Pindah kana eusi

Naha Para Ahli Percaya yén Yésus téh Pernah Aya?

Naha Para Ahli Percaya yén Yésus téh Pernah Aya?

 Para ahli boga dasar nu kuat pikeun percaya yén Yésus téh pernah aya. Para ahli sajarah di abad kahiji jeung kadua nyieun loba référensi ngeunaan Yésus. Maranéhna nalungtik ngeunaan sajarah Yésus jeung urang Kristen di abad kahiji. Ceuk Encyclopædia Britannica édisi 2002, référensi-référensi éta ngabuktikeun yén di jaman baheula, jalma-jalma nu ngamusuhan urang Kristen gé teu pernah nyangkal sajarah ngeunaan kahirupan Yésus. Éta Encyclopædia ogé nyebutkeun yén jalma-jalma mulai ngadébatkeun aya henteuna Yésus téh dina ahir abad ka-18 nepi ka awal abad ka-20, bari jeung teu boga alesan nu jelas.

 Dina taun 2006, buku Jesus and Archaeology nyebutkeun, ”Teu aya ahli nu kasohor di jaman ayeuna nu cangcaya yén saurang lalaki Yahudi nu ngaranna Yésus putra Yusup téh pernah hirup; kalolobaan ngaku yén ayeuna urang nyaho loba hal ngeunaan nu dilakukeun jeung nu diajarkeun ku anjeunna.”

 Alkitab ngajelaskeun yén Yésus téh pribadi nu bener-bener aya. Alkitab nyatet ngaran kulawarga sarta karuhun Yésus. (Mateus 1:1; 13:55) Dina Alkitab ogé disebutkeun pajabat-pajabat nu hirup sajaman jeung Yésus. (Lukas 3:1, 2) Catetan-catetan nu rinci éta neguhkeun yén Alkitab téh ngamuat kisah nu akurat.