Pindah kana eusi

Manéhna Diajar ti Para Tahanan

Manéhna Diajar ti Para Tahanan

 Saurang lalaki ti Eritrea ngungsi ka Norwegia dina taun 2011. Waktu didatangan ku Saksi-Saksi Yéhuwa, éta lalaki ngomong yén manéhna geus pernah panggih jeung Saksi di lemburna. Manéhna nyarita yén baheula pernah ngagabung jeung militér di Eritrea. Di ditu, manéhna ningali yén Saksi-Saksi dipanjara lantaran nolak dines militér. Sanajan geus dikasaran gé, maranéhna tetep nolak lantaran imanna.

 Ku lantaran hiji kajadian, éta lalaki ditéwak jeung dijebloskeun ka panjara. Di panjara éta aya tilu Saksi Yéhuwa, nyaéta Paulos Eyasu, Negede Teklemariam, jeung Isaac Mogos nu ditahan lantaran imanna ti saprak taun 1994.

 Waktu di panjara, lalaki ieu ningali sorangan kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa hirup luyu jeung naon nu diajarkeun ku maranéhna. Lalaki ieu merhatikeun yén maranéhna téh jujur, malahan sok ngabagi dahareunana ka tahanan-tahanan séjén. Lalaki ieu ogé ningali, Saksi-Saksi Yéhuwa di éta panjara sok diajar Alkitab babarengan unggal poé sarta ngajak batur diajar ogé. Waktu Saksi-Saksi ditawaran pikeun bébas, asal nanda tangan surat nu eusina moal bakal ibadah deui ka Yéhuwa, ku maranéhna ditolak.

 Kajadian ieu nanceb dina haté éta lalaki. Tuluy sanggeus cicing di Norwegia, manéhna hayang paham ku naon iman Saksi-Saksi Yéhuwa téh kuat pisan. Ku kituna, waktu Saksi-Saksi papanggih jeung manéhna, manéhna langsung diajar Alkitab jeung datang ka pasamoan.

 Dina Séptémber 2018, lalaki ieu dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa. Ayeuna, manéhna ngagunakeun unggal kasempetan pikeun manggihan jalma-jalma ti Eritrea jeung Sudan, ngajurung maranéhna pikeun diajar Alkitab supaya boga iman nu kuat.