Pindah kana eusi

BANTUAN KEUR KULAWARGA | PERKAWINAN

Carana Teu Mamawa Urusan Pagawéan ka Imah

Carana Teu Mamawa Urusan Pagawéan ka Imah

 Ku ayana kamajuan téknologi, jalma-jalma jadi bisa dikontak iraha waé. Dunungan, batur gawé, atawa batur bisnis bisa waé miharep Sadérék kudu siap ngajawab telepon atawa SMS 7x24 jam. Tapi, éta bisa nyieun Sadérék hésé ngutamakeun hal-hal nu pangpentingna dina kahirupan, kaasup ngabagi waktu antara urusan pagawéan jeung perkawinan.

 Nu kudu dipikanyaho

  •   Pagawéan jeung perkawinan bisa jadi teu saimbang ku ayana téknologi. Hasilna, urang jadi ngarasa kabéh telepon, e-mail, atawa SMS ngeunaan pagawéan téh kudu buru-buru dibales, siga seuneu nu kudu geura dipareuman.

     ”Ayeuna mah asa teu mungkin bisa nyadiakeun waktu keur kulawarga sanggeus balik digawé, sabab sakalina meunang e-mail atawa telepon ngeunaan pagawéan, urang bakal leuwih fokus kana hal éta ti batan ka batur hirup.”—Jeanette.

  •   Lamun rék saimbang dina urusan pagawéan jeung imah, Sadérék ti heula nu kudu nyieun tindakan. Lamun euweuh rencana, pagawéan bisa ngaganggu kahirupan perkawinan Sadérék.

     ”Nu biasana urang korbankeun téh pasangan urang. Soalna urang mikir, ’Ah, manéhna mah bakal ngarti, lah. Engké gé aya waktu keur duaan.’”—Holly.

 Ngutamakeun hal-hal nu pangpentingna dina kahirupan

  •   Utamakeun perkawinan Sadérék. Ceuk Kitab Suci, ”Anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa.” (Mateus 19:6) Lamun Sadérék embung perkawinan Sadérék ”dipisahkeun ku manusa”, na Sadérék daék mun perkawinan Sadérék dipisahkeun ku pagawéan?

     ”Aya batur bisnis nu hayang urang siap iraha waé, sabab urang geus dibayar ku manéhna. Tapi abdi sadar perkawinan téh nu pangpentingna, jadi abdi méré nyaho mun abdi moal bisa dikontak di luar jam digawé. Engké abdi bakal geura ngontak manéhna.”—Mark.

     Pék pikirkeun, ’Na nu urang lakukeun téh némbongkeun mun perkawinan leuwih penting ti batan pagawéan? Kumaha ceuk batur hirup abdi?’’

  •   Lamun perlu, tolak pagawéan. Ceuk Kitab Suci, ”Jalma nu handap asor mah boga hikmat.” (Siloka 11:2, Terjemahan Dunia Baru, [NW]) Lamun handap asor, Sadérék bakal sadar iraha kudu nolak pagawéanana atawa mikeun sababaraha tugas ka batur.

     ”Abdi téh tukang lédeng. Biasana mun aya nu ngadadak butuh bantuan, manéhna sok hayang buru-buru. Mun abdi teu bisa langsung datang pas dipénta, abdi méré nyaho kontak tukang lédeng séjén ka manéhna.”—Christopher.

     Pék pikirkeun, ’Na abdi daék nolak pagawéan lamun éta bisa méakkeun waktu nu sakuduna dipaké jeung batur hirup? Kumaha ceuk batur hirup abdi?’

  •   Sadiakeun waktu keur babarengan. Ceuk Kitab Suci, ”Sagala perkara di dunya aya waktuna.” (Pandita 3:1) Justru pas keur sibuk-sibukna, urang kudu nyadiakeun waktu jeung batur hirup.

     ”Biasana pas keur loba pagawéan, urang nyadiakeun waktu keur duaan, sanajan éta ngan dahar bareng atawa leuleumpangan di basisir.”—Deborah.

     Pék pikirkeun, ’Na abdi sok netepkeun jadwal supaya boga waktu husus jeung batur hirup? Kumaha ceuk batur hirup abdi?’

  •   Pareuman alat éléktronik. Ceuk Kitab Suci, ”Supaya terang ka anu panghadena.” (Pilipi 1:10) Na Sadérék bisa mareuman alat eléktronik supaya teu kaganggu ku telepon atawa SMS nu aya patalina jeung pagawéan?

     ”Abdi geus bener-bener upaya sangkan teu digawé di luar jam gawé. Sanggeus bérés digawé, abdi mareuman notifikasi dina HP.”—Jeremy.

     Pék pikirkeun, ’Na abdi ngarasa kudu terus ngecék HP, bisi dunungan atawa batur bisnis bakal nelepon abdi? Kumaha ceuk batur hirup abdi?’

  •   Sing bisa nyaluyukeun diri. Ceuk Kitab Suci, ”Sing asup akal ka kabéh jalma.” (Pilipi 4:5, NW) Kanyataanana, pagawéan bisa ngaganggu perkawinan. Misalna, jinis pagawéan batur hirup Sadérék téh nungtut manéhna kudu bisa dikontak di luar jam gawé. Jadi sing asup akal, ulah nungtut teuing kana waktu pasangan Sadérék.

     ”Salaki abdi boga bisnis leutik, jadi sok aya hal penting nu kudu digawékeun sanggeus jam digawé. Kadang-kadang abdi keuheul, tapi ku sabab geus aya jadwal keur babarengan, abdi jadi teu pati keuheul.”—Beverly.

     Pék pikirkeun, ’Waktu pasangan abdi boga loba pagawéan, na abdi asup akal, henteu nungtut teuing waktuna? Kumaha ceuk batur hirup abdi?’

 Nu bisa dibahas

 Mimitina, Sadérék masing-masing bisa mikirkeun pananya-pananya ieu. Tuluy sanggeusna bahas babarengan.

  •   Na batur hirup Sadérék pernah protés waktu Sadérék mawa urusan pagawéan ka imah? Lamun pernah, na Sadérék satuju jeung manéhna?

  •   Hal naon nu bisa Sadérék tingkatkeun sangkan bisa ngabagi waktu antara pagawéan jeung kahirupan kulawarga?

  •   Na Sadérék ngarasa lamun batur hirup sok mamawa urusan pagawéan ka imah? Lamun enya, iraha?

  •   Lamun aya, parobahan naon waé nu hayang Sadérék tingali ti batur hirup Sadérék?