahirkeun (1-26)

      • Ayub héran ku naon manéhna sangsara (20, 21)

  • 4

    • Omongan Élifaz nu mimiti (1-21)

      • Ngahina kasatiaan Ayub (7, 8)

      • Nyaritakeun titingalianana (12-17)

      • ’Allah teu percaya ka hamba-hamba-Na’ (18)

  • 5

    • Élifaz neruskeun omonganana (1-27)

      • ’Allah ngajiret jalma bijaksana ku kapinteranana sorangan’ (13)

      • ’Ayub kuduna teu nampik lamun dipapatahan ku Allah’ (17)

  • 6

    • Jawaban Ayub (1-30)

      • Manéhna ngarasa pantes kukulutus (2-6)

      • Babaturanana teu bisa diandelkeun (15-18)

      • ”Omongan nu jujur mah moal pikanyerieun!” (25)

  • 7

    • Ayub neruskeun omonganana (1-21)

      • Kahirupan manusa téh kawas kuli (1, 2)

      • ”Ku naon abdi diarah ku Gusti?” (20)

  • 8

    • Omongan Bildad nu mimiti (1-22)

      • Bildad nuduh anak-anak lalaki Ayub nyieun dosa (4)

      • ’Mun manéh hirup bersih, Allah bakal ngajaga manéh’ (6)

      • Bildad nuduh Ayub mopohokeun Allah (13)

  • 9

    • Jawaban Ayub (1-35)

      • Manusa teu bisa ngalawan Allah (2-4)

      • ’Allah ngadamel hal-hal nu teu kahontal ku akal’ (10)

      • Euweuh nu bisa paadu omong jeung Allah (32)

  • 10

    • Ayub neruskeun omonganana (1-22)

      • ’Naon alesan Allah ngamusuhan abdi?’ (2)

      • Allah dibandingkeun jeung Ayub (4-12)

      • Ayub hayang rada ngarénghap (20)

  • 11

    • Omongan Zofar nu mimiti (1-20)

      • Ceuk Zofar, omongan Ayub téh ngan omong kosong (2, 3)

      • Nitah Ayub eureun ngalampahkeun nu jahat (14)

  • 12

    • Jawaban Ayub (1-25)

      • ’Urang teu éléh ku maranéh’ (3)

      • ”Urang diseungseurikeun” (4)

      • ”Allah téh bijaksana” (13)

      • Allah leuwih punjul tibatan para hakim jeung para raja (17, 18)

  • 13

    • Ayub neruskeun omonganana (1-28)

      • ’Leuheung kénéh urang nyarita ka Allah’ (3)

      • ”Maranéh kabéh téh tabib nu euweuh gunana” (4)

      • ”Urang yakin urang téh bener” (18)

      • Tatanya ku naon manéhna dianggap musuh ku Allah (24)

  • 14

    • Ayub neruskeun omonganana (1-22)

      • Hirup manusa pondok jeung pinuh ku kasusah (1)

      • Tangkal gé boga harepan (7)

      • ”Cobi upami Gusti nyumputkeun abdi di Kuburan” (13)

      • ”Upami manusa maot, tiasa kitu manéhna hirup deui?” (14)

      • Allah sono kana karya panangan-Na (15)

  • 15

    • Élifaz ngomong kadua kalina (1-35)

      • Élifaz nuduh Ayub teu sieun ka Allah (4)

      • Élifaz nuduh Ayub lancang (7-9)

      • ’Allah teu percaya ka para malaikat-Na’ (15)

      • Nu nandangan kasangsaraan mah jalma jahat (20-24)

  • 16

    • Jawaban Ayub (1-22)

      • ”Bororaah ngalilipur, maranéh kalah ka ngabeungbeurat urang!” (2)

      • Ngarasa dirina dijadikeun bubulanan ku Allah (12)

  • 17

    • Ayub neruskeun omonganana (1-16)

      • ’Urang dikurilingan ku nu sok moyokan’ (2)

      • ’Urang ku Allah dijadikeun bahan sindiran’ (6)

      • ”Kuburan bakal jadi imah urang” (13)

  • 18

    • Bildad ngomong kadua kalina (1-21)

      • Ngagambarkeun hukuman keur jalma dosa (5-20)

      • Bildad nuduh Ayub teu kenal ka Allah (21)

  • 19

    • Jawaban Ayub (1-29)

      • Ayub embung dicarékan ku ”babaturanana” (1-6)

      • Ngarasa ditinggalkeun (13-19)

      • ”Aya nu nebus urang” (25)

  • 20

    • Zofar ngomong kadua kalina (1-29)

      • Ngarasa dihina ku Ayub (2, 3)

      • Zofar nuduh Ayub téh jahat (5)

      • Zofar nuduh Ayub resep ngalampahkeun dosa (12, 13)

  • 21

    • Jawaban Ayub (1-34)

      • ’Ku naon nu jahat hirupna makmur?’ (7-13)

      • Ngabolékérkeun niat jahat ”babaturanana” (27-34)

  • 22

    • Élifaz ngomong katilu kalina (1-30)

      • ”Mémangna manusa aya gunana keur Allah?” (2, 3)

      • Nuduh Ayub sarakah jeung teu adil (6-9)

      • ’Pék balik deui ka Allah, manéh bakal dipulihkeun’ (23)

  • 23

    • Jawaban Ayub (1-17)

      • Ayub rék mawa perkarana ka hareupeun Allah (1-7)

      • Manéhna ngomong teu bisa manggihan Allah (8, 9)

      • ’Urang terus nuturkeun jeung tara nyimpang tina jalan-Na’ (11)

  • 24

    • Ayub neruskeun omonganana (1-25)

      • ’Ku naon Allah teu netepkeun poé keur ngahakiman?’ (1)

