Pindah kana eusi

PÉK CONTO IMAN MARANÉHNA | MIRYAM

”Urang Ngarawih, Muji ka PANGERAN”!

”Urang Ngarawih, Muji ka PANGERAN”!

 Budak awéwé éta nyumput di tukangeun jujukutan nu jarangkung bari ngintip ka hiji tempat. Manéhna deg-degan pisan. Harita, cai Walungan Nil téh keur teu tarik. Geus lila manéhna nungguan jeung ningalikeun. Aya serangga hiber gé jongjon wé manéhna mah. Manéhna ningalikeun karanjang nu teu tembus ku cai. Di jerona aya adi lalakina nu orok kénéh. Manéhna sedih, karunyaeun ka adina nu sorangan jeung teu bisa nanaon. Tapi, manéhna apal kolotna geus ngalakukeun nu bener. Éta téh hiji-hijina cara supaya adina bisa salamet.

 Budak awéwé éta mani wani pisan. Tapi, sakeudeung deui manéhna bakal nunjukkeun kawani nu leuwih gedé deui. Sanajan leutik kénéh, manéhna geus boga iman nu kuat ka Allah. Imanna bakal kabukti dina kajadian saterusna. Éta bakal bener-bener ngarobah kahirupanna. Puluhan taun sanggeusna gé, pas geus kolot, manéhna bakal tabah waktu bangsana nyanghareupan kaayaan nu pangbeuratna lantaran manéhna boga iman. Imanna gé bakal nguatkeun manéhna waktu nyieun kasalahan nu parah. Saha budak awéwé éta téh? Urang bisa diajar naon tina imanna?

Miryam téh Anak ti Gandék

 Mémang, Alkitab teu nyebutkeun saha ngaran éta budak, tapi urang bisa nyaho éta téh saha. Budak awéwé éta téh Miryam, anak panggedéna ti Amram jeung Yokébéd. Maranéhna téh urang Ibrani nu jadi gandék di Mesir. (Bilangan 26:59) Adi lalakina nu aya dina karanjang tadi téh engkéna dingaranan Musa. Éta orok boga lanceuk lalaki nu harita umurna kira-kira 3 taun, ngaranna Harun. Mémang urang teu nyaho harita Miryam umur sabaraha, tapi katingalina mah teu leuwih ti sapuluh taun.

 Miryam hirup pas bangsana aya dina kaayaan susah. Urang Mesir nganggap bangsana Miryam téh ancaman, jadi urang Ibrani diperbudak jeung ditindes ku urang Mesir. Tapi, urang Ibrani tahan dikitukeun jeung kalah ka beuki ngalobaan. Urang Mesir beuki sieun jeung beuki kejem ka maranéhna. Piraon méré paréntah supaya kabéh orok lalaki Ibrani dipaéhan pas borojol. Pasti Miryam nyaho ngeunaan dua bidan nu ngaranna Sipra jeung Pua nu boga iman ka Allah. Maranéhna susulumputan nyalametkeun orok-orok lalaki Ibrani.—Budalan 1:8-22.

 Miryam gé ningali kolotna boga iman ka Allah. Sanggeus adi bungsuna borojol, Amram jeung Yokébéd nyumputkeun éta orok salila tilu bulan. Maranéhna teu sieun ka Piraon jeung terus ngalindungan orokna. (Ibrani 11:23) Tapi, maranéhna teu bisa teterusan nyumputkeun éta orok. Sakeudeung deui, maranéhna kudu nyieun putusan nu beurat pisan. Yokébéd apal manéhna kudu nyimpen éta orok di tempat nu aman supaya engkéna bisa kapanggih ku jalma nu bisa ngalindungan jeung ngagedékeun éta orok. Pasti Yokébéd teterusan ngadoa waktu manéhna nyieun karanjang nu dibalur ku aspal jeung tér ngarah teu asup cai jeung waktu orokna dipalidkeun ka Walungan Nil! Katingalina, manéhna nitah Miryam pikeun ngadagoan jeung ngawaskeun naon nu bakal kajadian.—Budalan 2:1-4.

