Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?

Jawaban Alkitab

1Lamun urang boga sobat, hirup urang bisa suksés jeung bagja. Sobat nu hadé bakal méré pangaruh nu alus. Urang jeung manéhna gé bisa silih asah supaya boga sipat-sipat nu hadé.​—Siloka 27:17.

 Tapi Alkitab gé ngingetan, urang kudu ati-ati milih babaturan. Lamun salah milih babaturan, urang bisa cilaka. (Siloka 13:20; 1 Korintus 15:33) Lamun urang gaul jeung jalma-jalma nu teu bener, urang bisa nyieun putusan-putusan anu goréng sarta kabawakeun jadi jalma anu teu bener ogé.

Dina artikel ieu

 Kumaha supaya urang bisa boga sobat sajati?

 Alkitab ngajarkeun, sosobatan anu hadé téh teu ngan saukur dumasar kana karesep atawa hobi anu sarua. Misalna, Jabur 119:63 nyebutkeun, ”Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.” Anu nulis ayat ieu nunjukkeun, manéhna milih sobat anu hayang nyenangkeun Allah sarta nuturkeun patokan-patokan ti Anjeunna.

 Alkitab gé méré nyaho sipat-sipat naon waé anu kudu dipiboga ku sobat sajati. Misalna:

  •   ”Sobat sajati nunjukkeun kanyaahna unggal waktu sarta jadi dulur dina waktu susah.”​—Siloka 17:17, Terjemahan Dunia Baru.

  •   ”Aya sobat anu siap pikeun silih ancurkeun, tapi aya ogé sobat anu leuwih akrab tibatan dulur sorangan.”​—Siloka 18:24, Terjemahan Dunia Baru.

 Ayat-ayat ieu ngajarkeun yén sobat sajati téh satia, nyaahan, bageur, jeung teu pedit. Sobat sajati bisa diandelkeun pas urang keur aya masalah. Manéhna gé pasti ngingetan mun manéhna ningali urang bakal ngalakukeun hal anu salah atawa nyieun putusan anu goréng.​—Siloka 27:6, 9.

 Dina Alkitab, sosobatan saha waé anu bisa dipiconto ku urang?

 Dina Alkitab, aya conto sosobatan ti jalma-jalma anu umur, suku bangsa, kabudayaan, jeung kadudukanana béda-béda. Hayu urang tingali tilu contona.

  •   Rut jeung Naomi. Rut téh minantuna Naomi. Jadi, katingalina Rut jauh leuwih ngora tibatan Naomi. Salian ti éta, kabudayaan Rut gé béda pisan jeung kabudayaan Naomi. Sanajan kitu, maranéhna bisa jadi sobat dalit jeung silih pikanyaah.​—Rut 1:16.

  •   Daud jeung Yonatan. Katingalina, Yonatan téh 30 taun leuwih kolot tibatan Daud. Tapi ceuk Alkitab, maranéhna silih pikanyaah jeung jadi sobat dalit.​—1 Samuel 18:1.

  •   Isa jeung para rasul. Isa téh boga kadudukan anu leuwih luhur tibatan para rasul, sabab Isa téh guru jeung juragan maranéhna. (Yahya 13:13) Tapi Isa teu nganggap para rasul teu layak jadi sobatna. Sabalikna, Isa akrab jeung jalma-jalma anu daék nuturkeun pangajaranana. Ceuk Isa, ”Maranéh mah ku urang disebut sobat, sabab urang geus ngabéjaan sagala hal nu didéngé ku urang ti Bapa.”​—Yahya 15:14, 15.

 Manusa bisa jadi sobat Allah teu?

 Manusa bisa jadi sobatna Allah. Alkitab nyebutkeun, ”Anjeunna nyobat jeung jalma anu haténa hadé.” (Siloka 3:32, Terjemahan Dunia Baru) Jadi, nu dijadikeun sobat ku Allah téh nyaéta jalma-jalma anu saderhana, jujur, hormat, sarta daék nuturkeun patokan-patokan ti Anjeunna ngeunaan nu bener jeung nu salah. Misalna dina Alkitab, Ibrahim disebut sobat Allah.​—2 Babad 20:7; Yesaya 41:8; Yakobus 2:23.