      • Ayub ngomong yén Allah haré-haré ningali kajahatan (12)

      • Jalma-jalma nu dosa resep kana poék (13-17)

  • 25

    • Bildad ngomong katilu kalina (1-6)

      • ”Bisa kitu manusa dianggap bener ku Allah?” (4)

      • Bildad ngomong yén kasatiaan téh euweuh gunana (5, 6)

  • 26

    • Jawaban Ayub (1-14)

      • ”Nu kitu nu disebut mantuan nu teu walakaya téh?” (1-4)

      • ’Allah ngagantungkeun bumi di tempat nu suwung’ (7)

      • ’Kakara saeutik tina sakitu lobana tindakan Allah’ (14)

  • 27

    • Ayub boga tékad pikeun tetep satia (1-23)

      • ”Moal mungkin urang teu satia ka Allah!” (5)

      • Nu teu kenal ka Allah teu boga harepan (8)

      • ’Naha atuh maranéh ngocoblak euweuh hartina?’ (12)

      • Nu jahat moal meunang nanaon (13-23)

  • 28

    • Ayub ngabandingkeun kabijaksanaan jeung barang-barang nu mahal hargana (1-28)

      • Jalma-jalma ngagali tambang (1-11)

      • Kabijaksanaan leuwih gedé nilaina tibatan mutiara (18)

      • Mun hayang boga kabijaksanaan, kudu hormat ka Yéhuwa (28)

  • 29

    • Ayub nginget-nginget kahirupanana nu bagja saacan nandangan kasusah (1-25)

      • Dihormat di gerbang kota (7-10)

      • Kahadéan nu pernah dilampahkeun (11-17)

      • Kabéh jalma ngadéngékeun naséhatna (21-23)

  • 30

    • Ayub ngagambarkeun kaayaanana nu barobah (1-31)

      • Dipoyokan ku jalma-jalma nu euweuh gunana (1-15)

      • Ngarasa teu ditulungan ku Allah (20, 21)

      • ”Kulit jadi hideung” (30)

  • 31

    • Ayub tetep satia (1-40)

      • Ayub nyieun perjangjian jeung panonna (1)

      • Ménta ditimbang ku Allah (6)

      • Lain tukang jinah (9-12)

      • Lain jalma nu cinta kana duit (24, 25)

      • Lain jalma nu nyembah berhala (26-28)

  • 32

    • Élihu nu ngora kénéh ngamimitian omonganana (1-22)

      • Ambek ka Ayub jeung babaturanana (2, 3)

      • Ngadagoan nu séjén bérés ngomong (6, 7)

      • Nu geus kolot can tangtu bijaksana (9)

      • Élihu kajurung pikeun ngomong (18-20)

  • 33

    • Élihu negor Ayub nu ngarasa diri paling bener (1-33)

      • Meunangkeun tebusan (24)

      • Jagjag deui kawas keur ngora (25)

  • 34

    • Élihu ngabéla kaadilan jeung tindakan Allah (1-37)

      • Ayub ngomong manéhna teu dibéré kaadilan ku Allah (5)

      • Allah nu bener teu pernah ngalampahkeun nu jahat (10)

      • Ayub kurang pangarti (35)

  • 35

    • Élihu ngabolékérkeun cara pikir Ayub nu salah (1-16)

      • Ceuk Ayub, manéhna leuwih bener tibatan Allah (2)

      • Allah sakitu luhurna, dosa moal aya pangaruhna keur Anjeunna (5, 6)

      • Ayub kudu ngadagoan Allah (14)

  • 36

    • Élihu muji kahébatan Allah (1-33)

      • Nu nurut bakal makmur, nu teu kenal ka Allah bakal ditolak (11-13)

      • ’Guru mana anu bisa nandingan Allah?’ (22)

      • Ayub kudu ngamulyakeun Allah (24)

      • ”Urang moal paham sakumaha hébatna kawasa Allah” (26)

      • Hujan jeung kilat aya dina kakawasaan Allah (27-33)

  • 37

    • Kakuatan alam némbongkeun kahébatan Allah (1-24)

      • Allah bisa ngeureunkeun sakabéh pagawéan manusa (7)

      • ’Mikirkeun padamelan Allah nu luar biasa’ (14)

      • Mustahil manusa bisa paham kana kahébatan Allah (23)

      • Ulah ngarasa diri pinter (24)

  • 38

    • Yéhuwa ngajelaskeun manusa téh euweuh nanaonna (1-41)

      • ’Manéh di mana waktu bumi diadegkeun?’ (4-6)

      • Putra-putra Allah nyurakkeun pupujian (7)

      • Pananya-pananya ngeunaan alam (8-32)

      • ”Hukum nu aya di langit” (33)

  • 39

    • Cara sasatoan diciptakeun némbongkeun yén manusa teu nyaho nanaon (1-30)

      • Embé gunung jeung uncal (1-4)

      • Kaldé liar (5-8)

      • Sapi jalu liar (9-12)

      • Manuk onta (13-18)

      • Kuda (19-25)

      • Manuk falkon jeung heulang (26-30)

  • 40

    • Pananya-pananya séjén ti Yéhuwa (1-24)

      • Ayub ngaku yén manéhna teu bisa ngomong nanaon deui (3-5)

      • ”Manéh rék ngomong Kuring téh teu adil?” (8)

      • Allah ngajelaskeun kakuatan Béhémot (15-24)

  • 41

    • Allah ngajelaskeun kahébatan Léwiatan (1-34)

  • 42

    • Ayub ngajawab Yéhuwa (1-6)

    • Tilu babaturan Ayub dicarékan (7-9)

    • Yéhuwa mulihkeun deui kaayaan Ayub (10-17)

      • Anak-anak Ayub (13-15)