Miryam Nyalametkeun Adina

 Jadi, Miryam ngadagoan. Ari pék téh, aya sababaraha awéwé datang. Maranéhna téh urang Mesir, tapi lain jalma biasa. Nu datang téh putri Piraon jeung palayan-palayanna. Maranéhna rék mandi di Walungan Nil. Meureun Miryam hariwang pisan. Bisa jadi, manéhna mikir putri Piraon mah moal mungkin ngalanggar paréntah bapana sorangan jeung ngantep éta orok tetep hirup. Harita, Miryam pasti ngadoa enya-enya.

 Terus, putri Piraon ningali aya karanjang di deukeut jujukutan. Jadi, manéhna nitah palayanna nyokot éta karanjang. Terus, Alkitab nyebutkeun éta karanjang ”dibuka, eusina orok. Orok teh gogoaran”. Putri Piraon langsung engeuh, aya saurang ibu Ibrani nu hayang anakna salamet. Manéhna karunyaeun ningali éta orok. (Budalan 2:5, 6) Tina rarayna, Miryam yakin éta putri hayang nulungan adina. Miryam nyaho, ayeuna waktuna ngandelkeun Yéhuwa. Manéhna wani nyampeurkeun putri Piraon jeung palayan-palayanna.

 Urang teu apal naon nu biasana kaalaman ku saurang gandék Ibrani mun manéhna wawanianan nyampeurkeun jeung ngomong ka anggota karajaan. Tapi, Miryam langsung nanya ka putri Piraon, ”Kumaha upama ku abdi dipangmilariankeun awewe urang Ibrani anu nuju nyusuan?” Éta téh pananya nu cocog pisan, da Putri Piraon teu bisa nyusuan éta orok. Meureun manéhna gé ngarasa leuwih cocog mun éta orok disusuan ku urang Ibrani. Engké pas geus rada gedé, éta orok bisa dikukut, diasuh, jeung dididik ku manéhna. Pasti Miryam bungah pisan waktu putri Piraon ngomong, ”Enya, jig.”—Budalan 2:7, 8.

Miryam wani ngawaskeun adina nu orok kénéh

 Miryam buru-buru lumpat ka imahna, nyampeurkeun kolotna nu keur hariwang. Bayangkeun, kumaha hébohna Miryam nyaritakeun kajadian éta ka indungna. Yokébéd yakin ieu téh jalan ti Yéhuwa. Jadi, Miryam jeung Yokébéd balik deui ka putri Piraon. Yokébéd pasti bungah jeung plong pisan. Tapi, manéhna nyumputkeun parasaan éta pas putri Piraon nitah, ”Pangnyusuankeun ieu orok, engke ku kami digajih.”—Budalan 2:9.

 Poé éta, Miryam diajar loba hal ngeunaan Allahna, Yéhuwa. Yéhuwa téh paduli jeung ngadéngékeun doa-doa ti umat-Na. Manéhna gé diajar, nu bisa wani jeung boga iman téh teu ngan jalma déwasa atawa lalaki wungkul. Yéhuwa ngadéngékeun doa kabéh umat-Na nu satia. (Jabur 65:3) Urang gé kudu inget kana hal ieu waktu nyanghareupan kasusah, teu sual urang ngora atawa kolot, lalaki atawa awéwé.

Miryam téh Ceuceu nu Sabar

 Yokébéd nyusuan jeung ngurus orokna. Miryam pasti nyaah pisan ka adina. Meureun Miryam gé milu ngajarkeun adina ngomong. Terus, pas mimiti adina nyebutkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa, Miryam pasti atoh pisan. Tapi pas adina geus rada gedé, adina kudu diserahkeun ka putri Piraon. (Budalan 2:10) Pasti kulawargana sedih pisan lantaran kudu papisah jeung éta budak. Miryam gé panasaran, engké adina nu dibéré ngaran Musa ku putri Piraon bakal jadi jalma nu jiga kumaha? Na manéhna bakal tetep nyaah ka Yéhuwa najan digedékeun di lingkungan karajaan Mesir?

