Pindah kana eusi

Meunang Teu Poligami?

Meunang Teu Poligami?

Jawaban Alkitab

 Baheula, pikeun saheulaanan Allah ngidinan lalaki boga pamajikan leuwih ti hiji. (Kajadian 4:19; 16:1-4; 29:18-29) Tapi, poligami téh asalna lain ti Allah. Mantenna ngan méré hiji pamajikan ka Adam.

 Allah masihan wewenang ka Yésus Kristus pikeun neguhkeun papakon-Na ngeunaan perkawinan. (Yohanes 8:28) Papakon Allah téh nyaéta lalaki ngan meunang boga hiji pamajikan, kitu ogé awéwé ngan meunang boga hiji salaki. Waktu ditanya ngeunaan perkawinan, Yésus ngajawab, ”Waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe.” Yésus ogé ngomong, ”Allah nimbalan, ’Ku hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’”—Mateus 19:4, 5.

 Salah saurang murid Yésus diilhamkeun ku Allah pikeun nulis, ”Leuwih hade kawin, boga pamajikan sorangan, awewe boga salaki sorangan.” (1 Korinta 7:2) Alkitab ogé nyebutkeun yén lalaki nu boga tanggung jawab di sidang jamaah Kristen teu meunang boga pamajikan ”leuwih ti hiji”.—1 Timoteus 3:2, 12.