Pindah kana eusi

Perjalanan ka Walungan Maroni

Perjalanan ka Walungan Maroni

 Jalma-jalma ti rupa-rupa sélér, basa, jeung bangsa, hirup di hutan hujan Amazon di Amerika Selatan. Maranéhna jauh ti kahirupan kota nu sibuk. Dina bulan Juli 2017, sakelompok Saksi Yéhuwa nu jumlahna 13 jalma nyieun rencana pikeun indit ka Walungan Maroni jeung ka cagak walungan di beulah wétan Guyana Prancis. Naon tujuanana? Maranéhna rék nepikeun harepan tina Alkitab ka jalma-jalma di sapanjang walungan.

Siap-Siap Rék Ngayakeun Perjalanan

 Éta perjalanan diayakeun salila 12 poé. Sabulan saacanna, kabéh nu miluan éta perjalanan datang ka rapat. Ceuk Winsley, ”Urang diajar ngeunaan daérah jeung sajarahna. Urang ogé mikirkeun kumaha carana nyiapkeun diri keur éta perjalanan.” Unggal jalma dibéré wadah tahan cai pikeun nyimpen tempat saré nu bisa digantung jeung kulambu. Maranéhna kudu dua kali naék pesawat tuluy mangjam-jam numpak parahu leutik.

Claude jeung Lisette.

 Kumaha parasaan sadérék-sadérék nu diondang? Claude jeung Lisette nu umurna geus 60-an langsung daék waktu narima ondangan. Ceuk Claude, ”Abdi bungah pisan, tapi rada hariwang ogé. Cenah mah, cai walungan di ditu ngocorna tarik pisan.” Ari Lisette mah hariwang kana hal séjén, ”Kumaha nya, abdi teu bisa ngomong basa Amerindian.”

 Sadérék séjén nu ngaranna Mickaël boga parasaan nu sarua. Ceuk manéhna, ”Urang teu pati apal urang Wayana téh siga kumaha, jadi abdi diajar sababaraha kecap jeung carana ngucapkeun salam maké basa maranéhna tina Internét.”

 Shirley nu indit jeung salakina, Johann, nyieun daptar basa naon waé nu digunakeun ku jalma-jalma di sapanjang éta walungan. Ceuk Shirley, ”Abdi duaan nga-download vidéo-vidéo ti jw.org dina basa-basa éta jeung néangan buku istilah saderhana dina basa Wayana.”

Nepi di Daérah Urang Amerindian

 Dina poé Salasa tanggal 4 Juli, éta kelompok numpak pesawat ti Saint-Laurent du Maroni ka Maripasoula, kota leutik nu mencil di Guyana Prancis.

 Opat poé sanggeusna, maranéhna ngawawar ka penduduk désa di sapanjang cagak Walungan Maroni beulah luhur, bari numpak parahu leutik nu aya mesinna. Ceuk Roland, salah sahiji anggota kelompok, ”Urang Amerindian di ditu téh bener-bener minat kana topik Alkitab. Maranéhna loba tatanya sarta aya nu hayang diajar Alkitab jeung urang.”

 Di hiji désa, Johann jeung Shirley panggih jeung hiji pasangan ngora. Aya salah saurang dulurna nu kakara maéhan manéh. Ceuk Johann, ”Urang nyetélkeun vidéo Penduduk Asli Amerika yang Menemukan Pencipta a. Maranéhna resepeun pisan, tuluy méré alamat e-mail supaya bisa terus komunikasi jeung urang.”

 Daérah girang walungan paling jauh nu diwawaran téh nyaéta Antécume Pata. Di ditu, kapala désana ngidinan para Saksi anu geus capé pikeun ngagantungkeun tempat saré di tempat umum. Maranéhna gé mandi di walungan siga jalma-jalma di ditu.

 Tuluy maranéhna indit ka désa Twenké. Di ditu jalma-jalma keur saredih lantaran aya nu ngantunkeun. Ceuk Éric, salah saurang sadérék nu ngatur éta perjalanan, ”’Priya nu Agung’, kapala kaomna, ngidinan urang ngawawar di éta désa pikeun ngalilipur jalma-jalma nu keur saredih. Manéhna jeung kulawargana resepeun pisan kana ayat nu dibacakeun tina Alkitab basa Wayana. Urang ogé nyetélkeun vidéo ngeunaan jangji pihudangeunana nu maot tina Alkitab.”

Ngajugjug Grand-Santi jeung Apatou

 Perjalanan saterusna méakkeun waktu satengah jam. Maranéhna numpak pesawat ka daérah hilir walungan, ti Maripasoula ka kota leutik Grand-Santi. Dina poé Salasa jeung Rebo, sadérék-sadérék nepikeun warta Alkitab ka jalma-jalma di ditu. Dina poé Kemis, para Saksi neruskeun perjalanan salila lima satengah jam ngaliwatan Walungan Maroni ka désa Apatou.

Walungan Maroni jeung hutan hujan Amazon nu aya di antara Maripasoula jeung Grand-Santi

 Sapoé saacan perjalananana anggeusan, éta kelompok datang ka hiji désa nu aya di leuweung daérah Maroons. Pendudukna téh turunan budak Afrika nu dibawa ka Amerika Selatan waktu Suriname keur dijajah. Para Saksi ngondang jalma-jalma pikeun ngumpul jeung ngabahas Alkitab dina ténda gedé nu disiapkeun di tengah leuweung. Ceuk Claude, ”Urang bungah pisan lantaran loba jalma daratang. Padahal maranéhna kakara diondang isuk-isuk dina poé éta kénéh!” Karsten, nu kakara miluan perjalanan ka daérah nu mencil, nepikeun hutbah dina basa Aukan nu judulna, ”Naha Hirup téh Ngan Kieu-Kieu Waé?” Aya 91 jalma ti sababaraha désa nu datang ka acara ieu.

”Urang Siap Miluan Deui!”

 Ahirna, para Saksi nu miluan perjalanan baralik deui ka Saint-Laurent du Maroni. Maranéhna gumbira pisan lantaran jalma-jalma di ditu loba nu ngahargaan sarta daék narima loba pisan publikasi jeung nongton puluhan vidéo ti Saksi-Saksi Yéhuwa.

 Ceuk Lisette, ”Abdi gumbira pisan miluan éta perjalanan, nepi ka teu bisa diungkabkeun ku kekecapan.” Cindy gé satujueun, ”Abdi ngarep-ngarep pisan bisa miluan deui. Anjeun kudu miluan supaya bisa ngarasakeun sorangan sakumaha bungahna!”

 Lantaran resep, aya sadérék-sadérék nu hayang balik deui ka ditu. Ceuk Mickaël, ”Urang siap miluan deui!” Winsley mah pindah ka Saint-Laurent du Maroni. Claude jeung Lisette nu umurna geus 60-an gé mutuskeun pikeun pindah ka Apatou.

a Aya dina JW Broadcasting®.