 Dina waktuna, kahariwangan Miryam kajawab. Sanggeus gedé, adina milih keur tetep satia ka Yéhuwa ti batan hirup senang di istana Piraon. Waktu umur 40 taun, Musa ngabéla jalma sabangsana. Manéhna maéhan urang Mesir nu nyiksa gandék Ibrani. Tapi lantaran sieun dipaéhan, Musa kabur ninggalkeun Mesir.—Budalan 2:11-16; Rasul 7:23-29; Ibrani 11:24-26.

 Meureun Miryam geus teu ngadéngé kabar ti Musa salila 40 taun, sabab Musa geus cicing di tempat nu jauh, nyaéta di Midian. Di ditu, Musa jadi pangangon. (Budalan 3:1; Rasul 7:29, 30) Ayeuna Miryam geus kolot. Manéhna ningali, beuki lila bangsana téh beuki sangsara.

Miryam Sang Nabiah

 Katingalina Miryam geus umur 80-an pas Musa balik, diutus ku Allah keur nyalametkeun umat-Na. Harita, Harun jadi juruwicarana Musa. Musa jeung Harun nyampeurkeun Piraon, ménta supaya umat Allah diidinan indit. Pasti Miryam ngadukung jeung nguatkeun dua adina ieu. Harita, Piraon teu ngawaro maranéhna, jadi Musa jeung Harun kudu bolak-balik ka Piraon basa Yéhuwa méré sapuluh hukuman pikeun jadi paringetan ka urang Mesir. Tapi pas Yéhuwa méré hukuman nu pangahirna, nyaéta maéhan kabéh putra cikal lalaki di Mesir, ahirna bangsa Israil diidinan kaluar ti Mesir! Miryam pasti teu eureun-eureun ngadukung Musa mingpin bangsa Israil kaluar ti Mesir.—Budalan 4:14-16, 27-31; 7:1–12:51.

 Teu lila, basa urang Israil kajebak di antara Laut Beureum jeung pasukan Mesir, Miryam ningali Musa nangtung di hareupeun laut bari ngacungkeun iteukna. Ujug-ujug laut kabeulah dua! Waktu Musa nungtun bangsa Israil meuntasan laut, pasti Miryam jadi boga iman nu kuat pisan. Allah nu disembah ku manéhna téh Allah nu bisa ngalakukeun sagalana sarta nedunan kabéh jangji-Na.—Budalan 14:1-31.

 Sanggeus kabéh urang Israil meuntas, cai laut ngalingkup deui. Piraon jeung pasukanna tilelep kabéh! Miryam ningali Yéhuwa téh leuwih kuat ti batan pasukan nu panghébatna di bumi. Jalma-jalma jadi harayang ngawih muji Yéhuwa. Ku kituna, Miryam ngajak para awéwé ngawih kieu, ”Urang ngarawih, muji ka PANGERAN, anu geus unggul kalawan pinunjul. Pasukan kuda musuh reujeung anu tarumpakna ku Mantenna dikunclungkeun ka sagara.”—Budalan 15:20, 21; Jabur 136:15.

Sanggeus meuntas Laut Beureum, Miryam dibingbing ku Allah pikeun ngajak awéwé-awéwé Israil ngawih

 Éta téh pangalaman nu luar biasa pisan keur Miryam. Manéhna pasti moal bisa poho kana kajadian éta. Harita, Miryam disebut nabiah dina Alkitab. Miryam téh awéwé kahiji nu disebut nabiah. Manéhna téh hiji ti saeutik awéwé nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi nabiah.—Hakim 4:4; 2 Raja 22:14; Yesaya 8:3; Lukas 2:36, 37.

 Alkitab ngingetan urang, Yéhuwa merhatikeun urang sarta ngaberkahan jalma-jalma nu rendah haté, sabar, jeung hayang muji Mantenna. Teu sual urang ngora kénéh atawa geus kolot, lalaki atawa awéwé, urang bisa boga iman ka Yéhuwa. Iman jiga kitu téh nyenangkeun jeung moal dipopohokeun ku Mantenna. Yéhuwa gé bakal ngaberkahan urang. (Ibrani 6:10; 11:6) Urang pasti hayang nyonto iman Miryam!

