Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Nyadiakeun Waktu keur Batur Hirup

Nyadiakeun Waktu keur Batur Hirup

 Loba salaki jeung pamajikan tara ngobrol sanajan keur babarengan. Ku naon bisa kitu?

 Ku naon teu raket padahal sering babarengan?

  •   Kacapéan

     ”Waktu urang keur babarengan, biasana nu kacapéan téh lamun teu abdi, nya salaki abdi. Mun keur kacapéan, biasana abdi sok gancang ambek. Jadi mending urang lalajo TV wéh.”​—Anna.

  •   Sibuk teuing maén gadget

     ”Média sosial jeung hiburan nu aya dina Internét téh bisa méakkeun waktu urang. Lainna ngobrol jeung pasangan urang, urang kalah ka terus ningalian gadget wéh. Sanajan keur babarengan, karasana téh siga keur sorangan.”​—Katherine.

  •   Béda hobi

     ”Waktu balik gawé, si Akang téh sok ulukutek sorangan ku hobina. Biasana sok lila pisan. Nya mémang si Akang téh butuh waktu keur hobina, da pasti geus capé digawé sapoéan. Tapi abdi gé hayang babarengan jeung si Akang.”​—Jane.

  •   Pagawéan

     ”Ku ayana téknologi, ayeuna urang bisa digawé sanajan keur di imah bareng jeung kulawarga. Waktu keur babarengan jeung pamajikan, abdi kalah ka sok ngabales e-mail jeung chat ti batur.”​—Mark.

 Nu bisa dilakukeun

  •   Sadiakeun waktu keur batur hirup.

     Prinsip Kitab Suci: ”Mastikeun hal-hal nu leuwih penting.”​—Filipi 1:10.

     Pikirkeun: Mana nu leuwih penting keur anjeun, perkawinan atawa pagawéan jeung hobi? Naha anjeun ngobrol jeung pasangan téh lamun pas keur sempet hungkul?

     Saran: Ulah ngobrol lamun pas keur sempet hungkul. Jadwalkeun waktu husus keur babarengan sarta ngobrol jeung pasangan.

     ”Abdi resep mun si Akang nyieun rencana pikeun ngalakukeun hiji kagiatan bareng jeung abdi. Abdi téh asa dianggap penting. Karasa si Akang téh resep babarengan jeung abdi. Abdi jadi beuki nyaah ka si Akang.”​—Anna.

  •   Tong teterusan ningalian gadget.

     Prinsip Kitab Suci: ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.”​—Pandita 3:1.

     Pikirkeun: Sakumaha sering SMS atawa notifikasi tina gadget ngaganggu anjeun waktu keur babarengan jeung batur hirup?

     Saran: Pék dahar bareng jeung batur hirup, sahenteuna sakali sapoé, tapi ulah bari nyoo gadget. Lamun dahar bareng, urang jadi boga waktu keur ngobrolkeun hal-hal nu dilakukeun ku urang poé éta.

  •   Lamun bisa, pék balanja atawa lakukeun pagawéan imah babarengan.

     Prinsip Kitab Suci: ”Digawe duaan leuwih hade ti batan sorangan, leuwih babari hasil.”​—Pandita 4:9.

     Pikirkeun: Sering teu anjeun jeung pasangan balanja atawa ngalakukeun pagawéan imah sorangan-sorangan?

     Saran: Lakukeun pagawéan imah babarengan, sanajan éta bisa dilakukeun ku sorangan.

     ”Kagiatan saperti balanja, ngumbah piring, nilepan baju, jeung ngurus taman téh ulah dianggap ngan saukur pagawéan imah hungkul. Tapi, gunakeun kasempetan-kasempetan ieu keur babarengan jeung batur hirup.”​—Nina.

  •   Sing asup akal.

     Prinsip Kitab Suci: ”Tunjukkeun . . . yén aranjeun téh jalma anu daék ngéléhan.”​—Filipi 4:5.

     Pikirkeun: Dina hal naon anjeun kudu daék ngéléhan ka batur hirup?

     Saran: Pék obrolkeun kabutuhan anjeun duaan supaya bisa silih ngarti. Terus, putuskeun anjeun duaan rék kumaha supaya duanana bisa tetep bagja.

     ”Si Akang téh resep ulin, ari abdi mah babari gering. Jadi abdi ngomong ka si Akang, sok wéh mun rék ulin kaluar mah, abdi teu nanaon da cicing di imah gé. Jadi waktu abdi istirahat di imah, si Akang bisa kaluar keur olahraga. Hasilna, urang duaan ngarasa puas lantaran bisa ngalakukeun nu dipikahayang ku masing-masing.”​—Daniela.

 Nu bisa dibahas

 Mimitina, anjeun masing-masing bisa mikirkeun pananya-pananya ieu. Terus, bahas babarengan.

  •   Anjeun sering teu ngobrol sarta babarengan jeung batur hirup anjeun?

  •   Naon nu geus diupayakeun ku batur hirup anjeun pikeun babarengan jeung anjeun? Puji manéhna.

  •   Naon dipiharep ku anjeun ti batur hirup?

  •   Waktu keur ngobrol jeung batur hirup, anjeun sok bari ningalian gadget teu?

  •   Dina hal naon waé anjeun bisa asup akal ka batur hirup?

  •   Dina minggu ieu, anjeun bisa nyieun parobahan naon supaya boga leuwih loba waktu keur batur hirup?