Pindah kana eusi

Naha Allah Boga Nami?

Naha Allah Boga Nami?

Jawaban Alkitab

 Kabéh jalma boga nami. Jadi, Allah gé pasti boga nami. Lamun hayang nyobat jeung batur, urang kudu nyaho jeung nyebut nami éta jalma. Kitu ogé lamun urang hayang nyobat jeung Allah.

 Dina Alkitab, Allah ngomong, ”Kami téh Yéhuwa. Éta nami Kami.” (Yesaya 42:8, NW) Sanajan Allah boga loba gelar saperti ”Allah Nu Maha Kawasa”, ”Gusti nu Agung”, jeung ”Nu Nyipta”, Allah hayang umat-Na nyebut Mantenna ku nami-Na.—Kajadian 17:1; Rasul 4:24, NW; 1 Petrus 4:19, NW.

 Loba tarjamahan Alkitab nyebutkeun nami Allah dina Budalan 6:3. Dina Terjemahan Dunia Baru, eusina téh kieu, ”Baheula Kami téh sok nyebut diri Kami Allah Nu Maha Kawasa basa némbongan ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub. Tapi Kami tara méré nyaho kabéh hal ngeunaan nami Kami, Yéhuwa, ka maranéhna.”

 Yéhuwa téh nami Allah dina basa Indonesia nu geus lila digunakeun. Para ahli leuwih sering nyebut nami Allah ku sebutan ”Yahwé”, tapi Yéhuwa téh nami Allah nu paling umum disebut. Bagian Alkitab nu mimiti téh henteu ditulis dina basa Indonesia, tapi dina basa Ibrani, nu dibacana ti katuhu ka kénca. Dina basa éta, nami Allah ditulis ku opat aksara, nyaéta יהוה. Dina aksara urang ayeuna, éta ditulis jadi YHWH sarta disebut Tétragramaton.