Miryam Embung Kaéléhkeun

 Tugas jeung kadudukan nu istiméwa téh mangrupakeun berkah. Tapi, aya bahayana ogé. Waktu bangsa Israil bébas tina perbudakan, katingalina Miryam téh jadi awéwé nu paling kasohor. Na manéhna jadi sombong jeung hayang dihormat? (Siloka 16:18) Hanjakalna, manéhna sempet kitu.

 Sababaraha bulan sanggeus bangsa Israil kaluar ti Mesir, Musa kadatangan tamu ti jauh. Tamuna téh nyaéta Yitro, mitohana. Yitro datang bareng jeung pamajikanna Musa, nyaéta Sipora, jeung dua budak lalakina Musa. Musa nikah jeung Sipora pas manéhna aya di Midian salila 40 taun. Saacanna, Sipora balik heula ka Midian, meureun rék nganjangan kulawargana. Ayeuna, Yitro mawa Sipora jeung barudakna ka pasanggrahan Israil. (Budalan 18:1-5) Urang Ibrani pasti panasaran pisan. Maranéhna hayang ningali jiga kumaha pamajikan ti jalma nu dipilih ku Yéhuwa keur mingpin bangsa Israil kaluar ti Mesir.

 Na Miryam atoh pas Sipora datang? Meureun mimitina mah enya. Tapi, lila-lila manéhna jadi sirik. Miryam mulai ngarasa kasaingan. Manéhna sieuneun mun Sipora jadi leuwih kasohor ti batan manéhna. Jadi, Miryam jeung Harun mulai ngomongkeun nu goréng ngeunaan Sipora. Teu héran mun lila-lila omongan maranéhna téh beuki jahat. Mimitina mah maranéhna ngagogoréng Sipora lantaran manéhna urang Kus a, lain urang Israil. Tapi ka dieunakeun, maranéhna jadi kukulutus ngeunaan Musa. Maranéhna ngomong, ”Naha ngan [Musa] bae anu ku PANGERAN dianggo jalan ngandika teh? Ari ka urang tara ngandika, kitu?”—Bilangan 12:1, 2.

Miryam Keuna Panyakit Lépra

 Tina kekecapan maranéhna, urang bisa ningali Harun jeung Miryam téh ngantep sipat goréng terus aya di jero haténa. Maranéhna teu resep Yéhuwa ngagunakeun Musa lantaran maranéhna gé hayang boga wewenang jeung kadudukan nu luhur. Na maranéhna jiga kitu téh lantaran Musa sangeunahna ngagunakeun wewenang jeung hayang dihormat? Musa mémang teu sampurna jeung boga kalemahan, tapi Musa teu sombong jeung teu hayang jadi jalma nu kahormat. Ceuk Alkitab, ”Ari Musa tabeatna rendah manah, taya tandingna di sadunya anu rendah manah kawas anjeunna”. Miryam jeung Harun geus kaliwatan, éta téh bahaya. Alkitab nyebutkeun, ”Kasauran aranjeunna kadangu ku PANGERAN”.—Bilangan 12:2, 3.

 Ujug-ujug Yéhuwa ngageroan tilu adi lanceuk éta pikeun ngumpul di kémah tepangan. Tihang méga eunteup di luhureun lawang kémah. Éta ngalambangkeun Yéhuwa keur aya di ditu. Terus, Yéhuwa ngomong ka maranéhna. Yéhuwa negor Miryam jeung Harun, ngingetan yén Mantenna boga hubungan nu istiméwa jeung percaya pisan ka Musa. Terus Yéhuwa ngomong, ”Maraneh nepi ka wani campelak kitu ngagogoreng ka Musa, ka abdi Kami?” Miryam jeung Harun pasti sieuneun. Yéhuwa nganggap maranéhna geus teu hormat ka Mantenna lantaran maranéhna teu hormat ka Musa.—Bilangan 12:4-8.

 Jigana Miryam nu jadi gegedugna, ngajak Harun ngalawan adi beuteungna. Éta sababna Miryam nu dihukum ku Yéhuwa ku panyakit lépra. Kulitna ”mani ngeplak bodas kawas salju”. Harun langsung ngarendahkeun diri sarta ménta Musa ngomong ka Yéhuwa pikeun ngahampura maranéhna. Ceuk Harun, ”Rumaos di kabodoan parantos midamel dosa.” Musa nu lemah lembut ménta ka Yéhuwa, ”Nun Allah, mugi ieu pun dulur dicageurkeun!” (Bilangan 12:9-13) Harun jeung Musa sedih pisan ningali Miryam keuna lépra. Maranéhna hayang Miryam dicageurkeun. Éta nunjukkeun sanajan Miryam boga salah, Harun jeung Musa nyaah pisan ka manéhna.

Miryam Dicageurkeun

 Yéhuwa ngahampura Miryam nu tobat. Miryam dicageurkeun ku Mantenna. Tapi, Miryam tetep kudu dipencilkeun salila tujuh poé di luar kémah urang Israil. Supaya bisa taat kana paréntah ieu, Miryam pasti kudu rendah haté pisan. Ayeuna, sakabéh bangsa Israil apal manéhna téh geus dibéré disiplin ku Yéhuwa. Tapi, imanna nyalametkeun manéhna. Di jero haté, Miryam yakin Bapa Yéhuwa téh adil jeung méré disiplin lantaran nyaah ka manéhna. Jadi, Miryam nurut jeung ngalakukeun nu sakumaha mistina. Tujuh poé geus liwat, bangsa Israil can pindah kémah, ngadagoan manéhna balik. Miryam nunjukkeun deui imanna. Ayeuna, manéhna rendah haté daék ngadagoan nepi ka manéhna meunang balik deui ka bangsana.—Bilangan 12:14, 15.

 Yéhuwa méré disiplin ka jalma-jalma nu dipikanyaah ku Mantenna. (Ibrani 12:5, 6) Lantaran nyaah ka Miryam, Yéhuwa negor manéhna supaya teu sirik deui. Mémang éta téh peurih, tapi éta nu nyalametkeun Miryam. Lantaran rendah haté daék narima disiplin, Miryam bisa dipikaresep deui ku Allah. Manéhna maot pas bangsa Israil geus téréh anggeus ngumbara di gurun keusik. Manéhna maot di Kadés, di Gurun Sin, waktu umurna ampir 130 taun. b (Bilangan 20:1) Ratusan taun sanggeusna, Yéhuwa masih inget kana kasatiaan Miryam. Liwat nabi Mika, Yéhuwa ngingetan umat-Na, ”[Kami] ngajait ti tempat maraneh dijadikeun jalma beulian; Kami geus ngutus Musa, Harun jeung Miryam sangkan nungtun ka maraneh.”—Mika 6:4.

Lantaran boga iman, Miryam rendah haté daék narima disiplin ti Yéhuwa

 Urang bisa diajar loba hal tina kahirupan Miryam. Urang kudu ngalindungan jalma-jalma nu teu walakaya jeung ngabéla naon nu bener, jiga nu dilakukeun ku Miryam pas manéhna leutik kénéh. (Yakobus 1:27) Jiga Miryam, urang kudu resep ngajarkeun warta ti Allah ka batur. (Rum 10:15) Terus, urang gé kudu nyingkirkeun sipat sirik jeung dengki tina haté urang. (Siloka 14:30) Salian ti éta, urang gé kudu rendah haté pas dibéré disiplin ku Yéhuwa. (Ibrani 12:5) Ku ngalakukeun hal-hal éta, urang bisa bener-bener nyonto iman Miryam.

a Ngeunaan Sipora, kecap ”urang Kus” téh katingalina nunjukkeun yén jiga urang Midian, manéhna asalna ti Arab, lain ti Étiopia.

b Tilu adi lanceuk ieu maot dina waktu sataun. Nu maot téh Miryam heula, terus Harun, kakara Musa, saperti urutan dilahirkeunana.